uaduq

Fiksi Mini

Ieu kumpulan fiksi mini (fikmin) jieunan kuring, nu dikirim ka Grup Fikmin Basa Sunda (FBS) di Facebook.

Fikmin téh, nyutat sagemblengna tina pedaran dina kaca éta grup, “kawitna tina kecap mini-fiction, nu ngawitan hirup di Amérika Latin, abad 20 kamari. Borges, Cortázar, sareng Montérroso, di antawis pangarang kawéntar nu kasebat ngawitan nyerat fiksi mini kalayan daria, bari waktu trétna mah panginten, teu ieuh mikiran istilah fiksimini.

Kiwari, fiksimini jadi kacapangan, utamina saparantos aya jejaring sosial twitter sareng facebook, nu memang ngawatesanan jumlah hurup atawa karakter tulisan nu diposting dina tweets atanapi status. Malih kapan, parantos aya fiksimini nu medal dina wanda buku, dimuat dina majalah sastra, sareng ngawitan ditalungtik ku kalangan akademisi di sababaraha paguron luhur di mancanagara.

Fiksimini dina Basa Sunda mah can pati hirup, malah can réa nu nulisna gé. Sok sanajan sabenerna, wujud fiksimini teh boa teu jauh jeung dongéng pondok nu tatalépa sacara lisan ti keur jaman kolot urang baheula. Dina ieu grup, mugia waé fiksimini teh tiasa janten média éksprési urang, dina nembrakkeun kanyaah kana basa indung urang, Basa Sunda.”

Hatur lumayan, tamba gado ngaburayot téa. Nyanggakeun.

uaduq!

#83. Nulad

“Oa…. oa… oa…”. Abdi lapar. Panonpoé sakedap deui aya di luhureun taar. Ngadangu abdi nangis katingal mamah muka sléting kantongna. Nyandak bungkusan kuéh mari. Katingal kuéhna kantun hiji, sésa emam abdi ti énjing tadi. “Cep.. cep… cep. Kasép lapar nya? Aaa… emam kuéh nya,” Abdi nyalangap. Si Mamah ngahuapkeun potongan kuéh. Kuéh dicapék. Énak. Amis. Kuéh téh sakedap gé séép. Patuangan tos teu karaos lapar deui. Katingal palastik bungkus mari téh ku si Mamah dikeupeul-keupeul. Teras, lung waé dialungkeun ka jalan. Liwat jandéla mobil Papah nu teras lumpat.

#82. Pareum Mercusuar

Akuy lila icing di kota. Lemburna, di suku Gunung Halimunan, geus tara ditéang. Lembur nu nganti cau, melak jantung téa. Dipelakan cabé jeung bonténg, ukur bati bandar. Malik ngadaharan.

Ngan, harepan nu kungsi katingali gumubyar ukur ngamercusuar keur Akuy. Pangumbaraan salawasna meredong, taya cicika hiji-hiji acan. Gawé ukur sakasampeurna. Mony, pamajikanna, ngilu tihothat mantuan. Sacabakna. Pikarakacakeun. Beuki karasa basa bati beuki rendey. Ngontrak imah, sakamar, anyar wasa dibayar bulanan. Bari reremenna elat. Imah jero gang badug, patétéép, jeung bau kolombéran. Beuki dieu beuki heureut. Beuki hangru. Eungap! Eungap mamawa kalangkang. “Balik waé kitu? Di lembur, hayang pucuk hui waé mah, teu kudu ka pasar pan.”

Karak bérés ngalamun kitu, hapé, nu lila teu ngambeu pulsa, ngowowong. Pangceu, sobat nu ngajodo ka Umang, randa anak hiji pangbeungharna salembur, ngawénéhan. Hariweusweus. Semu lewa-lewé. “Halow, Kuy! Cilaka lembur cikénéh ngahiang. Kaurug. Jadi dadasar vila, nu lila ngaranjah punclut Halimunan.”

Munara mercusuar rungkad saharita.

#81. Timburu Jandéla Ka Hujan

Jandéla. Haténa bungangang. Ningal susukan uumpalan. Pinuh cileuncang. Lecek. Nyaah. Séah. “Runtah, geura sayaga, cegat ku didinya, ulah nepi ka liwat!” Cileuncang tambah pohara. Mancal susukan. Lébér. Meuntas jalan aspal. Norobos pager. Ngeueum paléster buruan. Sakotéap geus noél panto-panto. “Ah, ari terus dipapaksa mah, anjeun teu burung datang, Jungjunan!” Jandéla mani haroshos.

#80. Nabi di Warung Kopi

“Sun, geuning nabi Ibrohim téh urang Sunda euy.”

“Ah, wadul sia mah, Wa.”

“Bener, Sun. Titingalna anyar kapanggih di Bojongménjé. Jeung cek aing mah asup akal pisan éta téh.”

“Asup akal kumaha ari sia?”

“Enya, pan basa taun 2010 kamari, aya nu nyebut, nabi Sulaéman téh urang Jogja. Jadi asup akal mun nabi Ibrohim urang Bojongménjé téh.”

“Hahaha, aya-aya waé sia mah. Wa, cek cenah nabi téh diturunkeun di tengah kaum nu kalapir siah.”

“Oh kitu? Pantesan atuh loba nabi urang Yahudi nya?”

#79. Ati-ati

Ati-ati! Polisi isukan rék ngayakeun rajia gabungan.

#78. Berséka

Hudang saacan adan subuh. Laju ka buruan, ngosrék nyapuan kalakay nu sapeupeuting maruragan. Dicaangan bulan jeung lampu tepas. Kalakay ngumpul disérokan, diasupkeun kana tolombong wadah runtah. Késang tangka ngoprot. Ngong masigit adan. Gura-giru mandi. Saawak-awak diruru ku budah sabun. Teu poho kuramas jeung ngosok huntu. Rérés mandi rap pakéan meunang nyeuseuh dilicin. Laju dikécrétan parpeum pangondang widadari. Seungit melenghir. Cong salat. Awéh salam, dekul ngawirid. Husu naker, carinakdak, nu ka tukang-tukang bruh-bréh. Teu karasa, sumirat sarangéngé nyélékét tina sesela kaca jandéla nu teu katutup hordéng. Muragkeun sérab kana kongkolakan. Keureuceum. Kuniang. Rérégan hordéng digésér, blak muka jandéla. Hiliwir haneut nembag awak. Sajadah geus ditilepan. Muru deui buruan. Regeyeng tolombong runtah dibawa ka pipir, meuntas buruan, anjog ka sisi walungan. Tolombong ditonggéngkeun. Burusut. Kalakay satolombong ngajarian. Sawaréh kabawa palid cai walungan. Ngangkleung ka hilirkeun. Mamapay bantaran. Aya nu nyangsang pipireun imah batur.

#77. Bungbang Panungtungan

Bulan mabra. Dina lénglang halodo peuting rewah. Buleud pinuhna geus lingsir ti puncer langit. Tebak angin beuki tarik, angot ngagelebug. Séah. Mawa cecep ka sakujur awak. Baseuh dina beungeut nambahan tiris. Heueuh ukur beungeut, anu titadi kakeunaan cinyusu téh. Séké katujuh ogé tinggal keclak. Geus sarwa ilang kecerna. Geuningan.

Ngan, bulan mah angger lingsir. Langit rewah tetep lénglang. Nuluy mépéndé giri anu beuki buligir.

#76. Bubuy Sampeu, Gula Kurud

Liwat sareureuh budak. Panékér geus dicekéskeun. Gundukan kararas mimiti ngelunkeun haseup ipis, laju ngabebela, dihakan si jago mérah. Régang rambutan, pangpung jéngkol, dahan peuteuy, kalakay, nu gararing, nu dikumpulkeun saméméhna, ditumpukeun, di luhureunana. Seuneu, beuki ngabebela. Disongsongan angin peuting, nu liwat, ngiwat silalatu. Raray beuki kahéab. Panas saawak-awak. Sarung geuwat disolémpangkeun. Iket jadi sulampé, nyusut késang nu mimiti ngagarajag. Teu meunang ngejat. Ngemit seuneu, kudu angger hurung. Terus ngaduruk. Agé-agé ngaruhak, ngalebu. Sangkan gancang muruhmuyna beuti sampeu. Sabab, gula kawung geus dikurud.

#75. Ngalicin

Tunggang gunung. Pakéan di pamoéan geus gararing. Cai panyeuseuh basa rumangsang, geus béak diserot morérét panonpoé. Laju dijaitan. Ditumpukeun dina karanjang. Sagunung. Atuda, pakéan salomari diudulkeun. Kabéh diseuseuh. Bréh baju hideung. Kungsi jadi kameumeut. Di puhu leungeun kéncana tangkurak. Dina tonggongna ngalingker naga. Gangas. Ngajak malaweung. Rus-ras. Nyel ambek. Setrikaan gancang dicolokeun. Geus panas, tangkurak jeung naga ngebul. Nyésakeun hangit, areng jeung baju gorowong.

#74. Naléngténg Nu Ngeretas (keur Fikmin)

Samula, kecap-kecap ieu téh ukur énérgi. Galura listrik. Nyéké tina uget jariji, nu asih ka dirina, di luhureun papan nu dipinuhan angka jeung aksara. Tina kabél ngajomantara. Nginternét. Didongkangkeun ka mata liwat sarupaning jandéla. Jandéla cahaya. Ka sakuliah dunya. Laju, réa nu haat mulungan runtuyan kecap-kecap ieu. Dipilah-dipilih. Nu kapilih, diéntépkeun di luhureun Keretas. Keretas nu geus aya ti saacanna. Atuh, kecap-kecap téh beuki sumebar. Nepi ogé ka mata nu masih can kungsi muka jandéla, nu embung muka jandéla, muka jandéla lebah dieu. Nuhun ka Keretas! Jeung, saurna, aya nominal keur kecap-kecap nu ngeretas. Ka mana sareng tos sabaraha? Tuh, tingal, aya kecap hayang ngeretas nyalira.

#73. Milang, keur Pancasila

Tipi 21 inci, jieunan Jepang, nyangsaya luhureun méja réyod–tikelan koran teu cukup ajeg ngaganjel dua suku dingklangna. Tas luga. Kurud jamrud, korsi duit, bal getih, mik potong, coét semplék, bayatak luhur kasur busa nu geus ipis, nu ngagelar teu maké ranjang. Cai hideung, getih beureum, ngalémbéréh dina lanté nu ukur dipaléster. “Hiji, ket… Dua, kem… Tilu, pers…. Opat, ker… Lima, kead…” sorana ngeleter.

#72. Rapat Diréksi, keur Udud

Rohangan nyecep, ‘conditioned air’ ngahiliwir. “Ulah Udud!” ngajeblag dina panto. “Penjualan turun nyeceb!” lapor pemasaran. “Palanggan urang nu umurna di luhureun 40 taun mimiti muruluk, narancebkeun padung”. Data murudul tina proyéktor, Dirut, unggut-unggutan. “Promosi, laporanna!” cenah tandes. “CSR tos ngamalir, seueur gedong sakola nu ku urang diwangun. Aran yayasan urang hibar di unggal buruanna. Kitu deui béasiswa, tos katarima ku hakna. Mudah-mudahan dua-tilu taun deui urang geus tiasa panén. Mung… aya sakedik laporan nu pikuciwaeun. Nyi Gagap gagal manggung, konsérna réa nu teu suka. Artos nu tos lebet mah lapur”. “Teu nanaon, ukur saanu pan? Ayeuna tugas anjeun, néangan béntang séjén nu teu pati kontrovérsial, nu kawéntar di barudak umur 13 taun ka handap”. “Aya, pak, Jang Bibir. Mung mahal pisan. Tilu tikel ti Nyi Gagap”. “Teu nanaon, geuwat telepon promotor, datangkeun sagancangna. Rapat réngsé!” Rohangan angger nyecep, “Ulah Udud!” murungkut.

#71. Nu Udud Di Hareupeun Gang, keur Udud

Poé méngok. Reg, angkot eureun di hareupeun. Ibu-ibu angkaribung turun. Seeeep, puuuuhhh. Haseup nyerebung. Lung, kuntung ka solokan. “Ojég, bu?”. Nu némbalan ukur gideg, jeung telepon keuweuk, “A, jemput mamah nya!”. Balik deui, muru jok. “Eh, kari sabatang!” Angin manggih deui batur ulin. Panon neuteup ka hareup. Ningali motor nu barélok asup gang. Beuki jauh. “Kang, alhamdulilah si ujang UAN-na lulus. Taun hareup ka SMP. Jeung sigana si Nyai geus meujeuhna asup SD”. Beuki jauh. Kadéngé dengér si Bungsu. “Susu béak, kang. Mun balik meuli nya!” Paneuteup balik. Serebung nu panungtung. Lung, kungtung asup solokan deui. Ngadeukeutan warung. “Sun, jarum satengah!” Salambar lima rébuan, séwa sakali-kalina, ninggalkeun pésak.

#70. Nyaba Ka Nagara Beurit

Teu aya leuit.

#69. Singa Jeung Hayéna

Caréhamna ngégép beuheung uncal. Sihungna nembus tikoro uncal. Uncal nu ngabugang, béakeun napas téh digusur, ka nu suni, nu aya handapeun angin, ngajam taya nu bakal ngambeu hangru getih. Nu disinglar koroméoh jalu, ogé gorombolan hayéna. Beuteungna beuki kukurubukan. Ngan hanjakal, angin leuwih rikat, leuwih gancang ngondang gogog hayéna. Manéhna tibang ngahereng. Sukuna nu geus rampohpoy, balas kokodomangan, ngadodoho uncal ti iisuk, beuki ngeleper. Dua anakna ngolébat dina kongkolak panonna. Teu kudu nungguan lila, genep hayéna geus ningker manéhna, bari teu eureun tinggaruik. Beuteung genepanna, atra pisan, kabéh karemplong.

#68. Nu Nunutur Cahaya

Langit béngras. Héjo, kasorot sarangéngé. Jalan geus témbong but-bat. Di luhureunana, geus balawiri nu kamana, nu kamendi. Di antarana, hiji mobil pulas kulawu, nyemprung salsé. Lampu hareupna geus pareum, bareng jeung cékas cahaya panonpoé. Kosong, iwal nu diuk tukangeun setir, nu matana teu weléh rarat-rérét, niténan plang rambu sisieun jalan. Imut tara murag tina lambéna, beuki beukah mun ningali di hareup aya parapatan. “Bélok ngénca, langsung”. “Jakarta 48 km, Bandung 130 km, Surabaya 675 km”. Saeutik-saeutik, sukuna, nu katuhu diangkat, nu kénca didedetkeun. Beureum, aya nu meuntas, nepi ka reg. Héjo, kosong, nu katuhu, nu kénca dibalikeun. Saterusna, kalan-kalan setir téh diputerkeun ka kénca. Teu arang diputerkeun ka katuhu, samalah teu diputerkeun pisan. Ngan saacan biur, ngarérét deui plang rambu. Angger bari imut.

#67. Putri Hérlina

“Ukur sarérét, didelék indung mah”. Tatag pisan. Pondok leungeun kénca kaméjana nutupan leungeun manéhna, mani buni. Tilu jariji leungeun katuhuna mah, nu alit, katingali kaluar tina leungeun pondok hiji deui kaméjana. Dua suku nu geus sarua tapisna, jadi gaganti. Keur noél lamun otél, keur kokosok basa mandi, keur nulis atawa ngagambar. Jeung teu arang, sukuna gé dipaké keur ngahuapan, keur ngusapan, keur mépéndé nu dipikadeudeuh. “Kabéh kuring bisa, iwal ngaréndos”. Imutna leleb.

Kuring tanggah ka Langit, beuki poék.

#66. Kamédi Gajah Acéh

Isuk ieu masih rebun-rebun di Kruéng Ayon. Jalan nu teu weléh dipikahémeng, nu keur dipeuntasan, masih simpé. Ukur rungkun eurih jeung ki paku nu oyag, kasolontod, di sisina. Salian ti éta mah taya nu obah. Tihang listik angger ngabedega. Langit angger tibra. Aduh ieung, geuning sirah beuki lieur. Padaharan beuki murel. Titingalian nu ti tatadi ranyay, ngadadak mongkléng. Cika-cika rabeng ninggalan poék. Satukangeun, leungeun-leungeun sawit terus gugupay. “Pileuleuyan! Iraha-iraha urang tepang deui,” cenah, nyéréngéh.

#65. Balukar Konpérénsi Sél Tunggal

Jauh saméméh aya nu ngalebuan tai kotok, miliaran mangkeluk sél tunggal pangeusi dunya ngayakeun konpérénsi. “Urang geus teu mampu ngokolakeun dunya”, cek Protozoa, nu jadi pupuhu konpérénsi éta. “Urang masih teu bisa ngamangpaatkeun geledegan tangkal di leuweung. Dunya perlu mangkeluk nu leuwih sampurna ti urang”, émbohna.

“Terus urang kudu kumaha, pupuhu?” Baktéri kalah nanya.

“Urang kudu wani ngahiji, kumaha wani?”, cek Protozoa.

“Wani!” jenuk ragem.

Waktu terus nyurulung. Taun geus milang miliar. Di sagara keusik tan tungtungan, hiji-hijina endog kadal ngacingcalang.

#65. MuRS

Joyo Suprono, pamingpin MuRS (omat, tong dibaca murus siah!) émprak, basa nénjo kaca tepas fikminsunda.com, “Horseh! Rékor anyar euy.”

Atuh, sabuana Fikmin inggeung, fikminer rampak surak, “Wilujeng ang Yuséf Muldiyana II! Tulus nyalon di pilkada Jabar téh tah. Pangpopilérna euy!”.

Bangsat sakampung ogé ngilu éak-éakan.

#64. Basa Bapa Néangan Ema

“Hampura, Nawangsih, anaking. Geuning, unggal ningali Indra jeung Surya babarengan, bapa teu panggih jeung indung hidep. Malah, tarajé emas panété turunna gé teu kungsi katingali melengkung.”

Entéh satungtung deuleu. Dibeulah jalan nu jiga léor oray mapay tonggong gunung. Ogé vila, vila, jeung vila, nu terus jlug-jleg, beuki rajeg. Gedé, Pangrango ngasang satukangeunana, paul, tapi geus koléas. Masieup guruh anca Cihaliwung.

Tarub terus tungkul, teu nolih pangbibita alam. Anteng ngumbar lamunan, milang keclak cimata dina tungtung léngkahna.

“Taya di Leuwi Condét, disusul ka Cililitan, ka Dépok, ka Pulo Geulis, nepi ka Puncak. Anjeun angger teu ngawénéhan. Duh, Nawangwulan, kamana ari anjeun atuh? Rujit anjeun ku runtah nu minuhan beungeut leuwi nu kiwari hideung jeung hangru?”

Sukuna nu jibreg teu karasa geus nincak Gedé. Terus nanjak, beuki nanjak. Anjog ka huluwuton. Lamunanana digareuwah handaru susuruputan. Di hareupeunna, botol palastik sagala ukuran: galon, 1,5L, 600mL, jeung 250mL reuteum nyedotan cinyusu. Hararus, haraus jasa.

#63. Ma, Kumaha Ari Soanten Bapa Téh?

Sakapeung, sora Bapa téh ngajanggélék saung basajan, nu camperenik di tengah enay sawah satungtung ténjo. Di jero saung nu blung-blong teu dipindingan, kuring direujeungan babaturan dalit, ngariung amparan daun manggala, nu di luhureunna nambru liwet ngebul diawur goréng jéngkol jeung beuleum peda. Sambel goang nyongclo di hareupeun andekak séwang-séwangan.

Nyeplés halimpu sora indung, nu mépéndé ku dongéng angréngna imah, cur-corna arak jeung madu di taman, tempat Bapa cicing.

Remen, sora Bapa téh, kalah ngajanggélék géng motor, nu riab ngunguah jalan. Nu knalpotna ngaluarkeun sahéng, teu puguh déngé. Nu ukur nyésakeun, pulek haseup 2 tak nu nyesek irung jeung lambaran-lambaran warta di koran-koran konéng.

Persis gelendeng indung, nyaritakeun bésmen imah agréng Bapa nu dina bilikna nyelap hoé ditarapang potélan kulit geunteul, mun kuring elat balik, jongjon teuing ulin.

#62. Budak Leutik

“Teu meunang, Sujang. Teu meunang ditato, éta ngaruksak naon nu geus dicipta ku Gusti”, cek ma Icih, basa anakna, Ujang Dasun, ngarenghik ménta duit keur mayar saurang “Tattoo Artist”.

Saminggu ti harita, sa-Narogong ibur, pabrik Holcim aya nu ngaduruk.

#61. Holik

“Holik Fikri Mintareja tö kungsi salah. Lamun Holik salah, tingali kalimah saméméhna,” cek Holik gandang. Dipangsi hidöng, diiket lohén. Dina angkéng nolol hulu kujang.

Atuh, para Radén Osul, nu ti tatadi ningker kalang, rabul ngajempolan.

#60. Propokator

Ti tengah löwöng geledegan nu gös tö loba döi, ti satukangön hiöm dungus Kiara, ti jero liang cakuöm, Öcö nyölöwöng, “Öy, göra pulangkön Mang Ayat! Göra waluyakön löwöng.”

#59. Tzu

Kukupu ngajopak di luhur jamang hiji kembang. Saré tibra naker. Kalungsén. Sanggeus sapoé jeput ngideran taman. Nyeuseup rupaning amis singsarwa madu. Gelenyu imutna saeutik-saeutik leungit.

Cangra surya geus walatra nyaangan trotoar. Runtah ngabayak, dapon kapiceun. Hiji, hiji, hiji, étalaseu ngajarélékéték. “HUDANG SIAH!” maJal, ngulisik. Panonna masih hésé rék beunta. Létahna terus kumétap. Nyiar giung nu kungsi karasa. Leungeunna ngagayabag. Ngan, geleber téh teu datang. Moal datang. Leungeunna laju nyagap walikat.

“Haruh, kamana jangjang?”

#58. THB Tilu Usum

Aya tilu guru, misah jaman, méré paréntah ka murid-muridna nu keur taréhabé. Bah Eula, “Barudak, buleudan nu bener!” Mang Kukna, “Barudak, corét cakra nu bener!” Ki Wari, “Barudak, pindingan sing kandel nu bener!”

#57. Orok Bulao

Aya tilu budak sadudulur, aranteng ameng, di luhur karpét hareupeun tipi. Amin, budak lalaki, panengah. Enju, budak awéwé, cikal. Jeung si Bungsu, Encép, lalaki.

“Mah, tina sekala hiji nepi ka sapuluh, cek mamah, sabaraha goréng patut ari abdi?” Amin ujug-ujug nanya ka Indung, indung éta tilu budak, nu ti tatadi ngawaskeun, bari diuk dina sopa, tukangeun barudak.

“Hah!?” Indung kagét.

“Muhun, Mah, abdi téh sabaraha goréng patut nya?” Amin nandeskeun.

“ENOL! Kurang ti enol! Saha nu nyebat Amin goréng patut téh?”

“Enju, Mah.”

“Enju, Dangukeun mamah. Amin téh teu goréng patut!” Indung semu bolotot ka Enju.

“Min, anjeun teh putra mamah anu kasép, anu bageur, anu lucu, jeung Amin bakal salawasna kitu,” tambah Indung bari ngusapan sirah Amin. Laju ngaléos ka dapur.

“Haruh, si Mamah mah, padahal Amin mah leuwih resep jadi jalmi goréng patut da,” Amin semu keuheul.

“Mangkana manéh mah untung, Min,” Enju ngéngklokan.

(diropéa tina komik beunang Rick Kirkman/Jerry Scott, nu dimuat koran Kompas, 18 Maret 2012)

#56. Husnul Hotimah

Jalma-jalma nu aranna Éém, Één, Éép, jeung Éét téh arasup ka golongan nu araruntung, nu alus katungtungnakeun.

#55. Tina Hapé Jadul

Pntnkg,rsh.

 #54. Nyurahan Jempol

Jiga irung, nu ungsa-angseu, basa di dapur, ngebul haseup, asakan indung. Jiga ceuli, nu ngajak saré, basa pépéndé, ngagalindeng. Jiga mata, nu peureum beunta, basa bawang-keletik ngusap, nyieuhkeun muriang.

Ogé, jiga beuheung, nu rungah-ringeuh, basa digentra, nu can kungsi tepang.

 #53. Tulung, Aki Gépéto!

Aki Gépéto anu bageur, simkuring nepangan salira téh badé ngumaha. Badé nyuhunkeun tulung. Jalaran ieu, curuk abdi, tos robih janten pangambung tuang putra. Nambih panjang upami mendak fikmin beuki hédéd.

 #52. Prékuél Nu Melak Jantung

Sakadang Monyét ukur seuri maur, ningali sobatna nu pundung ngadingdiut. Hayang ngudag, ngan teu wasa. Rék nyarita naon? Ngaku yén tadi téh ukur heureuy? Ah, karasa ayeuna mah, kaleuleuwihi kalakuan tadi téh. Rét kana tangkal cau, turuyanana kosong, tinggal jantung. Rét ka cangkangna nu bayatak handapeunna. “Eh, sobat. Hampura uing,” ukur gegerendengan. Tangkal cau dituar, disiksik jeung turuyna, jeung jantungna. Ditambrukeun jeung cangkangna dina lombang. Ceb, anakna dipelak di luhureunna.

Geus tujuh bulan. Sakadang Monyét nantung di basisir Leuwi Goong. Cacalukan. “Sakadang Kuya! Sakadang Kuya! Ilaing aya?” Teu aya nu ngawaro. Beungeut cai ogé teu oyag. Nu katingali ukur dua pasang swalow ngambang, ditalian, dijangkaran, ngarah teu kabawa palid, deukeut sédong.

“Ki Sobat téh masih ambek, jigana. Embung nepungan aing”.

“Sakadang Kuya, uing ménta hampura. Uing salah. Heureuy téh kamalinaan. Hampura uing,” dareuda. Ngan tetep combrék, taya tanda Ki Sobat mucunghul. Cimatana terus ngalémbéréh.

Berekbek. Cai leuwi ngaberekbek. Pucunghul hulu Sakadang Kuya, nu terus ngojay ka sisi. Sungut ngégél tali sendal. Can gé hanjat, mata Sakadang Kuya buncelik laju rambisak.

Di sisi leuwi euweuh sasaha, ngan sikatan cau ambon nu nambru. Baleuneur jeung garedé. Alus bérakna.

#51. Sobat nu Melak Jantung

Telepon Si Cikal ti Perancis pasosoré, nu ngiberan geus hasil ngagondol doktor téh ngondang manéhna kana lamunan. Inget kénéh, kumaha leungiteunna kuring, basa dua puluh taun ka tukang kudu papisah. Manéhna nu pinter, nu réa akal téh meunang beasiswa, sakola ka luar nagri.

Ki Sobat nu terus dumuk di nagri tempat sakola téh atra terus ngaléléwaan. Kumaha sieunna basa duaan dicarékan patani bonténg. Seuhahna basa daang goréngan jeung cabé pelak duaan. Runya-renyu nepi ka tingcacakak bareng mun inget papanas-panas melak cau. Hiji-hiji muter lir film dépinisi luhur. Jelas. Béngras. Nepi ka teu karasa kuring kasaréan.

Isukna, pasusubuh, sakoréjat hudang, nu mimiti ditéang téh hapé. Kabiasaan. Bisi aya patani organik langganan nu pesen bérak keur tibra saré. Enya wé, aya tilu telepon jeung lima sms nu asup. Kotak sms nu pangheulana dibuka, bréh opat aran jeung hiji nomer. Nomer anyar, kode luar nagri. “Nomer saha?” Panasaran, sms gancang dibuka, nguni kailo, “Wilujeng nya Niet, ngiring reueus ka Si Cikal. Éh leres pan ieu téh nomer Moniet? Ieu sobat anjeun, Akuy téa.”

#49. Gudang Élmu

daLuang.

(Ieu hasil meuli CamélCase ti Ki Hasan)

#48. Cucungah

aDMIN nANDANG uJIAN.

#47. Tina Dua Carita

1

Urang Pulo Rangkay bungah, masigit anyar geus réngsé diwangun, anegléng tengah pulo. “Nuhun gan Asép,” kabéh urang Rangkay bungangang, nu ngumbara téh masih haat ka lemburna.

Di puseur dayeuh, tina béja majalah Wanci, cenah kapanggih susukan getih, nu nyisusu kana leungeun Asép Rangkay.

2

Beungeut Dono kényos, pias, balas kurang saré. Geus méh tilu bulan, indungna ngalempréh di rumah sakit. Unggal peuting manéhna ngemitan. Atra pisan, nyaahna Dono ka indung téh. Mun indungna hayang miceun, pispot disingkirkeun, dua leungeunna nu diamparan tisu, ihlas nandéan. Babaturan sakolana nyebut Dono, lalaki di panto sawarga.

Di puseur dayeuh, tina béja koran Jugala, cenah céngcéléngan mini Dono ngadadak ragrag, peupeus paburantak. récéh dreum-dreuman mancawura.

#46. Tragedi Hiji Ajengan

Aya hiji ajengan, resep ngadamel prasasti tina batu walungan. Seueur téh, prasastina téh. Aksara Sunda kuno diukir dina teuasna beungeut batu, ku panangan anjeunna nyalira. Atuh kuli tinta jeung nu dipayung rabul nyumpingan ka pasantrénna mama ajengan. Ngadon ngiring marolohok. Hook.

Kamari nyandak béja, saurna, leutak ti Sidoarjo téa, mangkukna, ogé tos tiasa dijantenkeun prasasti emas ku mama ajengan mah.

#45. Nu Muhit Asmarandana

Rét kana pigeulang leungeun, jam lima leuwih lima. Unggal bangku geus aya nu ngadiukan. Kuring nangtung di lawang gerbong. Ngarasakeun angin isuk nu ngahiliwir. Lipetan sapedah disimpen di gigireun bangku. Aman, jam mangkat karéta sapuluh menit deui.

“Tisu. Tisu. Tisuna, A?” cek tukang asong nu ngaliwat. Kuring gideug. Tina saku hareup kantong gandong ngaluarkeun anduk leutik, ngelap késang dina beungeut, buuk, jeung beuheung. Leungeun ngaragamang kana botol, nu nogél ti saku gigir kantong. “Aqua, A?” tukang asong séjén ngaliwat. Kuring gideug deui. Tutup botol dibuka, caina maseuhan tikoro. Namba halabhab. Lumayan nanjak, jalan ka stasion téh.

#44. Ojég Payung

“Naha jang, teu ngajégang?”

#43. Jinmin

Ti jarian, deukeut tampian, manggih téko téh. Téko butut, awakna pinuh ku kentob. Bujurna gé karancang. Dipulung téh bané waas wé. Inget keur budak, halabab balas ulin kaubaran ku nyecepna sacangkir cai, tina téko modél kitu.

Datang ka imah, téko dielapan. Cek pikir, beresih-beresih atuh, henteu alus gé. Las, las, dina elapan katilu, ngadadak ngelun haseup. Nu terus ngajirim mangkeluk. Henteu badag, sapantar wé jeung jelema umum. Gebeg. kuring reuwas. Nénjo beungeutna. Asa kungsi ningali, dina hiji poto profil fb.

“Nuhun, andika nulungan kula tina supata,” cenah. Ngéngkréng. “Keur mulang tarima, kula deuk nedunan tilu paménta andika.”

Bakating ku reuwas, kuring ngajawab gentak ku nu ngolébat saharita, “hayang fikmin!”

“Huéhéhé, gampang éta mah.” Sakédét #nu muter di paciringan# ngadungkuk. “Naeun deui?”

“Hayang fikmin deui.”

“Huéhéhé, teu motékar! tapi heug teu nanaeun.” Janggélék, #nu mulung ruruntuk#. “Hiji deui, naeun?”

Ngadadak inget kanu éta. Teu antaparah deui kuring nyorowok, “Ngénta deui sarebu paménta!”

#42. Nu Mulung Ruruntuk

Méh unggal poé manéhna ngulampreng ka pongpok imah téh. Bari teu eureun gogorowokan. “Talawéngkar, kokorompong, kokodén, cangkorang bong­­kang, kodi, gagarabah, barabadan, rongsokan, sa­rop­sopan,” cenah. “Panci bolong, aki bocor, sendal jeprut”. Terus ngalanglaeung. Édas mémang. Kabéh ruruntukan disebutan. Jigana, manéhna ogé fikminer, mindeng mukaan kamus.

#41. Nu Muter Palebah Paciringan

“Plung! Plung! Plung!”. Récok. Sakotéap gé amring. “Jadol téh elat. Lapar kénéh, euy,” cek jaér. Géboy. Manéhna indit. Nu cengkat tina dua leunjeur awi mah geus teu ditolih deui. “Lakadalah, cacing!” Capluk! Kunyunyud. Gurawil. “Horséh!” Cek nu mecat jeujeur.

Isukna, rebun-rebun aya nu tuturubun. Pésmol jaér céngék guluntungan geus nagih hayang kaluar.

#40. Ukur 40%

“Lain, lain ti Cina atawa Jepang,” cek om Wiki halon. “Teu jiga tahu atawa kécap. Ieu mah asli ti Indonésia. Kamonésan urang Jawa”.

“Kuring reueus!” Mendoan dangah.

“Jaé santen témpé,” mbakyu Chentini haroshos, ngilu ngaharéwos ti ketebihan. “Kadhelé témpé srundéngan,” émbohna. Mageuhan.

“Kuring ngilu agul!” Bacem ogé dangah.

“Hahaha, Indonésia ukur 40%!” Gorowok Haryanto. Ujug-ujug. Handaruan. Ngagareuwahkeun. Terus ngaweuhan.

“Indonésia ukur 40%!”

“Ukur 40%!”

“40%!”

“Hahaha…”

“Duh! Lega lemah Indonésia téh 2 juta km pasagi. Eusina 200 juta hulu punjul,” Ringgit, Orba, Lokon, Darros, jeung Wilis ngagerendeng méh bareng.

#39. Pilih Kasih

“Ayeuna kuring téh végétarian”, cek Dasun. “Manéh apal kumaha ngingu keuyeup soka? Atawa ngingu soang ngarah haténa bisa jadi foei gras?” Carinakdak. Sabari di ranggeuman leungeun kéncana, buah ngora kari sabeulah. Leungeun katuhu ngabar péso ngagurilap.

Di buruan, di tungtung salasahiji dahan, tangkal buah nyakclakeun geutah.

Aya nu seuri maur.

#38. Gara-gara G

“Dipodaran siah! Sakitu geus diongkosan. Aing téh ukur hayang ngajégang deuleu!” Bah Uyan hah héh hoh. Ti mBandung ngungudak tukang ojék nepi ka Cileduk.

#37. Sieun/Sopan=Salah(?)

“Hampura nya Mad, tadi kuring geus dahar jeung beuleum bagong,” cek Kristiani ka Ahmad.

#36. Combro

Mang Dasun, tukang goréngan nu mangkal di trotoar jalan Otista, teu eunggeuh aya nu geulis lungsur tina sédan mérsi pulas hideung métalik nu kakara parkir hareupeun gorobagna. Manéhna anteng malik-malikeun goréngan ngarah teu tutung.

Si geulis laju nyampeurkeun. “Mas, beli goréngannya sepuluh. Tahu isi, bakwan, sama combro,” cenah mamalayon. “Mangga, Néng,” walon Mang Dasun. Laju diladangan.

Néng Mérsi geus indit. Mang Dasun anteng deui, mulak-malik goréng sampeuna. Teu lila, reg deui Férrari pulas beureum. Nu turun teu éléh camperenik jeung nu ti heula. Sarua, nyampeurkeun Mang Dasun. “Mang, mésér gorénganna sapuluh. géhu, bala-bala, sareng combro,” cenah, Sundana mani ngageleser.

“Punten Néng, géhu, bala-bala, sareng naon?” Mang Dasun malik nanya. Ari leungeunna mah terus ngopépang, mungkus géhu jeung bala-bala pesenan si Enéng. “Combro mang”. “Aduh punten Néng, teu aya éta mah. Mamang mah tara ngicalan combro”.

#35. Populér

“Fikmin Sunda tambih euyeub, boh karyana, boh pangarangna. tangtos, ieu téh janten ciri, yén basa jeung sastra Sunda baris teras hirup, tiasa ngayonan jaman, tiasa bumetah dina pakakas téknologi,” cek Néng Fifik ngagalantang.

“Ngan wayahna, tina nu tos euyeub éta téh, rohangan katilu di gédéng kénca mah masih heuseus kanggo kang Prabu,” émboh si Enéng.

#34. Maéhan Manéh

Ngahaja kulit kuring, ku kuring diduruk, keur maranéh hirup.

#33. Heurin Ku Létah

Bakating heurin ku létah, béntang mani baranang.

#32. Emas

Di dinya, emas téh perlambang. Simbol préstasi pangluhurna. Ngan, basa peuting mangkukna, demi emas ogé, dua nyawa paragat, ditincak burulu sarébu dampal suku.

#31. Parangsa!

“Dua batang! Tah duitna,” cek Dasun ka Ujang, panunggu kios luhur trotoar. Sanggeus duit salin jinis dua batang roko, gék Dasun diuk dina bangku gigireun kios. Brak, bungkusan sangu wuduk dibuka di luhureun bangku. Bungkusan téh sosoéhan koran ngalapis keretas nasi. Wuduk, ukur wuduk, nu nambru di luhureunna dihanca. Sosoéhan koran bungkus wuduk téa, koran taun 2009, katingali gegereyeman, “Dina sapoé! Urang dieu meuleuman 644 juta batang roko”.

Wuduk geus béak, nu nyésa kari lunyu hinyay dina dampal leungeun Dasun. Lunyu ogé nyésa dina keretas nasi, nu jeung sosoéhan koran laju ku Dasun dikeupeul-keupeul. Geus semu buled, lung, ku Dasun dialungkeun ka tengah jalan. Gap leungeun Dasun nu masih lunyu téh kana saku kaméja. Roko sabatang jeung korék dikaluarkeun. Roko diseungeut. Pelenyun Dasun udud. Asa ku nikmat.

Lar. Tukang koran ngaliwat hareupeun kios. Koran-koran anyar medal nu aya dina kélékanana, nu diacung-acung ku leungeunna, ribut pating corowok: “Kapolrés Mulya dipergasa gorombolan!”, “Gorong-gorong anyar disiapkeun keur narima runtah!”, “Wartawan teu meunang narima amplop!”, “Nyawa aing siap jadi wadal!”, “Djarum pangbeungharna sakuliah dieu!”, “Ngatimin naék haji non-kuota ti Haji Gufron!”, “ZIS ngan ukur 1,5 trilyun!”, “Haji kudu dimoratorieum!”, “Wapémréd antara naék haji!”.

Tukang koran méngkol di parapatan. Jep, simpé. Kari Dasun nu ngagerentes, “Iraha nya kuring bisa nyémah ka Baituloh?”. Dasun laju ngahuleng. Cukup lila. Nepi ka, Dasun cengkat, ngadeukeutan ka Ujang, “Jang, tah roko nu tadi, sabatang moal jadi dibeuli, kadieu balikeun deui duitna!”, cek Dasun bari ngasongkeun roko nu kari sabatang.

#30. Harepan Tepung jeung Anjeun Téh Peunggas

Sebrot, parpeum nu éta téa, pangondang widadari téa, disebrotkeun. Kana kélék, kana dada, kana beuteung, kana tonggong, ogé kana taeun. “Sugan lain waé widadari, burok gé kapéngpéongan, maksakeun turun, nepungan aing!”

#29. Lénglé

Lila. Iin, Dodo, Nénés jeung Iyah anggur ngajentul. Hésé usik. Leungeun maranéhna masih kénéh nyarenyekel hénpon, nu geus bulukan. Nu dina layarna nguni kénéh sms nu sarua, “Antosan wartos ti Bapak, sakedap deui! Ayeuna Bapak nuju gapléh kénéh sareng koalisi”.

#28. Udud

“Ah, jadol téh padahal karak diseungeut!,” cek Dasun kutuk gendeng. Bari nincak lawang panto élep téh lung kuntung dipiceun.

“Punten nya!”. élep méh pinuh, pangdiukan kosong ukur di jajaran pangtukangna. Atuh Dasun téh sésélékét, ngaliwatan cangkéng panumpang séjén.

Geus merenah diuk, Dasun élékésékéng, nyanyapa saku calana. Ngaluarkeun bungkus roko, sabatang ditarik, pel tungtungna diantelkeun kana biwir, cekés korék, sut, serebung.

Kocéak sora orok ngagorowok. “Jadol téh, jaringao, eungap deuleu!”.

Haseup beuki mulek. Dasun anteng. Melenyun di tukang bari ngalamun, di Bandung digaléntoran Néng Pikmin.

#27. Gelendeng Wadah Runtah

“Mani disapirakeun aing mah. Mun deuk dikikieu mah mending tong dijieun sakalian. Asa diparak. Kuduna lamun jijieunan téh dibarengan jeung tanggung jawab. Aing gé butuh dahar. Mending lamun aing dibéré kabébasan nyiar sorangan. Pan ieu mah suku aing dipanték, teu bisa incah, bari jigana teu inget-inget acan méré leungeun ka aing. Jeung éta deuih nu ngalaliwat, asa ku harianeun. Béréhan, ngan jiga nu ngancunan. Niatna ukur heureuy. Pikasebeleun!”

#26. Jalan

Jalan jeung jalan. Pating laléor. Pahibut moro manéhna.

“Di tungtung kujur kami nungguan kabagjaan!” Gorowok hiji jalan. Nguarkeun pangbibita.

“Lain. Lain di tungtung si éta, tapi di tungtung kuring,” nu séjén teu éléh géléng, ngilu cocorowokan.

Ki Umbara angger anteng, geus embung galideur. Sarung nu ngahaja dibeulitkeun dina beuheungna mimiti ngageleber, dituturkeun ringkangna nu sajorélat mubus ka leuweung sisi jalan. “Pileuleuyan, jeung hampura, kuring milih teu percaya ka aranjeun. Asa mending disarung leuweung,” haténa ngagerentes. Teu kedal.

#25. Hélok

Manéhna molohok. Panon teu ngiceup, ningali waruga nu harelung jangkung di hareupeunana. Gagah, sakaligus éndah. Di handapna, saregep barudak nu karasép, nu gareulis, nu garaya, nu rarapih. Katingali, di beungeut-beungeut barudak sarwa euweuh riuk kasusah komo deui kasieun.

“Leres ieu téh sakola?’ Tanya manéhna, asa-asa, semu teu percaya.

“Bener!” Jawab waruga, tandes, “Kuring sakola!”

Teu kebat. Nu molohok kaburu sumegruk. Anakna, Sukniah, anyar mangkukna maot dipergasa madrasah rémpo.

#24. Sono

“Ay, iraha ameng deui?” SMS jandéla ka hujan nu geus lila teu nganjangan.

#23. Ki Dasun jeung Ki Waja Mais Suwung

Ki Dasun jeung Ki Waja jiga umumna golongan kusu, boga sipat nu sarua, resep nabeuh manéh. Ngarasa pangsaktina, panghadétagoghadégogogna, pokona mah sagala pang-pangna nu haradé, arédun we lah. Teu nanaon sih, cenah geus prah kitu. Ongkoh saha deui nu deuk muji lamun lain maranéhna sorangan lin?

Beuki resep ningalina mun dua atawa leuwih aki-aki golongan kusu paparanggih. Ramé, sok nepi ka silih tincak hulu sagala. Parebut pang-pang.

#22. Ki Dasun

Unggal naék angkot, Ki Dasun mah sok ujug-ujug murang-maring. Komo mun dina angkotna réa wanoja nu diacing lépis nyetrit mah, jigana kabéh geutih naék kana hulu, ngadon ngagulakeun manéh.

Teu pira, Ki Dasun téh ngarasa teu dirérét-rérét acan ku para wanoja téh. Padahal si aki ngarasa geus dangdan sataker kebek. Rarasaanna mah geus jiga Prabu Siliwangi wé. Raja nu kakoncara gagah sakti, kasép mangulang manguling.

Bakating panasaran, bari kumerot nahan wera, si aki téh nalék, “Néng, naha teu bogoh, ka aki anu sakieu kasépna?”

“Atuda kuno kasép kitu mah, Ki. Coba mun aki operasi plastik heula, turutan Lee Min Ho, abdi gé daék unggal waktu melong aki,” témbal si wanoja bari sungar-sengir.

#21. Dosa

Kantos sim indung sasauran, “Dahar mah dahar wé, tong loba dipikiran!” Basa ningali kuring mangmang nyanghareupan goréng jeroan.

#20. Runtah

Aya runtah keur karaokéan. Mik geus dicecekel. Beungeutna disetél sedih. Tina sungutna nyambuang tembang siga Bétharia Sonata. “Pulangkan saja, aku pada tong sampah! Atau didaur ulaaaanggg…ang.”

#19. Ayu Tingting

Yu, anjeun mah geus kaitung untung, anjeun geus mastikeun, alamat nu dibikeun manéhna, kakasih anjeun téh horéng palsu. Sedeng kuring, nepi ka kiwari masih kénéh kasarung, angger kokotéténgan, nyocog-nyocogkeun alamat-alamat nu dititipkeun ku si Manéhna. Jauh tangéh bisa nangtukeun, alamat éta téh palsu atawa asli.

#18. Ratna

Nat, basa kamari patepung deui, kabingung nu sarua jeung basa urang munggaran tepang, datang ngojéngkang deui. “Naha akang téh geus di buruan sawarga?”

#17. Kalangsu

Remen kadéngé gorowok, “ULAH KADINYA! SASAR”.

“Leuh, maenya teuing?” Ngan tambalang téh ukur semet dina pikiran jeung facebook. Di tempat séjén mah, kuring teu wani ku dedeg simbar dada tukang gorowok éta.

Kuring, sorangan, ngagandeuang leumpang mapay-mapay jalan nu loba parapatan bari ngahariring téh teu nyaho keur nuju ka mana.

Cenah, tukang gorowok gé kungsi ngingetan, tujuan pamungkas éta, basa kuring geus opat bulan di Bali. Ngan geuning sakiceup incah ti Bali langsung ucul. Panginget éta téh teu inget sakecap-kecap acan.

Ayeuna mah, geus lah, kuring ukur hayang menikmati kasarung ieu. Éta gé mun bener kuring keur sasar.

#16. Caprés

Manéhna téh tokoh ngora di dunya pulitik nasional. Tapi geus dipikasérab ku babaturan ogé ku musuh, nu sapantar, saumur, malah ku nu saluhureun. Kuring wawuh jeung manéhna téh alatan kungsi dipénta tulung keur mariksa peluang meunang calon bupati dukungan manéhna di hiji kabupatén.

Ti dinya jadi remen teteleponan. Konsultasi kumaha cara sangkan si calon tadi meunang. sanggeus calon nu didukungna jadi bupati gé hubungan jeung manéhna téh nuluy. Kuring jeung manéhna jadi sobat. Malah kungsi deuk usaha bareng nyieun lembaga konsultasi pulitik sorangan. Ngan teu jadi, manéhna kaburu diondang ka Amérika, meunang béasiswa keur sakola jadi doktor. Pleng wéh ngampleng, lila tara deui panggih. Nepi ka hiji mangsa maca warta manéhna nyalon jadi presidén. “Pantes deuk kitu gé,” cek pikir kuring, bari ngawangwang pangalaman ka tukang.

Hiji poé kuring indit ka ondangan nikah patner bisnis. Kasampak manéhna gé aya. Atuh ngobrol kamana-mendi, nyacapkeun kasono. Nepi ka manéhna pamit ti heula, bari nyimpen piring parasmanan nu masih nyésa satengah kadaharan.

Kuring teteg deuk bolay nyorét aran jeung gambarna di kumbung tps engké.

#15. Gerendeng Si Jempol

“Asa beuki lintuh awak téh!” Cek pikirna. Basa isuk-isuk anteng neuteup eunteung. “Ngan asa teu matut. Jiga lintuh diobat Cina. Jeung asa nyareri satulang sandi deuih,” pikirna terus norowéco. Sorangan.

Anteng teuing ngawangwang, teu ningali, da ngan sakilat, jeung deuih teuing ti mana asalna, ujug-ujug aya suku beurit nincak manéhna. “Jadol siah, tong samborong nincak aing atuh!” Goakna.

#14. Arakat

Manéhna kacida kumawasa. Mun aya pangeusi imahna béda jeung aturan manéhna, teu sirik unggal usik Arakat bakal ngaganggayong ku paréntah, “Ulah kitu, teu saé!”

Hiji waktu, aya lalaki cukup umur datang ka imahna. Deuk milu mondok. Imah Arakat téh mémang pamondokan, tempat méh kabéh jalma, nungguan dicaluk Manéhna.

Saméméh ditarima milu mondok, saperti biasa, Arakat ngawawancara heula éta jalma. Ditanya aran, asal ti mana, jeung réa-réa deui. Tina wawancara éta, Arakat nyaho lalaki anyar éta boga kahayang nu mahiwal. Moal deuk kawin! Puguh wé Arakat resep. Asa manggih korban. Si lalaki laju diceramahan. Malah semu-semu dipaksa sangkan ngarobah kahayangna. Kudu sarua jeung aturan Arakat.

Katémbong si Lalaki semu keuheul. Geus teu tahan jigana mah ngadengé ceramah si Arakat. Laju nyarita semu nyeuneu, “MAS, ieu hirup kuring! Jeung kuring bagja boga pilihan ieu. Jadi tong gandéng lah!”

#13. Istiméwa

Mun macaan dongéng, carita ngeunaan anjeun, aya rasa nu teu weléh teterejelan, maksa hayang ka luar. Dolim. Enya, kuring ngarasa didoliman ku Manéhna.

Pan cek éta dongéng, najan anjeun kakara sah jadi manusa istiméwa téh dina umur 40 taun, ngan ti leuleutik anjeun geus diistiméwakeun. Dina umur genep atawa dalapan taun, gumantung nu ngadongéngna, anjeun dibawa nyamuni ku dua malékat, ti dada nepi ka bujal anjeun dibelék, haté anjeun diwasuh cijamjam, ngarah beresih.

Ku kitu, alatan dongéng sarupa éta, rarasaan téh teu adil mun anjeun istiméwa sabab dibakatkeun. Kuring teu bisa narima, anjeun dicipta istiméwa.

Ayeuna, kuring ménta idin ka anjeun, dongéng kitu téh rék diduruk waé. Sina lapur jadi lebu. Keur kuring cukup anjeun istiméwa téh nya alatan anjeun sorangan. Istiméwa nu ku anjeun diwangun saeutik-saeutik.

#12. Amajonia

Bagéan 2

“Néng, aya alat nu antik teu?” Cek Kokom ka nu jaga toko.

“Seueur, Téh. Peryogi nu jiga kumaha?” Walon si Néng Jaga. “Badé nu pameunteuna jiga Bréd Pit, Tom Krus, Ari Sihasalé, Ari Wibowo, atanapi Asép Codét, sadaya aya,” émboh si Enéng, bari nataan lalaki-lalaki nu kawéntar kasep nu hirup rébuan taun ka tukang.

“Tiasa ningalian heula teu?” Kokom ménta.

“Mangga, Teh. Ka palih dieu,” nu jaga ngajak Kokom ka rohangan séjén. Di dinya ngajajar lomari-lomari kaca satangtung, di jero masing-masing ngabedega hiji lalaki. Teu usik-usik, jiga bonéka. Di bagéan luhur lomari ngajeblag katerangan modélna.

Kokom nguriling, nengetan eusi lomari. Hiji-hiji.

“Dasun, Jajaka Sunda. Saacan dianggo panaskeun heula sapuluh menit nganggé maikrowép,” baca haté Kokom. “Jajaka Sunda. Asa inget ka carita nini. Carita Siliwangi,” haté Kokom terus ngagerentes.

“Tah nu ieu, Néng! Tiasa dianteurkeun ka bumi tétéh?” Cek Kokom bari nunjuk lomari hareupeunna.

“Mangga, sadayana tiasa disuhunkeun di kasir, di payun,” walon si Enéng.

Kokom ngagandeuang, muka panto ka luar bari imut kanjut, ninggalkeun wangunan nu di luhureunna ngajeblag papan hurung nu nguni: “Jorang. Sékshop panglengkepna”.

#11. Amajonia

Bagéan 1

Taun 3012. Kokom hayang boga anak. Gap kana cetékan kuku, tungtung kuku cingir dikeureut. Laju muka panto lomari, nyokot hiji wadah gelas sagedé gentong. Wadah nu dieusi sarupaning cai kentel kahéjo-héjoan. Kokom muka tutupna, katingali ovum, indung endogna nu kakara disadap minggu kamari, ngambang. Sup keureutan kuku cingir téh diasupkeun kana wadah. Indung endog nu konéng téh lalaunan jadi beureum. Wadah gelas ku Kokom ditutup deui. Diasupkeun kana lomari deui. Unggal poé eta wadah ku Kokom tara elat dipariksa.

#10. Sasemplék Lalakon Pecinta Alam

“Tong poho, jarum coklat sabos nya!” Cek Dasun, si pencinta alam téa, ka babaturanana. Roko téh keur bekel engké soré Dasun sabatur naék ka punclut Gunung Kembar. Hédéd cenah, di punclut nu tiis sabari ngaroko si coklat mah.

Isukna, rebun-rebun, Dasun sabatur-batur geus anjog ka punclut. Sanggeus ngareureuhkeun palay sabari nénjo ngangsrodna panonpoé mancat bumi jeung nyaksian saeutik-saeutik halimun nyinglar, kasedek cangra jeung héab si raja poé, Dasun sabatur-batur ngajajar, ngabaredega, ngawawaas ka handap, ka lemah nu upluk-aplak, satungtung deuleu.

“Tuh geuning béh ditu komplék pabrik téh, katémbong kénéh ngelun pulek haseup hideung tina carobongna. Pagéto urang jadikeun rarancang nu éta téh. Pabrik urang jorag! Urang démo! Tuman. Keur mah nyieun haseup sakitu mulekna, pan papanggihan urang salila ieu, maranéhna gé miceun limbah teu diolah heula, langsung dikocorkeun ka wahangan!” Cek Dasun panjang lebar. Sumangetna ngagedur. Ari leungeun kédéna mah terus teu cicing. Antara curuk jeung jariji tengah nyelap satengah batang jarum coklat nu terus dihakan seuneu. Tina bahamna, haseup seserebungan. Di tungtung mancung sapatu gunungna, katingali dua kuntung siga nu neuteup Dasun. Bingung.

#9.

“Mang, naha teu dibedakeun?”

“Ayeuna mamang keur leungit papan nomerna, Lo. Jadi jurus alt+130 teu bisa dipake.”

“Naha teu isin ku anu kamari daremo?”

“Mamang mah langkung males manan isin, Lo.”

“Geuning Mamang daek ngabedakeun dina judul nu ieu atuh?”

“Pan ngarah jadi fikmin! Lo.”

“Gampil nya mang, tinggal kopi pasteu pan? Naha teu diteraskeun atuh?”

“Keun eta mah bagean nu langkung daekan ti Mamang lah, Lo.”

(heuheu tamba bingung mikiran fifikmineun)

#8. Panas

Ayeuna, kuring geus ningali di sajuru haté anjeun nyirekem manéhna. Ngancunan bari ngejebian. Pikasebeleun.

#7. Karunya ka Urang Tegal

“Téga urang kulon mah,” cek si Bos.

“Téga kunaon kitu bos?” Anak buahna nanya. Panasaran.

“Enya, kuring karunya ka urang Tegal. Téhnologi nu geus hésé béléké diciptakeun ku maranéhna hayoh diparaling.”

“Téhnologi naon téa kitu, Bos?”

“Éta, téhnologi ketok-gésér kaca. Pan ti baheula gé mun urang ngetok kaca warung urang Tegal sok otomatis ngasor témpé. Ketok deui kacana, sor tahu.”

“Ah, masih teu ngarti kuring mah, Bos!”

“Belegug manéh mah, pantes teu waé jadi bos. Pan Steve Job geus sababara waktu ieu, geus maké téhnologi éta. Coba geura manéh meuli jieunan manéhna hiji mah. Terus ketokan kacana, ngong aya sora “tut…tut…halow”. Ketok deui kacana, jol bijil tulisan “nuju dikintun”.”

#6. Like

Mun ngéjo téh kudu sing asak. Di dieu ukur aya pilihan suka terus teu jadi misuka. Salah pilih, inggis tutung tambaga, manéhna ngarasa dipicua.

#5. Icalan Uteuk

Diical mahal: uteuk banggar, arang kapaké

#4. Harepan

Di awang-awang, kapal hiber ngawur-ngawur uyah luhur méga. Mugya, isukan beuleum leuweung kajait, paré gé agé-agé asak.

#3. Gimir

Persib keur tepung jeung Réal Madrid.

#2. Sintung Kalapa

Abu Hurairoh keur ngadongéngkeun pangalamanana. Tepung jeung rosul.

“Saha nu kudu diheulakeun téh?”

“Sintung!”

“Terus?”

“Sintung!”

“Teras?”

“Sintung!”

“Salajengna?”

“Kalapa…”

#1. Dulur

Unggal juru katimu anjeun.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: