uaduq

démokrasi nu nyieun garong jeung tukang tipu butuh sunda

In capruk on March 26, 2014 at 4:36 pm

papandé: keur agul ku payung butut, keur diajar jadi agitator jeung propokator

cek urang sunda mah pulitik téh runtah! bau ambeuna. joré katingalina. cocogna ukur di jarian. mangkana jarauhan! cigana kamandang kalolobaanna jalma nu “ngekos” di pulo jawa béh kulon saeutik ieu teu lepas tina pangalaman pupulitikanna nu arang meunang aamisna.

di jaman nuswantara digéroh ku bulé walanda, ayana urang sunda telat pisan diaku. sunda anyar “kapanggih” ku londo ahir abad 18. méh 200 taun sanggeus walanda datang. basa herbet de jager nyebut “zondase taal”. carék sunda.

saacanna mah sunda téh ukur sempalan wangsa jawa! hal ieu teu leupas tina pupulitikanna gegedén sunda, nu “nyerahkeun-sorangan” ka raja wangsa jawa harita. pan teu gugur teu angin, raja sumedang larang, nu cek sakaol ngawaris karajaan sunda ti opat kandaga lanté, suriadiwangsa datang ka yogya-solo ukur keur nyarita sunda saampar aya di handapeun dampal sultan agung.

ti harita ménak sunda leuwih reueus maké carék jawa. nya sarupa lah jeung persidén urang kiwari nu kacida resep maké carék inggris dina pidatona. sunda éléh pamor ti jawa. samalah ku para ménak modél éta pisan, sunda nu égalitér, nu nyebut siya ka bapa jeung rajana, obah jadi wangsa nu kudu mamandapan. nyarita abdi ka pangawawulaan jeung gamparan. sunda dihaja sina peupeus. jadi tilu. lemes. loma. jeung kasar! loma teu bisa unggah ka lemes. komo nu deui nu kasar. sunda tilem. kapiuhan di dasar sagara.

atuh ningali jeung ngareungeu kaayaan kitu, teu salah-salah teuing upama walanda nyebut nu cicing di béh kulon sarupa jeung urang wétaneunna. sarwa jawana. mémang di luar puseur dayeuh, loba cacah nu maké carék nu béda jeung ménak. tapi dianggap walanda eta carék téh ukur dialék séjén ti jawa. jeung darajatna dianggap leuwih handap. disebutna gé “jawa gunung”. gunung téh udik (girang). kampungan!

trauma pulitik sunda nambah deui di jaman répolusi. sanggeus proklamasi. urang sunda dianggap teu samiuk ngadukung nagara kesatuan républik indonésia. cek urang sunda nu tokohna kartalegawa, nkri nagarana urang jawa. urang sunda teu bisa narima, kudu nyieun nagara sorangan. kajeun engkéna masih jadi bagéan ti indonésia, tapi kudu péderasi. atuh ningali kitu walanda kacida bungangangna. kartalegawa dirojong (ti tukang). 4 mei 1947, kartalegawa mrolamirkeun nagara pasundan di bandung.

hanjakal, kahayang kartalegawa teu didukung ku karéréaan gegedén sunda. samalah gegedén séjén ogé nyieun nagara pasundan hiji deui. lamun pasundan kartalegawa mah pro péderalis, pasundan ieu nu dikekentongan ku wiranatakusumah mah biluk ka nagara kesatuan. pasundan wiranatakusumah mah ukur alat sangkan sunda teu pisah ti nkri.

atuh lengkep pisan trauma sunda téh. sanggeus jadi wangsa nomer dua di indonésia, ogé kabukti boga pikiran kadua leutik hayang misahkeun manéh ti nkri. jangkep sarat sangkan wenang dipeungpeuk.

sunda tambah anggang ti dunya pulitik.

urang balik ka jaman kiwari. di mata umumna cacah ayeuna, dunya pulitik nu keur lumangsung teu gadag ngaronjatkeun hirup jenuk balaréa. padahal cenah pulitik kiwari maké sistem démokrasi nu kacida agungna. ngan nu kajeueung, nu sejahtera téh ukur nu tumpak kuda jeung munding. cacah mah ukur angka statistik. nu remen diutak-atik. kaulinan kaum élit.

elit pulitik katingalina ukur niat nyeuseupan saripati republik nepi ka korédas. cacah ukur kabagéan hampasna. taya pisan kahayang sangkan walatra. luhurna pucuk rambut, handap hibas dampal. atuh pulitik téh beuki hieum.

ningali élit nu mandi duit. cacah teu kitu waé narima, harayang ogé ngasaan duit pulitik. namprak. mumbul istilah anyar. pulitik transaksional. “wani piro?” beuki nemen ngalanglaeung. surpéi nyebutkeun 40-60% cacah nu boga hak pilih nganggap pulitik duit geus jadi hal nu lumrah. éta ukur angka nu ngaku terus terang. dina 60-40% sésana kuring yakin loba ogé nganggap wajar tapi teu wani kedal. heurineun teuing ku létahna.

lumrahna pulitik duit téh pikakeueungeun. sabab teu séhat keur sistem démokrasi nu keur dipaju. manusa téh homo économicus nu embung rugi. kumaha cara si calon keur naur duit nu diawurkeun keur meuli sora? nu kapilih mah carana téh nya ngutak-ngatik anggaran. rarampog jaradi garong. disebut koruptor mah rasana lemes teuing.

kakeueung can réngsé. data surpéi saterusna nambah muringkak bulu (éh, rambut nya ceu roro?), sabulu-buluna. cacah nu nganggap lumrah kana pulitik duit, 60% di antarana moal milih calon nu méré duit. istilahna: tarima duitna, milih mah kumaha aing. “barang” nu dibeuli teu kungsi dibikeun ku nu ngajual. duit pameulina mungkul nu disakuan. cacah geus jadi tukang tipu!

ningali dua kaayaan kieu mah, kudu bener mun kuring nyebut ciga judul. démokrasi ukur nyieun garong jeung tukang tipu. saha nu salah nepi ka bisa kitu? demokrasi? elit pulitik? atawa cacah?

cek uing mah, démokrasi teu salah. sabab démokrasi mah geus agung ti mimiti lahirna, lain? hahaha… nu salah mah, urang sunda! naha siya teu bareuki pulitik sih? pulitik dibikeun ka rampog jeung tukang tipu mah atuh tos puguh bakal rumeuk. tah nu rumeuk mah kacida butuhna ku caang. lain caang téh kecap séjén ti sunda salian bodas?

sok der ah, urang sunda, urang caang jeung urang bodas, kudu geura raang makalangan!!! mun keukeuh kudu golput. ulah golput nu apatis. jadilah golput yang réang. nu mantak sebér nu deuk jadi rampog jeung tukang tipu!

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: