uaduq

serat buligir, keur mang engkus

In capruk on November 20, 2014 at 4:35 pm

haturan mang engkus, tos lawas urang teu jonghok, nya? tos mulan-malén emang teu ngawénéhan. kamana mungkul? mugya sanés gagara bosen ningali kuring, nya mang😀

mang, kuring deuk ngabéjaan: emang téh tos “gagal” aya di ieu milis (urangsunda@yahoogroups.com). punten mang, upama ungkara éta garihal. dipaké téh bakating ku kzl wé. sanés ka emang, kzl ka diri sorangan. kérénna mah, kuring téh ambek kapegung.

asaan ti babaheula mula emang tos ngadongéngkeun kumaha susahna hirup jadi warga nagara indonésia nu ngagem kapercayaan di luar ageman resmi. ageman nu ku pamaréntah teu acan didaptarkeun. sabab ngan pamarentah nu bisa ngadaptarkeunna. urang tacan kungsi ningali pamaréntah muka pendaptaran, pan?

sanaos kitu, mun teu lepat émut, emang sareng réngréngan ti pangagem ageman lokal, nu di-non-resmi-keun tetep terus bajoang sangkan ageman lokal ogé diaku (didaptarkeun). mun teu lepat ti taun 1983 kénéh, nya? tos langkung ti 30 taun. horéng!

ngan asaan téh asa kieu-kieu kénéh waé, mang. mangsa diténjrag ku mendagri anyar, yén urang tiasa ngosongkeun kolom agama gé, urang sunda inggeung. seueur nu kapuntir ku duktur pulintir nu nyebat mendagri deuk ngaleungitkeun kolom ageman. nepi ka mumbul gosip urang sunda deuk diatéiskeun.

padahal naon nu diucapkeun ku mendagri téh mémang amanat undang-undang. cek uu adminduk téa, sing saha waé nu ngagem ageman (nu di-)non resmi(-keun) meunang ngosongkeun kolom agama.

mang, punten sakedap. kuring badé méré béja sakedik ka baraya sanés, utamana kanggo warga milis énggal nu nembé gabung, nu teu acan terang saha emang. sangkan obrolan urang ieu téh kahartoseun ku aranjeunna ogé.

bray, mang engkus téh panjangna mah engkus ruswana. anggota milis urangsunda nu ngagem ajaran méi kartawinata. naon atuh ajaran méi kartawinata téh? kumaha waé ketak mang engkus boh di milis atawa luar milis dina merjoangkeun ageman lokal? mangga wé kotéktak arsip yayang gugel. balataks da. tos, nya. uing deuk nyarita deui ka si emang.

mang, urang lajengkeun.

mang, horéng sunda téh masih kapireungpeunan. doangna, socana masih sering kaasupan kebul babasan “sunda téh islam, islam téh sunda”. babasan nu kungsi diprotés ku emang engkus dina opini pikiran rakyat taun 2003.

mang, soca urang sunda téh masih keneh kudu remen ditiup. ogé urang kedah énggal mésér mesin panyerot kebul. sangkan kebul-kebul nu nyipta kapireungpeunan sirna.. sunda teu peupeureudeuyan waé. sunda kudu sabeunta-beuntana, kudu narima kana kanyataan yén teu sadaya sunda téh islam. teu sadaya urang indonésia ngagem ageman resmi pamaréntah.

kuring badé ngajémbréngkeun data-data sakapanggih ngeunaan ageman-ageman lokal. punten wé, emang tangtos langkung maphum kana data-data nu bakal ditingalikeun ieu. ieu mah keur baraya sanés nu ngiring maca ieu surat, mang. di indonésia, punten mang, datana heubeul yeuh, dina taun 2003 aya kurang leuwih 245 aliran ageman lokal nu kadaptar. éh geuning éta tos seueur nu kadaptar? enya, ngan hanjakal mang, kadaptarna anyar dina database kamentrian kabudayaan jeung pariwisata. teu aya hiji ogé nu kadaptar dina undang-undang adminduk. ageman lokal mah can bisa méjéng dina katépé. hiji-hiji acan.

tina jumlah aliran sakitu téh, nu ngaku ngagemna langkung ti 400 réwu jalmi. kuring yakin, jumlahna langkung ti sakitu. pan, emang gé tangtos apal, seueur nu ngagem ageman lokal nu “dipaksa” sangkan ngeusian kolom agemanna ku ageman resmi.

réréncangan kuring dina twitter gé anyar-anyar ieu aya nu ngadongéng, inyana téh ngagem sikh (sanes ageman lokal ieu mah, ngan sami can resmi). tos dua kali gaduh katépé. basa munggaran ngadamel katépé, kolom agamana dieusian ku kristen. cenah gara-garana mah inyana teu bisa basa arab, mun kudu ngeusian islam bakal barabé. nu kadua, ku nu mangdamelkeun katépé kolomna dieusian hindu. gara-garana mah, inyana pan turunan india, mang. doangna, nu mangnyieunkeun katépéna ogé muhit babasan jiga ursun “sadaya india téh hindu”.

tah, tina 400 réwu pangagem lokal éta, saparapatna téh ngagem sunda wiwitan (dina sadaya sékté). saurna mah, sunda wiwitan téh jadi ageman lokal nu pamuhitna pangbadagna di indonésia.

urang bandingkeun jeung pangagem kong hucu nu mimiti taun 2000 jadi agama resmi. dina sénsus taun 2010, nu ngagem kong hucu di indonésia ngan 300 réwu urang. asaan moal jauh béda jeung nu ngagem sunda wiwitan.

kantos aya angin surga ti menag urang nu anyar. dua bulan mangkukna, luqman saifuddin, pa menag téa, kungsi nyarita sunda wiwitan (jeung baha’i) bakalan didaptarkeun jadi agama resmi nagara. mudah-mudahan geura gancang laksana, mang. gancang nyusul oge keur ageman-ageman lokal sanésna.

aamiin.

tah kitu, data, najan heubeul (2003) nu nyatet ageman lokal téh. kuring can nimu, jeung ongkoh males néangan nu leuwih anyar. ménta dima’lum nya, mang. jelema kzl mah pan biasana gé sok babari males. (alesan kétang, da males di diri kuring mah geus kakurung ku iga, mang :D).

maksud dijémbréngkeun téh sangkan sunda beuki béngras. ayana ageman salian islam dina awak ki sunda téh hiji kasunyataan. beungeut ki sunda tong haleungheum terus. bari kalan-kalan maké jeung aya jorélat tatit jeung jelegur guludug sagala.

hariwang puguh gé kuring téh, mang. sunda, salasahiji sisi primordial kuring nu pangdipikareueusna téh horéng pinuh ku budug. mun ningali, kana sababara hasil panalungtikan. kahirupan beragama di tatar sunda mémang matak watir. dina taun 2013, hiji lembaga swadaya masyarakat (lsm), élsam nyebutkeun tatar sunda téh hiji tatar nu pang-teu-toléranna. sahenteuna, cek ieu lsm, ti januari nepi ka séptémber 2013 aya 8 kasus teu-toléran di tatar sunda. ti mimiti dihuruna kaum ahmadiyah, dihulagna kaum kristen, sareng nu sanésna. lsm sanés ge kantos ngaaminkeun kacindekan élsam ieu. lbh bandung kantos nyebat ti 2005-2011 sakurangna aya 383 kasus tindak teu-toléran di tatar sunda téh.

tatar sunda téh réprésip pisan nya, mang. jiwa neken kanu lian, utamana nu leuwih leutik atawa langkung lemah kacida ageungna. ngan aya ogé béja matak bungangang. di tatar sunda ogé, geuning pangréana jalmi nu hayang ilubiung mérésan kaayaan pikawatiren ieu. sikep teu-toleran nu kacida luhurna. dina hiji sawala tanggal 15 nopémber kamari, disebutkeun geus turun 600 jalmi ka ieu bumi indonésia. éta jalmi nu tarurun téh nabi-nabi. keun disarebut palsu gé, da nabi jaman kapungkur gé sadayana teu lepas tina sebutan kitu, sanés? tah cenah tina 600 nabi éta, pangseueurna téh diturunkeun di tatar sunda.

kumaha teu bungangang abdi téh, mang. geuning, gusti pangéran (nganggé g sareng p ageung) sakitu perhatosanna ka tatar sunda. baheula, mekah nu disebutna ogé jahiliyah, saur réréncangan sarjana uin sarip hidayatuloh mah hartosna jahiliyah téh sabodo-bodona bodo, ukur diturunkeun saurang nabi. sedengkeun ka tatar sunda mah langkung, moal kirang ti 17 nabi kantos nyobian nyadarkeun kaum jahiliyah sunda. awas siah, mun emang kalahka nyéréngéh, laju ngélél nempo abdi beukah irung kieu. apanan 17, mang. seueur kacida éta téh. nabi sadayana. teu kacampuran ku béas bagian. beneran. suwér déh, mang.

ngan, mang, hanjakalna téh 17 nabi éta sadayana gagal. teu aya hiji ogé nu sanggup nyaangan tatar sunda sakulibekna. ngan awas siah, mang. tong, emang tong sakali-kali nyebut sunda leuwih jahiliyah tinimbang urang mekah baheula. bisi emang ku kuring di…..

ah, entos ah, nya mang… bisi kuring nu bungangang kalaka ilu teu toléran doang kaum agamawan resmi téa. dadah emang.

gubrag! uing téa…
uaduq!

  1. Hehehe…..nya.hapunten simkuring tos awas pisan teu tulas-tulis dina mlilist, malah muka ge arang langka, nya masalahna mah rada pakepuk antawis garapan keur kadapur jeung neruskeun merjuangkeun sangkan urang pribumi bisa.merdeka batin ulah salawasna dijajah jiga urang sunda teu mibanda agama sorangan wae. 3 minggu katukang di Kemenag aya seminar hasil FGD ngeunaan agama-agama diluar agama nu 6. Menag Lukman Hakim oge aya. Kuring ngomong ka Menag. Cik saha sabenerna nu boga hak nyandang agama? Ceuk kuring dina Siksa Kanda Ng Karesian aya disebutkeun: agama, adigama parigama, tuhagama, gurugama. Oge aya istilah agama-drigama, kartagama jsb. Eta istilah dikenal memeh aya Hindu, budha, Islam jst datang ka Nusantara. Datang Hindu disebut we agama Hindu, datang Budha disebut we agama Budha, datang Islam disebut agama.Islam jst., eta istilah agama asal tina basa Sunda Kuna/kawi, sedengkeun agama ceuk basa hindu disebut Dharma ceuk Arab disebut Din. Jadi agama mah milik pituin bngsa Nusantara. Naha agama-agama pribumi jadi twu diaku agama, padahal nu bogana. Kecap agama jadi dipiboga/dihak ku agama-agama nu ti luar, ari agama-agama pribumi disebut kapercayaan. Jadi lir ibarat urang nu boga lahan tapi disertifikatkeun ku batur nu ahirna urang kausir ku nu nyepeng sertifikat. Panganut agama pribumi teu diaku agama ku nagara… .teungteuingeun!!
    Hehehe pa Mentri teu bisa jawab, jawabna ukur cenah agama-agama.lokal sdg dlm kajian.???
    Soal Nabi nu 17 mun dasar ukurana tekad-ucap-laangkah kapribadian, perilaku hirup, pamahaman spiritual, pangarti aoal hirup jeung kahirupan, prakna dina ngajalankeun welas-asih jsb tangtu bakal leuwih ti 17. Buktina waktu jaman luluhur baheula, basa Hindu datang, eeeh dibageakeun malah dibere tempat keue ngembangkun, padepokanana dipangwangunkeun, kahirupanana dijamin. Pon kitu deui waktu Budha datang, Islam datang jsb kabeh dibageakeun, teu aya cateran sajarah agama pribumi nyerang agam nu datang, tapi sabalikna agama nu datang nyerang agama pribumi jelas aya.catetan sajarahna. Sual identitas agama dikosongkeun eta mah carita heubeul ti taun 2006 geus berlaku. Nu diperjuangkeun teh sangkan kolom agama ulah aya/dipaksakeun.,sabab eta sumber diskriminasi.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: