uaduq

Archive for November, 2011|Monthly archive page

sesemplékan lalakon pecinta alam

In capruk on November 18, 2011 at 1:09 pm

#1

“tong poho, jarum coklat sabos nya!”, cek dasun, si pencinta alam téa, ka babaturanana. roko téh keur bekel engké soré dasun sabatur naék ka punclut gunung kembar. hédéd cenah, di punclut nu tiis sabari ngaroko si coklat téh.

isukna, rebun-rebun, dasun sabatur-batur geus anjog ka punclut. sanggeus ngareureuhkeun palay sabari nénjo ngangsrodna panonpoé manjat bumi jeung nyaksian saeutik-saeutik halimun nyinglar, peuray, kasedek cangra jeung héab si panonpoé, dasun sabatur-batur ngajajar, ngabaredega, ngawaas ka handap, ka lemah nu upluk-aplak, satungtung deuleu. Read the rest of this entry »