uaduq

bodor

In capruk on December 5, 2008 at 4:56 pm

babagi heureuyna kang ganjar (prof. ganjar kurnia, rektor unpad) nu di kirim ka milis urangsunda jeung kisunda. nyanggakeun mugya nyengir bari kerung.

/1/ Domba jeung Embe

Aya anu nyebatkeun domba sareng embe teh benten. Embe mah anu janggotan, ari domba mah siga domba garut tea. Tapi saparantos duanana ditaros : “ari maneh embe atawa domba?” ngajarawabna teh sami. “Embeeeeeeeeee……….” cenah. Teu percanten? Sumangga wawancara langsung kauanana……..

/2/ Ukas

Kuring boga babaturan ngaranna Ukas. Ceuk manehna ngaran eta teh dibere ku bapana tanda deudeuh ngan teu wani nembrak katinggal ku batur da bisi teu sarua antara ngaran jeung kanyataan. Ukas teh lamun di balikkeun jadi “saku” ari “saku” teh pan kecap sejen tina “pesak”; “pesak” dibalikeun deui ” kasep”. Jadi ukas teh saenyana mah hartina kasep …………………………

/3/ Para Domba

Taun 1981, pribados kapapancenan janten supervisor KKN. Dina hiji waktos diulem ka hiji bale desa kangge nyaksian acara “penyerahan” domba inpres. Acara di desa tea, meh sadaya tokoh diperedih kangge biantara, diantawisna Bapa Sersan Mayor Ondi anu kalungguhanana janten “pembina desa”. Pas bagean anjeuna, duka kunaon pembawa acara teh nyariosna rada pabeulit. Majar teh : “acara katiganyah (padahal harita usum ngijih), yaituh sambutan dari bapa pembina mayor selaku Ondi di desa inih”. Ngadangu kekecapan kitu, pa kades langsung ngagebes. Pembawa acara sigana mah ngadon tambah geumpeur. Pedah acara pembagian domba, ana celengkeung teh : ” hapunten para domba………………………………..”

/4/ Ngahirupkeun nu Tos Maot

Dina televisi aya acara “du’a pengobatan”. Sanggem anu mingpin du’a: “sateu acan ngadu’a dingawitan, sumangga cepeng bagian awak anu nyeri atanapi anu aya kasakitna”. Hiji bapa anu nuju nongton, langsung nyepeng “raranganana” (punten). Istrina anu ninggal peta carogena sapertos kitu langsung nyarios : ” pap… ieu mah du’a kangge ngalandongan anu nyeri/teu damang, sanes kangge ngahirupkeun anu tos maot ……………………….”

/5/ Matematik

Hiji mangsa bapa guru ngetes matematika ka murid-muridna: ” lamun jarak Bandung – Jakarta 140 Km; kecepatan mobil 82 Km/jam, ditambihan istirahat 43 menit, sabaraha umur bapa?”. Barudak tangtos wae ngahuleng. Tapi aya salah saurang anu ngacung bari ngajawab : “42 taun pa”. Ngadangu jawaban kitu pa guru malik nanya, “kumaha ngitungna bari jeung bener”. Si budak ngajawab : ” gampil anu kitu mah pa, di lembur abdi aya jalmi rada gelo yuswana 21 taun, janten kantun dikalikeun dua wae……………………..”

/6/ Duren jeung Kadu

Buah anu kulitna cucukan tapi mibanda rasa amis tur pelem teh aslina mah ngaranna “duren”. Tapi aya oge anu nyarebut “kadu”. Ngeunaan hal ieu, cenah aya dongengna. Dina hiji waktu, aya Insinyur pertanian anu ditaros ngeunaan ngaran buah anu kulitna cucukan tapi mibanda rasa anu amis tur pelem tea. Sang insinyur hilap deui ngaranna. Kumargi ari ngajawab hilap deui atanapi teu terang sama sakali (duka…..) mah gengsi, nya kecap ” duka” teh dibalikeun jadi “ka du”. Ti harita pisan duren teh gaduh nami alias yaeta “kadu” tea.

Catetan : Insinyur pertanianna sanes pribados.

/7/ Logika Si Kabayan

Dina hija waktu, si Kabayan luha – loho ka warung.
Manehna nanya ka anu jaga warung: “Coca Cola sabaraha hargana”.
“Tilu Rebu”, jawab nu jaga.
“Cik meuli hiji”, ceuk si kabayan.
Keur kitu si Kabayan ninggali aya Fanta. “Ari Fanta sabaraha?”, ceuk si Kabayan
“Sami tilu rebu”, ceuk nu jaga. Ari kitu mah tukeurkeun wae ieu Coca Cola teh kana Fanta.
Geus narima Fanta si Kabayan ngaleos. Ku tukang warung dihulag :”bayar heula, kabayan”.
“Naha make kudu mayar sagala”, ceuk si Kabayan. “Kapan Fanta mah panukeuran Coca-Cola”.
“Tapi pan Coca Cola na can dibayar ” ceuk nu boga warung. “Naha make kudu mayar, pan Coca Cola na ge geus dipulangkeun deui ku uing ………………..”

/8/ Musuh Pancasila

Dina hiji mangsa Presiden Suharto biantara di payuneun sidang paripurna DPR. Saparantos 15 menit pidato, ajudan anu tatih di gigireunana ngawartosan :”sing atos-atos Bapa aya anu bade nembak……………”. Diwartosan kitu teh, juragan Presiden mah tenang-tenang wae bari neraskeun pidatona. Heuleut ti eta, sang ajudan ngemutan deui : “Pa, awas bade aya anu nembak ……”. Nguping kitu presiden langsung marentah :”tewak, anggota dewan anu diuk dina barisan ka genep bangku ka dalapan…….”. Saparantos acara bubaran, sang ajudan naros ka Presiden :”kumaha bapa tiasa uninga yen anu bade nembak teh jalmi eta”. Kalawan tenang, presiden ngawalaer :” Musuh Pancasila teu pernah sare ……………………..”

/9/ Geus Kapanggih Acan?

Sigana mah ieu dongeng teh dimimitian dina mangsa jaman Nabi Enoh. Kacaturkeun alam dunya ngalaman banjir anu kacida badagna. Kukituna kabeh mahluk hirup kaabus sasatoan, diangkut-ditaekeun kana kapal (bahtera). Kusabab banjir teu bisa diteguh piirahaeun bakal ngurangan, aya kahariwang lamun dina kapal teh para panumpang baroga anak. Tangtuna kapal bakal katambahan penumpang, anu antukna bisa tilelep. Kukituna dijieun hiji kaputusan yen pikeun kasalametan, sakabeh “alat kelamin” kudu diteukteuk terus dikumpulkeun. Dina mangsana saat, kaum lalaki mah kaabus saatoanana anu pangheulana diteangan teh “gagaduhanana” tea. Kusabab leutik, bobogaan sireum mah sigana kacecer jeung katincakan. Cenah mah nepi kaleungitna pisan. Kusabab kitu, nepi ka ayeuna pisan lamun sireum patepung jeung sireum sok siga sasalaman, padahal mah silih harewos :”nu maneh geus kapanggih acan ………………….”

/10/ Museum Jam

Kacaturkeun para anggota dewan ngayakeun studi banding ka aherat. Salian ti ninggalian naraka sareng sawarga, oge diajak ninggalian musieum jam (saleresna mah jarang-jarang ninggalian kersa musieum teh, biasana mah resep keneh ka mall — tapi kumargi di aherat mah teu aya mall nya bari kapaksa oge mengkol ka musieum). Anu rada aheng di musieum teh nyaeta puteran masing-masing jam bararenten. Masing-masing nagara diwakilan ku hiji jam. Nurutkeun anu jaga, puteran jam teh gumantung kana tingkat korupsi di masing-masing nagara. Beuki tarik muterna, tandana korupsina mahabu pisan. Sabada kurulang-kuriling, panasaran milarian jam milik Indonesia. Tapi weleh teu kapendak. Barang ditaroskeun, saur nu jaga teh : “neda dihapunten jam kagungan Indonesia mah teu tiasa dipintonkeun, margi nuju ditambut ku urang naraka dijantenkeun kipas angin………………..”

/11/ Teu Raraos

Bapa kapala naros ka anak buahna.
Kapala (K): “Kumaha cageur?”.
Anak Buah (AB) :”Puguh abdi teh nuju teu raraos”.
K : “ari barudak kumaha?”
AB : “sami nuju teu raraos”
K : “ari pamajikan?”
AB : “oh eta mah raos………….”

/12/ Gagaro

Balik ti Jatinangor, kuring paabring-abring jeung anu tumpak motor. Salah saurang diantarana, unggal eureun di lampu stopan sok siga anu ngagaroan helm. Pangangguran ditanya:” naon maksudna?”. Magarkeun teh, ateul sirah cenah. Barang ditanya deui:”kunaon ateul sirah, anu digaroan helm?”. Anu tumpak motor ngajawab:” abdi mah upami ateul bujur oge, tara nepi ka morosotkeun calana……….” .

/13/ f, p, jeung v

Lamun aya urang sunda anu teu bisa nyebut “f” dianggap “pitnah”, kahatur pangalaman sobat sim kuring anu ngawulang di upi (kade ulah dibaca ufi) anu ngagambarkeun kumaha pabeulitna urang sunda dina ngalapalkeun “p, f jeung v”. Hiji waktu ki sobat mere kuliah poe saptu. Diantarana loba mahasiswa anu agamana “advent”. Maranehna usul sangkan kuliah dipindahkeun ka poe sejen. Pa dosen satuju, akhirna kuliah dilaksanakeun poe rebo. Dina derna kuliah, aya saurang mahasiswa anu elekesekeng, luak-lieuk wae. Rengse kuliah sang mahasiswa nanya ka ki dosen. “saurna anu advent kuliahna ngalih ka dinten rebo, tapi naha teu aya babaturan sajurusan abdi saurang-urang acan”. Si dosen malik nanya:”memangna saderek ti jurusan naon kitu?”. Bari teu riuk-riuk, si mahasiswa ngajawab : “abdi ti jurusan administrasi fendidikan …………………”

/14/ “Sayang”

Hiji bapa yuswana tos ampir 70 taun, nikah meh 50 taun. Geureuhana ampir sayuswa. Anu disebat hebat ku nu sanes, ka geureuhana teh teu weleh nyebat “sayang”. Hiji mangsa aya anu naros :”kumaha tiasa mesra wae, dugi ka nyebat wae sayang ka geureuha?”. Waleran si bapa: “puguh ge sok poho deui ngaranna…..”

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: