uaduq

Degung Panggung di Tuntung Seoul

In carpon on January 6, 1900 at 4:51 pm

Pangarang : Kang Yaya*

  • “Jaman Sunda kaemasan, Ratu Sunda PadjadjaranKabudayan kasenian, jadi bénténgna Pakuan

    Ayeuna cunduk waktuna, kiwari datang mangsana

    Geus jadi rakyat merdéka, sing santosa laluasa

    Sing jadi Sunda sawawa, mojang katut jajakana

    Jadi papaés bangsana, berjuang keur ngahiburna

    Peupeuriheun di héséna, da puguh lain cabakna

    buah geus asak na tangkal, urang ngan kari ngalana”

Angger ngagalindeng, lagu kameumeut, lagu kanyaah, lagu nu sok ngahudangkeun sumanget lamun harepan keur suda, lagu nu mawa daria jeung rasa bagja. Angger genah kareungeuna, teu usum naon-teu usum naon, lagu téh éstu payus kana waktu, angger ninggang kana mangsa.

Lamun usum gugur ngurunyung, langit bulao beresih, hawa kacida genahna, haneut meujeuhna pisan, ngeunah badan pikeun moyan, angin rerendahan ngagalindeng, dangdaunan rarobah warna tina héjo jadi konéng, sawaréh jadi beureum, nu ahirna maluguran.

Manuk kachi jeung manuk séjénna pakepuk ngumpulkeun régang leutik jeung kalakay pikeun pisayangeun, pikeun nyalindung éngké mangsa usum tiis, pamatuk jeung cékérna teuing ku parigel boh nu jaluna boh nu bikangna nganyam régang nyusun daun babarengan, éstu katingalna sauyunan sareundeuk saigel, teu kungsi katingali paséa, éstu anut.

Sakadang bajing teuing ku lindeuk, sakapeung sok nyampeurkeun kana leungeun, lutuk-létak hayang siki kacang, hayang roti, dalah peremén gé beuki. Cakah-cikih mulungan siki ”euneng” jeung siki ”tuturi” pikeun teundeuneun dina jero taneuh, carana teuing ku basajan, taneuh dikoréhan nepi ka legok, geus kitu sisikian diasupkeun kana taneuh nu geus legok, terus dirurub deui ku taneuh, téangeun éngké mangsa usum salju, mangsa werit ku dahareun, mangsa patulayahna salju bodas tur tiis nyecep.

Teuing ku pinter ki bajing, mani apal dimana tempat teuteundeunan sanajan geus kalimpudan ku salju kandel, manéhna bisa nangtukeun dimana sisikian diteundeunna, padahal teu maké lajer, atawa ciri tutunggul, éstu seukeut pangrasa, pamasihan Allah Ta’ala.

Usum gugur keur meumeujeuhna, kuring ngahaja maca ”Supernova: Petir” handapeun tangkal ”red maple” nu daunna keur meujeuhna beureum euceuy burahay siga luah seupah nu nyeupah, mun angin ngahiliwir ngaliwat, daunna salambar-salambar muguran, hiber kabawa angin, jauh rag-rag murag teuing dimana boa, tapi kalolobaanana sok teu jauh tina tangkalna, mayakpak siga karpét beureum, matak betah nu lumantung mulungan kalakay daun ”red maple”. Salambar dua lambar daun ”red maple” nu nyangsang na lahunan kuring dicokot terus diselipkeun di antara lambaran buku, pikeun teangeun taun hareup.

Carita turunan Tionghoa jeung urang Sunda diguar ku Déwi Lestari dina ”Supernova: Petir” éstu matak pogot, dalah latarna gé Pasundan. Dina carita éstu éndah, teu aya majar urang Sunda beurat birit ngan ukur resep masieup beungeut, tapi urang Sunda gé bisa, enya bisa lamun urang boga kahayang.

Lagu Degung Panggung di usum gugur éstu luyu dipaké marengan maca buku handapeun tatangkalan nu keur muguran, Degung Panggung muwuh halimpu. “Jaman Sunda kaemasan, ratu Sunda Padjadjaran, kabudayan kasenian, jadi bénténg na Pakuan”.

Kuring gigisik, teu percaya kana paningal, naha aya jajaka gandang nyampeurkeun maké baju takwa modéren jeung maké bendo, saébréhan siga ”pager bagus” dinu kawinan. ”Aing salah deudeuleuan,” ceuk pamikir. Beuki lila beuli deukeut, jajaka nyarita nanya.

”Deuleu éta urang Sunda, ngan ukur genah ku wirahma, ngalenggut ku lagu, naha anjeun teu boga ceta, tuh ténjo Pasundan Parahyangan, anakna sorangan nu dalurjana, teu ngarti seni budaya Sunda, pék ténjo ku anjeun longsér jeung bangréng ngagolér ampir paéh, bajidor ampir kojor, tarawangsa ngahelas teuing ku nalangsa, kitu deui ketuk tilu narah dipibanda ku rumaja,” Jajaka téh nyaritana bari muncereng nulak cangkéng. Kuring ngarenjag, reuwas tapi teu burung ngajawab.

”Eu…eu saha téa ki silah téh?”

”Kuring? Purnama Alam, apal silaing?”

”Apal da kantos ngadangu ti pun biang”

”Kumaha ka Sekar Tadji?”

”Kaleresan apal ogé”

”Kumaha ka Rusdi jeung Misnem”

”Ih éta mah karesep pisan, éstu saé pikeun atikan”

”Alus, bisa nembang? Nyaho pupuh?”

”Hapunten ki silah, abdi mah rumaos mung saukur jalmi panikmat seni, teu tiasa seueur hojah, sok komo hahaleuangan, dalah karéngkénék ogé teu kantos,” ceuk kuring alon. Purnama Alam teuing kamana léosna, basa kuring ngiceup jeung gigisik, manéhna geus euweuh. Kuring istigfar.

Ras inget ka lembur, pangpangna ka Ema jeung ka Bapa, kitu deui ka dulur-dulur. Inget baheula keur budak, saminggu sakali ampir unggal malem minggu, méméh saré Ema jeung Bapa katut lanceuk-lanceuk sadaya; Ceu Yuyu, Ceu Yoyoh, Ceu Cucu, Ceu Wiwi, jeung Kang Dédé sok genah ngawawacan, dina jejer Purnama Alam, Sekar Tadji atawa Mundinglaya Dikusumah.

Ngariung di tengah imah satutasna sholat isa diamparan samak pandan, dicaangan lampu patromak. Seupan taleus, suuk, boléd, sampeu jeung suweg ditambahan kurud gula kawung jadi lalawuh cai entéh haneut kuku.

Piligenti kumaha pupuhna, Ema bagéan asmarandana, dangdanggula sareng maskumambang, sakapeung ditambahan ku ladrang jeung lambang. Ari Bapa, kalandepna kana balakbak, jeung gurisa. Ceu Yuyu mah ahlina gambuh, juru demung jeung magatru. Ceu Yoyoh resep kana sinom jeung wirangrong. Ceu Cucu sok geunah pangkurna jeung pucungna. Ceu Wiwi mah sepésialis kinanti jeung mijil, ari Kang Dédé mung tiasa hiji, durma.

Banget ku karewas panggih jeung Purnama Alam, kuring cengkat terus leumpang, maksud muru taman Yoido, taman éndah di kota Seoul, beresih teuing ku asri, taya kuntung roko ngagunduk, dalah hiji gé teuing dimana, taya botol akua rosa, taya palastik ngadekil, taya keretas ngaleuya.

Sanggeus nepi ka tengah taman Yoido, gék kuring diuk dina bangku handapeun tangkal ”euneng” nu geus taya daunan, puguh ”euneng” mah sok pangheulana muguran daunna téh. Kuring neruskeun maca, ganti buku ku ”Kembang-Kembang Petingan” kénging Holisoh ME. Degung Panggung disetél deui.

“Ayeuna cunduk waktuna, kiwari datang mangsana, geus jadi rakyat merdéka, sing santosa laluasa”. Keur jongjon maca, aya wanoja datang teuing timana jolna, maké kabaya Bandung, dikelom geulis buatan Tasik, disoléndang karémbong kayas, éstu pantes liwat saking. Manéhna nyarita nanya.

”Ngiringan calik ah…”

”Ih mangga téh teuing,” ceuk kuring bari ngised méré lolongkrang keur diuk manéhna.

”Hatur nuhun, nuju maos rupina, mani pogot”

”Muhun, ke ieu téh saha téa nya?”

”Abdi, Citraresmi Diah Pitaloka téa upami percanten mah”

”Oh….,” cékéng téh, paingan teuing ku geulis, beungeut ngadaun seureuh éstu asli wanoja Sunda. Tapi teu kungsi lila manéhna inghak-inghakan, ceurik siga nu kanyenyerian, cipanonna nu murubut disusutan ku tungtung kabayana.

”Ké…Néng naha bet nangis?” Kuring nanya bari olohok.

”Emh..nyeri haté, kuring téh, asa kacida-cida teuing.”

”Nyeri haté kunaon Néng?”

”Pék titénan ku Akang, seueur wanoja Sunda ayeuna nu teu apal seni budaya sorangan, teu apal wirahma sok komo kana madenda, pélog, sorog dalah degung gé geus embung ngareungeu. Bujeng-bujeng kana gawil, kandagan, jayeng rana, topéng, jeung sekar putri, dalah jaipongan gé geus alim. Rek kumaha mun kieu? pan jéntré dina Degung Panggung, yén kabudayan jeung kasenian téh mangrupakeun bénténgna Pakuan jeung Padjadjaran nu ngalantarankeun jaman kaemasan Sunda?”

”Emh…sumuhun sadaya-daya.”

”Sanés ukur sadaya-daya Kang, Akang téh kedah aya hojah, sanaos dumuk ti Tungtung Seoul, kedah aya citrésna ka lembur, nyeri abdi téh Kang, nyeri pisan, dangiang Sunda téh laas, digadabah ku anakna sorangan, kena-kena geus merdéka, ngadon laluasa, laluasa ngarusak gunung narajang lambak. Lauk diwalungan suwung, diportas diracun, paéh jeung buruy-buruyna. Impun, kada, jelér, kéhkél, berod, lalawak jeung sepat kabéh ludes, sarakah, naha jalma jadi sarakah sanggeus merdéka téh? Padahal ceuk Degung Panggung mah nu kudu laluasa téh santosana lain ngaruksakna”.

Hiuk angin ngagelebug, daun nu muguran beuki rosa, reup kuring peureum sieun kapireungpeunan, barang angin leler, bray beunta, Citraresmi Diah Pitaloka ngaleungit. Kuring istigfar deui.

Jung kuring nangtung terus leumpang deui, ayeuna ngaliwatan handapeun jembatan jalan anu brasna ka sisi walungan Han, walungan nu meulah dua wilayah kota Seoul, Seoul kalér jeung Seoul kidul. Reg kuring eureun di sisi walungan, teuing ku beresih cai walungan téh, beda pisan jeung cai Cikapundung. Teu ka ambeu bau celep, sok komo bau runtah.

Éntog, soang jeung manuk cai anteng karokojayan, masieupan éndahna walungan Han. Kuring diuk nyanghunjar sisi walungan anu disulap jadi taman éndah. Buku ”Kembang-Kembang Petingan” diganti ku kumpulan carpon beunang Darpan Winangun, ”Nu Harayang Dihargaan”. Degung Panggung disetél deui.

“Sing jadi Sunda sawawa, mojang katut jajakana, jadi papaés bangsana, berjuang keur ngahiburna”. Teuing timana jolna, hiji aki-aki datang nyampeurkeun maké iteuk, nyorén koja, diiket barangbang semplak, asa siga Aki Balangantrang dina carita Ciung Wanara. Si Aki nyarita nanya.

”Ujang, nuju naon kasép? Cik aki nyuhunkeun leueuteun kacida hanaangna!”

”Euh…mangga Aki,” kuring kagét tapi teu burung nyodorkeun koka-kola kaléng ngahaja dibuka heula ngarah si Aki tinggal ngaleueut. Si Aki nampanan koka-kola, regot koka-kola diuyup, tapi teu lila diburakeun deui.

”Ujang….cai nanahaon ieu teh, geuningan bet nyereng kana irung, teu beuki Aki mah Ujang, lahang lain, cai kalapa lain, naon ieu téh Ujang?”

”Koka-kola Aki, punten atuh ari teu sedep mah, ieu baé atuh cai nyusu kénging nyandak ti mata cai Yonhee Dong caket puseur dayeuh kota Seoul,” Si Aki nampanan, terus cai na kempis diregot mani ngalekik, séép sapada harita. Pok deui nyarita nanya.

”Ujang cai nyusu ieu téh nya? mani ngeunah asa-asa cai nyusu ti Lebak Gedé deukeut Babakan Siliwangi, Ujang. Timana ieu téh Ujang ngalana, ti gunung jauh meureun nya?”

”Sanés Aki, ieu mah ti kota Seoul, di kota Seoul mah sanaos kota gedé métropolitan, seueur pisan mata cai nyusu téh Aki, da puguh mata cai téh kacida dipihormatna, dipiara, lir kana cai Cikahuripan atawa Cikabuyutan.

Lamun di hiji tempat aya huluwotan atawa mata cai nyusu, teu kenging aya nu ngaganggu, teu kenging ditutup atawa disidem ku sorangan, kedah janten milik umum balaréa, kabéh warga ngabogaan hak pikeun ngala cai nyusu, dalah wangunan gé ngéléhan tara ngadeg lebah ngaburialna cai nyusu. Urang Koréa percanten yén upami maranéhna nutup cai nyusu, sami sareng nutup liang rejeki, teu siga di urang, utamana di kota, sapérti Bandung, mata cai ditutup atawa jadi milik pribadi, mangga geura taroskeun ka urang Bandung, duka geus sabaraha hiji huluwotan cikahuripan di Bandung nu geus ditutup atawa nu geus jadi milik pribadi, geus puluhan atawa boa geus ngaratus, ti mimiti Ciumbuleuit nepi ka Ujung Berung”.

”Ih…Ujang, jaman Sunda kaemasan mah, jaman Padjadjaran jeung Pakuan, éstu sarua jeung di Koréa ayeuna, huluwotan teu meunang diganggu, kudu jadi prasasti tempat nitih wanci jeung sumber cai”.

“Tapi naha ayeuna bet béda, jauh pisan kana Sunda sawawa, kalah bangsa Koréa nu beuki sawawa téh, naha atuh ari urang Sunda iraha rék sawawana? Iraha rék arélingna? Iraha rék merhatikeun lingkunganana?”

“Kahayang téh jajaka jeung mojang Sunda kudu jadi papaés pikeun ngélingan urang Sunda nu sakama-kama, Sunda téh panan geus, kolot geus sawawa dina yuswa, geus sepuh dina umur, sarua jeung umur Aki, boa-boa leuwih. Ujang aki mah melang pikahareupeun ki Sunda téh,” ceuk si Aki bari amitan. Si Aki leumpang lalaunan ka kalérkeun, ku kuring dituturkeun ku paneuteup, laun-laun jauh, les teu katingali.

Galindeng deui lagu Degung Panggung muwuh beuki halimpu. “Peupeuriheun di héséna, da puguh lain cabakna, buah geus asak na tangkal, urang ngan kari ngalana”. Buku ”Nu Harayang Dihargaan” ditutup diganti ku ”Lembur Singkur”, kenging sastrawan kawéntar Abdullah Mustappa.

Emut deui ka dongeng Ema, lamun maca ”Lembur Singkur” téh. ”Basa jaman kamerdékaan mah Ujang, harita Ujang can aya, kakara boga Jenatna Ceu Haji jeung Akang manéh wungkul, harita Ema jeung Bapa iang gula, lalab rumbah jeung oncom ka pasar Situraja”.

“Réngsé iang gura-giru balik, balanjaan kayaning asin, uyah, tarasi mah dibawa ku Bapa hidep. Lebah tanjakan Cigodég dérédéd sora bedil, hélikopter muter, sora kanon sing harieng. Ema dijongklokeun ka susukan Cigodég ku Bapa hidep, bluk nangkuban bari terus tonggong dipopokan ku leutak da puguh harita Ema maké kabaya bodas heuras meunang ninun lain burukat atawa sutra, boboko urut wadah gula, rumbah jeung oncom nu digandong ku Ema lapur ringsek teu kapuluk”.

“Hésé Ujang hirup téh baheula mah hésé! Béda jeung ayeuna, ayeunamah kari ngeunahna Ujang, ceuk paribasana buah geus asak ditangkal hidep mah ngan ukur kari ngalana.

“Jadi omat Ujang, diajar téh masing suhud masing nepi ka jucungna, ulah pugag sabab teu boga biaya, urang kudu bajoang, peupeuriheun ti héséna pikeun ngahontal kamerdékaan, da puguh lain cabakna, Ujang mah ngan ukur kudu nuluykeun”.

“Kudu hasil Ujang sakola téh, mun hasil kadé sing inget ka lemah cai, ka Sunda, ka Padjadjaran, ka Pakuan sarakan urang” soanten Ema nongtoréng deui.

Degung Panggung anger ngagalindeng mapaésan lamunan kuring, méré wirahma kahéman. Kuring geus buleud hayang ngawangun Bandung siga Seoul, asri, beresih, copét mangprét, nu jajaluk suwung.****

(Tungtung Seoul, Salasa 4 Oktober 2005).

*Yaya Rukayadi, Ph.D

Kiwari jadi panalungtik di Malaysia, urang Situraja Sumedang

(sumber: majalah balébat édisi kadua)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: