uaduq

Lalakon Awon

In carpon on January 6, 1900 at 3:32 pm

Pangarang: Godi Suwarna

AWON. Sakitu-kituna ngaranna téh. Teu kurang teu leuwih. Duka kumaha pipikiran jenatna kolot-kolotna pangna méré ngaran kawas kitu. Disebut goréng patut da henteu manéhna téh. Malah mun ditilik-tilik, nya aya rupaan wé sakitu mah. Pédah teu kasartaan wungkul. Éta wé geura, barang pakéna téh teu weléh rangkedut baé. Kungsi éta gé manehna téh maké pakéan rada pantes. Diberé lungsuran seragam pagawé negri ku Mang Sidik, pesuruh SD. Na da éta mah, guru-guru sadésa ngadon ribut ngaromongkeun. Teu sarukaeun. Seragam saenya-enya dipapaké ku jelema kitu, ceuk nu karukulutus. Mang Sidikna ogé diseukseukan ku Kepala Sakola. Atuh manéhna téh teu tulus ganti pakéan. Balik deui wé mamaké gidril, saban poé, ka mamana, bari jeung gogodombrangan éta téh.

“Jih, étah, Mang Awon mani saé kitu, eum!”

“Uhun. Mang Awon mah saé baé da!”

“Naha sakitu saé bet di-awon-awon?”

“Ah, sakali Awon mah tetep wé awon!”

Dina hiji mangsa, isuk-isuk, barudak SD mani raéng ngaheureuyan Manéhna ngan ukur imut bari jongjon wé digawé, nyapuan buruan balédésa Kitu biasana, boh ku budak boh ku kolot, manéhna téh teu weléh digareuhgeuykeun. Nya kitu, diheureuyan atawa dicarékan ku saha baé ogé manéhna mah teu weléh imut jeung imut. Imut nu matak deungdeuleueun ceuk Mang Sidik téa mah.

Réngsé sasapu, ger, ngadurukan runtah. Deregdeg ka jero rék nyokot bandéra. Rohangan karosong kénéh. Can aya pamong nu ngantor najan geus nyedek ka beurang. Dirigdig deui ka buruan bari mamawa bandéra. Bandéra dikelat. Manéhna mundur tuluy ngahormat kana bandéra. Kituna téh bari ngawih lagu Dengkleung, da ngan éta-étana nu apal. Hansip ngadon tingcalengir sabot nyérangkeun nu keur upacara sosoranganan.

“Ka dieu heula sakeudeung, Won,” ceuk Pa Ulis pabeubeurang, tuluy ngoyoyod ka pipir. Awon ngiclik nuturkeun.

“Apal imah Nyi Nénih, Won?” Pa Ulis haharéwosan.

Awon unggeuk.

“Kieu, Won. Panganteurkeun ieu, ka Nyi Nénih,” Pa Ulis ngusiwel, ngaluarkeun amplop dines tina sakuna. “Béjakeun, Won, Bapa keur sibuk kituh. Kadé tong comél, nya!”

Awon imut. Imut nu matak deungdeuleueun téa ceuk Mang Sidik mah. Katénjona rada nyiak Pa Ulis gé. Éra jigana. Bangun nu ngarasa rumasa keur boga dosa. Tapi da ngan Si Awon-awonna nu dipercaya. Awon imut bari manggut. Pa Ulis katénjo rampang-reumpeungna.

Rada jauh imah Nyi Nénih téh, nenggang, di tonggoh, di tungtung lembur. Awon ngagedig bari teu weléh umat-imut. Najan ceuk batur kurang saeundan, lamun amis budi mah nu séjén gé tangtu bakal nyaraaheun, dunya bakal jadi lega, kitu ceuk jenatna akina nu teu weléh kapireng baé, najan teu kaharti kabéh.

“Bang Awon, apa masih tetep awon, rojer?” ceuk Jang Dudung nu keur ngariung jeung baturna papada pamuda nganggur.

“Jin, lain gé Kang Awon mun teu awon mah, nyah?” nu séjénna mairan.

Awon ukur imut sabot ngagidig, teu maliré pamuda nu garugupay bari ngaracung-ngacungkeun botol. Sajajalan Awon ngahariring Dengkleung, dibulak-balik. Sanggeus ngésang, Awon anjog ka buruan imah Nyi Nénih nu hieum ku tangkal sawo. Panggung imahna téh. Barala da teu kaurus. Nyi Nénih téh hirup kadua ninina nu geus pikun pisan.

Sanggeus pupuntenan sawatara lila, Nyi Nénih ngulutrak. Didadaster. Ngaléléké. Buukna acak-acakan. Sédowna ngadaragleg kénéh. Lipstikna ludang-lading kana pipi jeung gadona. Karék hudang pisan jigana mah.

“Jih, Awon geuning? Aya naon, Won?” Nyi Nénih diuk dina golodog, gigireun Awon.

“Ieu, ti Pa Ulis …”Awon ngasongkeun amplop.

“Gering puguh uing téh,” Nyi Nenih nyoékeun amplop dines, aya duitan salambar. “Jurig sugan! Cedit-cedit teuing mangkeluk téh! Teu kawas mun keur aya kahayang!! Nyaho aing keur gering!”

“Gering? Nyeri naon, Nyai?” Awon imut mani nganjut.

“Rieut. Sarebel baé deuih,” Nyi Nenih leuleuy sanggeus nénjo imut Awon.

“Jin, atuh. Pencétan, Nyai?”

Nyi Nénih unggeuk tuluy nukang bari rada ngadayagdag. Awon imut. Nyi Nénih didangheuakeun. Tarangna diurut, turun kana beuheungna, kana pundukna nu ngaliglag. Aya kulit mani lemes kieu, ceuk Awon nu mindeng mencétan Hansip. Imut Awon beuki nganjut, beuki leleb. Imut Awon digebah ku nu nyorowok: “Nanaonan ieu téh? Manéh keur naon di dieu?”

Ngarénjag duanana gé. Rét. Singhoréng Pa Kulisi geus ngajega bari ngumis. Awon gancang nangtung. Ajeg. Ngahormat. Kitu biasana mun tepung jeung Pa Kulisi. Nu dihormatna mah ngadon ngabalieur, ngadon mélétét kana daster anu nyingkab, ka nu ngaboléklakna.

“Keur naon ari manéh, Awon?”

“Siap, Komandan! Nuju mencétan, Komandan!” Awon daria naker, teu weléh ngahormat nurutan Hansip, ngan ditungtungan ku imut ieu mah.

Nyi Nénih nyikikik.

“Sia mah. Batur digarawé, ieu kalah ngahénén jeung nu dénok!” Pa Kulisi angger mélététan pingping.

“Ari Aa? Badé naon siang-siang ka dieu?” Nyi Nénih ngadilak, ngoyag-ngoyag pingping nu keur dipencrong ku Pa Kulisi.

“Ngon… trol wé atuh. Pajar gering apan.” walon Pa Kulisi. “Indit kaituh. Awon!”

“Siap, Komandan! Dilaksanakan, Komandan!” cenah, ngahormat, tuluy balik kanan.

Nyi Nénih nyeuleukeuteuk.

Nu diseungseurikeunana mah noyod wé. Awon ngahariring Dengkleung, lagu nu ngan sakitu-kituna téa. Ngalieuk deui sotéh pedah Nyi Nenih ngagéréwék bangun géték. Barang malik, horéng nu duaan téh geus arasup ka imah. Pantona meundeut. Tapi da kadéngé kénéh sora Nyi Nénih aduh-aduhan. Parna kitu geringna? Ceuk Awon, tuluy balik deui rurusuhan. Lalaunan manéhna muka panto. Kasampak Pa Kulisi jeung Nyi Nénih keur patutumpuk dina korsi panjang, di tepas.

Kadéngé sora Nyi Nénih nu hos-hosan sada éntog.

“Peryogi nyaur Pa Mantri, Komandan?” Awon hariwangeun pisan.

Puguh wé, Pa Kulisi ngagurubug badis nu direwég kanjut.

“Siah, dasar jelema eusleum! Mantog, Awooon!” Pa Kulisi tibubuncelik, ngangsrodkeun calana dinesna.

Awon ngarénjag, reuwas. Tapi tuluy manéhna imut. Imut nu matak deungdeuleueun ceuk Mang Sidik téa mah. Nénjo imut Awon, Pa Kulisi bangun anu rada nyeblak. Bangun teu pararuguh rarasaan. Pa Kulisi ngajeten. Pias. Awon ngahormat, balik kanan tuluy ngagedig deui.

Beu, parna Nyi Nénih téh! Rénghapna gé mani hos-hosan kitu! Sada éntog! Untung wé aya Pa Komandan! Mun euweuh Komandan mah uing meureun kariripuhan! Bieu gé terus wé geuning dijampé! Karék apal. Komandan téh horéng bisa ngubaran! Omong Awon.

Pasosoré, Awon ngagidig deui ka imah Nyi Nénih. Rék ngalongok. Teu weléh kadéngé baé, sora Nyi Nénih nu hos-hosan sada éntog basa dijampé ku Pa Kulisi téa. Awon ngeupeul cau tilu siki, sésa Pa Kuwu di kantor. Karunya! Rék saha nu ngurusna! Boga nini geus pikun kitu! Ceuk Awon nu keur ngagedig.

Na atuh. di buruan imah Nyi Nénih. Awon bet pasarandog jeung dununganana, Pa Kuwu. Pa Kuwu keur memener baju jeung calana dinesna. Awon rikat nyumputkeun cau kana saku. Rumasa. Rumasaeun nyokot cau teu bébéja.

Awon kuram-kireum da puguh Pa Kuwu téh jalma nu pangdipikasérabna.

“Kateterasan Nyi Nénih téh, Pa?” Awon alangah-éléngéh.

Pa Kuwu ngarénjag da keur malaweung téa.

“Na da Bapa mah … Bapa mah tas néang sapi…” témbal Pa Kuwu teu pupuguh.

“Oh, teu damang deuih sapina, Pa?”

“Geus aya nu rék nukeuran ku sawah …” Pa Kuwu beuki teu puguh.

Awon imut. Imut nu matak deungdeuleueun téa. Nénjo imut Awon, Pa Kuwu ngejat tuluy ngabigbrig badis nu tas tepung jeung jurig dempak. Reuwas Awon gé, méh lumpat ngudag Pa Kuwu. Bari hemar-hemir, Awon luak-lieuk, tatanggahan kana tangkal sawo. Tapi da sidik taya nanaon.

Rét ka imah Nyi Nénih. Rarat-rérét. Sarimpé.

“Saré Nyi Nénihna gé. Dikirim obat ku Pa Kuwu. Heg obatna téh nu marahal téa,” Awon yakin pisan da puguh bageur téa Pa Kuwu mah.

Awon teu wani unggah, bisi ngaganggu. Ngan barang inget kana cau, manéhna tuluy ngahuleng. Cau dialak-ilik. Dipikiran kudu kumaha mikeunna. Da piraku ari kudu dibawa balik deui mah. Tungtungna, cau téh ditunda wé dina golodog.

“Jangeun ninina. Lumayan. Nyi Nénih mah geus dikirim apan ku Pa Kuwu! Nu ngeunah wungkul dahareunana ogé,” cenah ban ngaléos.

Kakocapkeun, peutingna di balédésa—enya, Awon téh sok ngagojod di dinya wé, matuh, da puguh teu bogaeun imah téa—saréna teu pati tibra. Ngimpi diudag-udag baé ku sapi gering nu hos-hosan sada éntog. Ngimpi ngapung jeung Nyi Nénih bari nananggeuy cau tilu siki. Manéhna jeung Nyi Nénih murag tina méga malang, ngagebrus kana cubluk. Dina cubluk. Pa Kuwu, Pa Kulisi, Pa Ulis, jeung batur salelembur ngadon silih rewég, silih ségag, silih cakar. Parebut cau nu ngan ukur tilu siki. Awon ceurik, ngadingdiut di pangimpianana.

“Ari Awon can hayang rarabi?” Pa Kuwu nalék, hiji mangsa, heuleut tilu bulan sanggeus Nyi Nénih gering téa.

Awon teu némbalan, kalah tatanggahan mencrong Galudra.

“Jen, kalah ngalamun! Kumaga mun dikawinkeun ku Bapa? Daék, Won?”

Kawin. Lebeng pisan. Teu kapikireun. Teu kaciptaeun.

“Ka Nyi Nénih daék, Won?” Pa Kuwu beuki nyedekeun.

“Engké Nyi Nénihna dibaturan ku abdi, kitu?” Awon kalah malik nanya bari ngagaroan sirah.

“Enya kitu. Engké Awon saréna pindah ka imah Nyi Nénih,” Pa Kuwu rada seuri.

“Saha atuh engké nu ngemitan balédésa?” Awon bingung.

“Ah, cuang nitah batur wé. Kumaha? Daék Won?” Pa Kuwu mimiti teu sabar.

Tungtungna mah Awon téh unggeuk najan bingungeun kénéh pisan. Bray wéh, Pa Kuwu munggah marahmay. Kitu deui Pa Kulisi. Kitu deui Pa Ulis. Béja yén Awon rék kawin ka Nyi Nénih téréh pisan narekabna. Loba lalaki, nu bujangan jeung nu boga pamajikan, ujug-ujug plung-plong haté barang mireng éta béja. Sugan wé balég ari geus kawin mah, kitu ceuk kaum ibuna.

Mang Sidik nu ngajenghok mah, tuluy ngaheruk meunang sawatara poé.

“Nyaan Awon téh rék kawin?” Mang Sidik ngahaja nepungan Awon.

Awon unggeuk bari imut. Nénjo imut Awon, Mang Sidik kalah ngalimba. Rus-ras ka kulawarga, ka dulurna Awon nu kabéh geus tilar dunya.

“Pikiran heula, Won. Ulah rurusuhan.” Mang Sidik dareuda.

“Ah, uing mah kumaha Pa Kuwu wé, Mang. Bageur Pa Kuwu mah da,” omong Awon. “Karunya cenah Nyi Nénih téh ceuk Pa Kuwu ogé. Jaba ninina geus maot apan. Keueungeun. Kudu dikemitan ceuk Pa Kuwu téh.”

“Nya ari kitu onaman,” tuluyna mah Mang Sidik téh ngabarabat mamatahan nu rék laki-rabi, mamatahan Awon nu ukur imut jeung imut.

Kacaturkeun, ger wéh kawin. Ramé sakitu mah. Nu daratangna loba. Nyarambungan. Kasép geuning Awon téh ari dangdan mah, ceuk nu nyaraksian. Ti Pa Ulis supenirna telepisi, urut-urut baé mah. Pa Kulisi méré kongkorong. Jang Dudung mah ngadon heureuy, ngadon mungkus pél anti sepilis. Pa Kuwu ngaharéwos ka Awon, ti Bapa mah sawah dua ratus bata, cenah. Tuluy Pa Kuwu ngaharéwos ka Nyi Nénih nu beuki gumuleng baé. Nyi Nénih unggeuk mani haget.

Bagja Awon téh. Bungaheun pisan. Imutna teu pegat-pegat. Sapopoé umat-imut. Ras deui kana caritaan akina. Enya wé! Batur téh nyaraaheun geuning! Padahal dulur gé lain! Hanjakal kawin téh teu ti baréto! Carék Awon nu terus imut jeung imut.

“Saré di tepas wé. Tipi bisi aya nu maling!” Nyi Nénih nyurungkeun, peutingna, basa Awon nyampeurkeun ka kamar.

“Moal keueung kitu, Nyai?” Awon mundur deui.

“Ah. da lain bolon! Sorangan biasana gé!” Nyi Nénih nyentak tuluy ngagebrugkeun panto kamar.

Awon ngahuleng. Tapi kapan ceuk Mang Sidik ogé kudu silih élédan ari jeung pamajikan mah. Awon imut deui. Kayungyuneun meureun pedah boga pamajikan ludeungan. Sanggeus karalang-kuriling teu puguh cabak, tungtungna mah Awon nyangsaya dina korsi panjang. Dina korsi éta pisan Nyi Nénih téh dijampé ku Pa Kulisi, baréto.

Awon lalajo telepisi nu teu disetél. Ramé geuning, ceuk Awon pedah keur bungah. Dina tipi, katémbong manéhna keur panganténan. Jenatna indung bapana tarurun ti langit, tarumpak kuda, diiringkeun ku widadari nu naranggeuy cau sasikat séwang. Awon seuri da geuning beungeut kuda téh bet siga Pa Ulis jeung Pa Kulisi. Dulur-dulurna, nu geus talilar dunya, ngariung di balandongan. Nanggap wayang. Beungeut wayang téh kabéh jiga manéhna. Sindénna teu eureun-eureun ngahaleuang lagu Dengkleung.

Barang lilir, kadéngé sora nu hos-hosan ti kamar. Sora nu humarurung deuih. Awon ngojéngkang, ngadeudeukeutan panto kamar. Kadéngé sora nu rerekétan. Bangsat kitu? Ceuk Awon sabot noong tina bilik carang. Nu katénjo ukur korsi. Anéh. Bet aya kulit oray nu nyampay dina korsi. Awon gigisik. Noong deui. Jékét. Jékét Pa Kuwu geuning nu nyampay téh. Apal da sok mangnyeuseuhkeun.

Naha aya jékét Pa Kuwu di dinya? Awon bingung.

Nu hos-hosan, nu humarurung, nu rerekétan, beuki lila beuki tarik.

“Nyi! Nyi! Ku naon? Gering, Nyai?” Awon ngetrokan panto.

Sora-sora ti kamar ngadadak jempé. Leuh, boa maot, Awon reuwaseun.

“Buka, Nyai! Buka! Buka heula, yeuh!” Awon ngagudrag-gudrag panto.

“Naon ieu téh? Peuting-peuting ngadon riweuh!” sora Nyi Nénih semu haroshos.

“Teu kua kieu, Nyai? Teu gering?” Awon hariwangeun pisan.

“Meugeus gandéng! Teu pupuguh! Ngaganggu nu keur saré!” Nyi Nénih nyentak.

“Nyaan teu ku …”

“Gandéng! Gandéng! Molor ka dinyah!”

Ngemplong geus kitu mah. Melang tuda, bisi kumaonam, cenah. Da ceuk Mang Sidik ogé kudu tulatén, kudu nyaah ka pamajikan mah. Awon seuri maur Rumasa. Bet ngaganggu nu keur saré, nu keur ngimpi boa, keur ngalindur. Ras kana jékét Pa Kuwu. Ah, téténjoan wé meureun éta mah, lulungu tuda, cenah bari ngagolédag deui.

Geus kitu mah guher deui baé dina korsi panjang. Geus ngimpi deui baé. Nyambung. Ngimpi kawin. Ratu Éntog pangantén awéwéna téh. Badag pisan éntogna gé. Badag bujur. Jeung disada baé deuih. Hos-hosan. Imah eundeur basa Ratu Éntog ngagarapak da disampeurkeun ku oray sanca nu kaluar tina jékét Pa Kuwu. Oray Sanca beuki lila beuki badag, beuki panjang, beuki buleud. Ratu Éntog dibeulitan ku Oray Sanca. Ratu Éntog jeung Oray Sanca disarada babarengan. Sorana sarua hos-hosan.

“Pareuman tipina. Awon! Geura saré!” Nyi Nénih gegebés, peuting isukna, basa Awon keur lalajo telepisi nu karék meunang menerkeun.

“Jih, raraména, Nyai! Kagok atuh,” Awon imut.

“Pareuman! Uing rék saré! Rarieut!” Nyi Nénih ngulas-ngulas lipstik, midang kénéh najan peuting beuki peuting.

“Meunang Akang saré di kamar, Nyai?” pokna sabot mareuman telepisi. “Réa reungit di dieu mah. Tuh, mani baréntol kieu.”

“Ah, di dinya wé, dina korsi. Tungguan tipi!”

“Jih. apan cikénéh gé dina tipi, sararéna téh bareng di …”

“Dina tipi sotéh. Imah uing mah lain tipi!”

“Tadi, ceuk Jang Dudung. Akang kudu saré di kamar, cenah!”

“Jelema burung Si Dudung mah! Didéngé-déngé teuing! Meugeus di dinya wé!”

Sora nu hos-hosan téh peuting harita gé geus kadéngé deui baé. Sora nu seuhah deuih. Kitu deui peuting isukna. Peuting isukna deui. Ti peuting ka peuting. Geus tara dipikiran ieuh. Kitu biasana meureun, saréna sok ngimpi baé, sok ngalindur baé, ceuk Awon. Paling ogé sok ras deui kana impianana sorangan, ka Ratu Éntog jeung Oray Sanca téa. Awon seuri da geuning beuki dieu Nyi Nénih téh beuki jiga Ratu Éntog.

Bujurna beuki badag baé. Beuteungna deuih. Leumpangna ngagétot badis éntog nu rék ngendog. Ka dieunakeun mah tara kadéngé ngalindur Nyi Nénih téh. Jaba jadi bageur deuih. Paingan ceuk Mang Sidik, bageur cenah engké gé, asal Awonna sabar wé. Ngan édas ogoanana. Kudu digeberan baé. Atoh wé Awon mah. Atoheun pisan. Komo barang mimiti meunang asup ka kamarna mah. Sapeupeuting Awon ngahihidan Nyi Nénih bari ngahariring Dengkleung.

Kacaritakeun, heuleut lima bulan ti tas dikawinkeun téa, Nyi Nénih geus ngalahirkeun. Orokna lalaki Kasép. Mani rabul nu ngalongokna gé. Abring-abringan. Lalaki wungkul. Awon beuki ngarasa dipikanyaah. Ku nu ngarubung, orok téh sok disaridik-sidik, tuluy saleuseurian bari silih tunjuk irung.

“Jiga Pa Ulis, Won!” aya nu pok nyarita kitu.

“Jih, puguh jiga Pa Kulisi!”

“Tarangna! Tingal tarangna! Tarang Pa Kuwu!”

Reueus wé nu aya Awon mah. Reueus pisan. Sugan atuh katuliskeun jadi pamong, cenah. Orok teu wéléh diteuteup. Teu wéléh geugeut. Teu wéléh hayang deukeut baé. Teu wéléh hayang nungguan di kamar. Tapi sanggeus Nyi Nénihna jagjag mah Awon téh teu meunang asup ka kamar. Tong boro mangku, teu meunang nyabak-nyabak acan. Bisi katépaan, ceuk Nyi Nénih.

Kakocapkeun hiji mangsa. sanggeus réngsé ngariung nyukuran orok, peutingna téh bulan ngempray kasawang ti tepas jempling. Awon ngabaheuhay dina korsi panjang. Asa jadi lalega tepas téh, buruan deuih ituh, ceuk Awon nu ras deui kana omongan akina.

Awon nyetél tipi. Sorana dileutikan pisan da bisi ngagareuwahan orok nu keur tibra. Sabot lalajo. Awon rut-rét kana panto kamar, ngarep-ngarep Nyi Nénih kaluar bari ngais budak. Kacipta baé, sirah orok nu bolénang karék meunang nyukuran. Kacipta lemesna mun diusapan. Hayang ngais deui. Hayang ngéyong. Hayang ngahariringan. Hayang…

“Hayang daging Oraaay!” Ratu Éntog kutap-kétap.

“Hayang daging Éntooog!” Oray Sanca kutap-kétap.

“Hayang daging oroook!” Ratu Éntog ngacay.

“Hayang daging oroook!” Oray Sanca ngelay.

“Hos! Hos! Hos!” ceuk Ratu Éntog.

“Hosss! Hosss! Hosss!” ceuk Oray Sanca.

Awon ngoréjat. Hudang. Culang-cileung. Bulan ngempray kénéh. Tipi hurung kénéh. Dina tipi, aya awéwé gégéléhéan di basisir. Aya lalaki nyampeurkeun. Awéwé jeung lalaki tuluy patangkod-tangkod. Ti kamar. geus kadéngé deui baé sora nu hos-hosan. Ras deui kana impianana cikénéh, ka Ratu Éntog jeung Oray Sanca téa. Awon seuri.

Sora anu hos-hosan téh mimitina lalaunan, laun-laun beuki tarik. Na atuh, orok ujug-ujug ngagoar. Awon curinghak. Jol kacipta orok dibeulitan ku Oray Sanca, dilolodok ku Ratu Éntog. Awon ngojéngkang, rék ka kamar, rék nulungan budak. Tapi Awon diuk deui. Teu wani da sieun dicarékan. Dina tipi, nu keur patangkod-tangkod aya nu ngintip. Lalaki jabrig nyangking balati gedé. Ceurik orok beuki tarik. Awon ngojéngkang deui. Rék lahlahan ngetrok panto. Panto kamar muka mantén. Bréh. Ratu Éntog ulag-ileug. Awon hemar-hemir Disidik-sidik. Nyi Nénih geuning. Nyi Nénih nangtung di lawang, bulucun semu ngésang, mangku orok nu gogoaran.

“Léwéh baé budak téh! Pépéndé, yeuh! Diéyong geura!” Nyi Nénih ngasongkeun orok jeung pangaisna.

“Karasa beuteung deui, Nyai?” Awon ngarawu orok.

Nyi Nénih teu némbalan, kalah gura-giru meundeutkeun panto.

“Dibaju geura, Nyai. Bisi asup angin kéh.” Awon ngais budak.

Teu wéléh geugeut ka orok téh Teu wéléh ditatap. Teu wéléh diusap. Orok diéyong-éyong bari dihariringan. Dengkleung. Sora ti kamar mimiti kadengé deui. Dina tipi, nu keur patangkod-tangkod dibongohan. Si Jabrig ngaheumbat. Gabres. Gabres. Getih muncrat maseuhan kikisik. Sora ti kamar beuki tarik. Jol kacipta. Ratu Éntog gutat-gétot beurat ku bujur. Oray Sancana calawak. Tuluy garulet. Silih lodok. Silih pacok. Silih cokcrok. Dina tipi. Si Jabrig terus ngahanca nu keur kokoloyongan. Gabres deui. Gabres deui. Dicehcer. Terus dicehcer. Getih busrat-basrét. Tapi teu dirérét-rérét acan. Si Jabrig terus ngaheumbat. Sakali deui. Gabres deui. Ngaheumbat deui. Gabres. Gancang Awon mareuman telepisi bari terus humariring.

Sora nu hos-hosan, sora nu humarurung, sora nu nyikikik. sora nu céplak, sora nu rérékétan awor jeung hariring Dengkleung.

Jempling tungtungna mah. Jempling pisan.

“Ujang rék jadi naon jaga? Jadi Pamong? Ah, jadi naon wé nya, Jang. Asal bageur,” Awon ngaharéwos, nompo kana ceuli budak nu geus tibra deui.

Ti kamar kadéngé sora nu batuk, ditungtungan ku cikikik.

“Sing amis budi Ujang mah, nya?! Ngarah réa nu nyaraaheun. Sing amiiis téh nya, Jang?”

Awon imut bari nyium budak. Awon bangun hayang népakeun imutna nu matak deungdeuleueun téa. Awon seuri barang nénjo orok ngarenyu nu imut. Aya nu nyalangkrung dina juru panon Awon.

Di buruan, caang bulan beuki ngebrak.***

=====

Catetan:

Pinunjul I Pasanggiri Ngarang Fiksi Paguyuban Pasundan/Hadiah Sastra DK Ardiwinata 1997. Dimuat dina Majalah Manglé No. 1628, Oktober 1997

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: