uaduq

mangsa nini-nini pangored leungit kored

In capruk, dongengek on December 9, 2008 at 10:13 am

kamari, kuring balik ti kota ka lembur. ngahaja. niiskeun pipikiran nu geus ngaheang. meper uteuk nu terus ngagulak. mikiran hirup salila di kota. kabiasaan kuring lamun isuk-isuk, sok nguriling. leuleumpangan. olahraga caritana mah. ngalempengkeun urat bitis. komo ieu keur di lembur, najan geus loba ngurangan, warna hejo masih keneh leuwih loba tinimbang di kota. anjog ka sisi lembur, keur jongjon ngalengkah, bari uleng ngalamun, bari luak lieuk ningalikeun titingalian sapanjang jalan, kagareuwahkeun ku sora ngabangingik. sada nu ceurik, awewe. inget, lebah dinya teh memang aya imah bilik leutik. nu dicicingan ku hiji nini-nini. nu najan geus tokroh-tokroh angger haget lamun aya nu ngajak ngoyos di huma. ngabersihan gulma: jujukutan, nu bakal ngaganggu tangkal pepelakan make kored. asal sora nu ceurik memang ti lebah imah si nini. imah nu ti jajalaneun ukur kahalangan ku jajaran dapuran awi tamiang.

dijurung ku panasaran, hayang nyaho kunaha manehna ceurik bangun kanyenyerian. uteuk ngajak suku muru imah si nini. sanggeus di hareupeun ngajeblag nu ngaranna panto, leungeun rikat merep. ngan jajangkung teu pati dilelepkeun cara ramo nu sejen. ngahaja rada dipunjulkeun keur nakolan kai sengon, pamanto imah. tok tok tok. tilu kali. nu jigana mah langsung kadengeeun ku ceuli si nini. luar biasa memang awewe kolot nu ieu mah. tokroh-tokroh teh ukur waruga luarna wungkul. tanaga jeung kabeh pancadriana masih keneh sampurna. enya pan ceuk si obor babaturan nu urut mahasiswa statistik ipebe tea mah, ‘hiji jalan nu mudun tapi henteu signifikan bisa dianggap lain pudunan’. jeung signifikan henteuna kumaha paniten pan?

sora ceurik eureun. diganti sora nu nanya, ‘saha di luar?’. cenah. bari angger nginghak.

ngadenge kitu, rikat biwir teh nembalan, ‘kuring ni! ijan!’

‘aya perlu naon ka nini?’

‘nyacapkeun kapanasaran ni’

‘nya heug atuh, tungguan keudeung jang. nini deuk muka tulak pantona heula.’

‘mangga, sok ku kuring ditungguan di dieu ni’

sora si nini karek pisan cacap. palupuh, nu jadi lante imah kaburu ngareket kateueulkeun ku nu ngajurungkunung, nguniang. pekprekan awi teh terus rereketan nuturkeun nu ngajurungkunung leumpang muru panto. teu kudu lila nungguan, sanggeus sora tulak ngulutrak kuring ngadorongkeun panto laun. breh hiji beungeut nu pinuh ku gurat hirup. bagjana, sangsarana, sukana, sedihna nyampak di dinya. kagambarkeun. ngan panon katingali carindul, malah di juruna masih katingali aya cai ngembeng. kitu deui di opat juruna, ngahuluwotan walungan-walungan leutik nu ngamalir mapay pipi nu geus kemong. ngamuara di opat tungtung careham. memeh ragrag maseuhan lahunan. atra anyar saat, ngan bangun nu lila kacaahan. jigana si nini ceurikna geus ti tatadi, ngan bane ku ngalamun teleb teuing we jigana teu kadenge ti jauhna mula ku kuring mah. karek kadenge sanggeus sora nu ceurik geus tarik, sanggeus kuring deukeut jeung sumber soara.

solongkrong leungeun rikat diasurkeun, ngajak salam ka si nini. gap ditampanan. karasa dampal leungeun nu teuas. dampal nu katumpukkan ku lapisan-lapisan beuratna merjoangkeun hirup sosoranganan. enya: sanggeus ditinggalkeun salaki nu maot basa campuh gorombolan, si nini teu daekeun deui laki rabi. hirupna nunggelis, da puguh teu kungsi boga anak. nu ditinggalkeun ku salakina ukur tanah nu ayeuna di imahan, legana moal leuwih ti dalapan bata. keur hirup manehna sok bunta-bantu ka tatanggana. diantarana nya ngoyos jukut di huma saperti nu dicaritakeun tadi. oge ngamangpaatkeun sesa lahan nu diimahan. dipelakan ku ruparupa tangkal nu boga paedah.

‘aeh, bagea sujang, lawas ti lawas tara ka dieu. ka mana wae atuh? kumaha ema jeung bapa? sehat? sok ka jero heula geura! samak-samak butut jeung cai-cai herang wae mah da aya’. gepyak keneh si nini teh. jeung ingetanna ge deuih, edun. inget keneh ka kuring nu geus taunan tara panggih.

‘mangga ni! sukur ka hyang agung sadayana ge sarehat’, tembal teh, bari terus nuturkeun si nini nu geus ti heula asup deui. panto ngahaja diantepkeun molongo. ngarah angin bisa asup, nambah niiskeun tengah imah nu teu boga jandela . imah si nini sederhana pisan, wangunna juru opat manjang. ukuranna aya meureun 3×6 m pasagi, dibagi opat rohang. tengah imah nu ku kuring diasupan pernahna di tengah-tengah, dikencaeunna aya dua panto nu ukur dilalangsean ku samping kebat lalayu sekar. nu hiji nu leuwih gede kamar sare, nu hiji deui mah goah. eta tilu rohangan dilanteyan palupuh. sedengkeun di katuhueun katingali tina pantona nu tanpa keding, dapur. lanteyna taneuh nu geus ngabatu balas remen teuing katincak-ditincak. euweuh kompor minyak tanah komo gas mah, si nini masih keneh satia make hawu batu. di dinya si nini nyangu ku seeng jeung aseupan. di dinya oge si nini gurang-goreng, kulab-kulub, bubay-bubuy jeung bulam-beuleumna teh. katingali oge di dapur aya bangku awi nu di luhureunna si nini dahar.

tah ayeuna mah urang caritakeun wae kaayaan tengah imah si nini. euweuh barang nanaon di ieu rohangan mah, maksud teh euweuh barang-barang mebeul cara di imah-imah nu ku urang sering katingali, model korsi atawa lomari. diukna dina amparan samak pandan nu ayeuna ge geus ngagelar. nu najan katingali teu weuteuh acan ari butut mah. salian ti eta di juru katingali aya tampolong tambaga nu warnana geus teu paruguh, koneng lain, coklat lain, hideung ge sanes. tampolong wadah luah, nu diciduhkeun mangsa nyeupah. enya si nini teh sok nyeupah jigana da di gigireun tampolong aya bungkus palastik, nu katingali ronghok entepan has daun seureuh. kaambeu oge seungit gambir, bako mole jeung jambe, oge apu. ngan najan resep nyeupah, tengah imah si nini katingali beresih, teu saperti tukang nyeupah nu sok kacaritakeun jorok. palupuh imah si nini nu teu katutupan samak katingali semu herang, balas geus lila dipake jeung remen dielapan jigana. di juru sejen katingali teko seng, kelirna hejo jeung bodas. totol-totol jiga kelir tangtara, ngan leuwih laleutik. di deukeuteunna diamparan elap nangkub sababaraha gelas heubeul motif kekembangan jeung dua deui mah batok kalapa.

‘sok sujang diuk kainyah, hampura nya, ukur diamparan samak di dieu mah!’, cenah nitah bari sanduk-sanduk. bari miheulaan diuk na samak. emok.

‘mangga ni, teu nanaon, cekap sakieu ge’, cekeng bari gek diuk hareupeun si nini. sila nukangan panto.

‘tah ayeuna mah geura caritakeun. aya kapanasaran naon jang ijan ka nini teh? kade we nya ulah panasaran hayang kawin ka nini’, cenah teu euleum-euleum. teu riuk-riuk heureuy. jeung jiga poho yen manehna karek tas ceurik. ‘nini mah masih sok inget keneh ka si jenat, moal bisa jang ijan mah nyingkirkeun manehna tina hate nini’, embohna bari leungeunna ngadongkang teko. cur ngeusikeun eusina, nu geuningan cai nteh haneut, kana gelas. sor diesorkeun ka hareupeun. ‘tah bisi garing tikoro mah, banjurkeun heula geura caina. leguk’, cenah.

kuring ukur ngaheheh, ‘hehe, si nini mah. bisa wae. enya ni halabhab geuning, ditampi caina’. leguk cai sagelas langsung ledis.

‘sok ayeuna mah geura caritakeun ka nini, naon nu jadi kapanasaran si sujang.’

‘kieu ni….’, derekdek we kuring nyaritakeun lalampahan kuring ti imah tug nepi ka ngadenge nu cerik balilihan, nepi ka aduharepanna jeung si nini. palebah nyaritakeun nu ceurik, si nini katingali nginghak deui. balik inget jigana, kana kasedih nu keur tumiba ka manehna. sanggeus beres cacarita kuring terus nanyakeun kapanasaran nu ngabureuyeung ti tatadi ka si nini. ‘janten ku naon atuh nini teh make nangis isuk-isuk keneh?’

‘sujang, jang ijan tangtu apal’, si nini mimiti ngajelaskeun bari terus nginghak, malah sari-sari ningkat jadi nyegruk. ‘nini teh purah kurad kored di huma batur. ngoyos jadi pananggeuhan nini hirup. keur nini kored teh hiji barang nu kudu dijaga diriksa. dipupusti dirawatan enya-enya. ngan teu ku hanteu, eta jimat nini teh bet leungit.’ hing weh, teu kaampeuh si nini ceurik deui.

‘ni, tos atuh nu tos ical mah tong teuing dipikiran,’ cekeng, kokoloteun, eh kumoloteun. siga nu heueuh. hayang ngabeberah tidituna mah. ‘engke ge pasti manggih gentosna.’

‘ih sujang, lain sing mikiran neang gantina ieu mah. pan tos buktos nini mah teu perlu ganti. dalah salaki nu leungit ge teu digantian ku nini mah, komo ieu kored. diceungceurikan teh pedah inget kana jasana. nya ti si kored eta nini bisa hirup nepi ka ayeuna. ti manehna, enya najan tara leuwih, nini bisa keneh dahar, bisa keneh make.”

‘muhun ari dipikir ka lebah dinyana mah, ngan kumaha deui atuh ni, pan tos leungit. keun wios enjing abdi bakal nganteurkeun kored ka nini. ka dieu. sareng mun hayang apal, iraha atuh kored teh leungitna?’

‘ teu kudu sujang, teu kudu nganteurkeun kored ka dieu. kored teh leungitna mah pageto sujang!’

renjag. rewas. sakedapan mah ngaheneng. ngarasa aneh ku kalakuan mahiwal si nini. ngan ari ku panasaran mah, kaluar oge pananya. ‘hor naha leungit pageto geuning? can leungit atuh eta mah. naha make nangis ayeuna?’

‘enya sujang can leungit. diceungceurikan ayeuna teh, bane we nini keur RINEH!’

‘hah!? kulan?’

‘enya jang, meungpeung RINEH!’

‘beu!’ beuki bengong, teu bisa ngomong deui. speechless, mati kata, ceuk batur tea mah.

‘tah ayeuna mah, ujang geura mulih, atawa bade neraskeun kukurilingan ge mangga. sanes ngusir ieu mah. ngan ku datangna ujang, karinehan nini kaganggu. padahal can cacap nini nyeungceurikan kored. sanes kurang sono, mangga jang ijan geura mulih, da kapanasaran mah tos cacap lin? nini rek neruskeun ceurik deui.’

bari angger teu bisa ngomong. kuring nguniang. terus muru panto. si nini nuturkeun. sanggeus nincak golodog, malik deui bari ukur wasa unggeuk. teu bisa ngunikeun mangga-mangga acan. ku juru panon kareret di tepis kolong, deukeut tatapakan nu deukeut golodog ngajega: sakadang kored! sanggeus kitu mah, leos we indit. di tukangeun kadenge panto ditutup terus ditulakan. nging deui sora si nini ngabangingik. ceurik elah elih. jeung karasana teh deuih, sakadang kored ngagupayan bari imut…….

~kuta pangberokan, 2008

  1. hatur nuhun…lumayan bacaeun….

    duq: sami-sami kang, nuhun oge lumampir, hatur lumayan bari lumoyan kekek

  2. Hatur nuhun

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: