uaduq

Aing Djago

In carpon on January 6, 1900 at 4:20 pm

Pangarang : S.A. Hikmat

,,Tah dada aing” Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu ngadéngé matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun. Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar manéhna mah. ,,Hajoh dia ulah ngadjedog baé.”

Si Gomar anu geus kasohor djago di daérah Tjibaliung, haténa rada hemar-hemir. Asa kakara manggih lawan anu teuneung ludeung asup ka daérahna. Sanadjan manéhna geus njaho kana ngaranna ogé, ari adu hareupan mah kakara, da di dunja kadjawaraan di sakuliah Banten mah teu aja nu bireuk atuh ka si Djago téh. Djago-djago di Labuan, Menés, Rangkas, Cilegon, Pandéglang geus tétér. Kabéh dipatjundang. Karék ku haok djeung polototna baé gé geus réa nu taluk. Komo ieu bari diparag ku si Djago djeung baladna saperti ajeuna mah.

Karérét ku djuru panon Si Gomar, balad-balad manéhna sorangan bangun nu leungit pangatjian. Rénghap manéhna narik napas pandjang, tajohna ngumpulkeun heula tanaga djeung pangatjian.

,,Djadi asal idjén!” djawab Si Gomar neger-negerkeun manéh. Haténa mah teu wudu dag diug dug. Srog madju ka hareup. Bedog Tjiomasna méh ngangsar kana taneuh. Geulang bahar meulit dina pigeulang duanana. Dua djago geus adu hareupan. Nu saurang awak badag sembada, nu saurang deui djangkung leutik.

Njéh Si Djago njéréngéh semu nu ngahoa. Pikirna sageprak ogé Si Gomar moal teu rubuh.

,,Hééét” Si Djago ngagigila musuhna. Dina kalangan pentja di Banten mah sora ieu teh pikeun méré peringetan. Musuh kudu iatna sabab gorowok kieu téh biasana disusul ku panaradjang kilat nu bahja. Tapi da lain djawara sakatiga atuh si Gomar ogé. Nangtungna masing angger tagen. Teu sebér ku geretak nu matak katorékan. Manéhna tetep ngadago gerakna musuhna. Tapi nu didago lebeng.

Ana barakatak téh Si Djago ngagakgak ,,Heuh, heuh, heuh,” matak muringkak bulu punduk. ,,Heuh heuheuh, bener djago dia, njah! Deungeun-deungeun mah karék dihétkeun géh geus bidjil kokonéng.”

Rej beungeut Si Gomar beureum. Haténa ngéntab panas. Leungit sagala kagimir. Ajeuna paéh isuk paéh. La haula wa la kuwata, tjeuk haténa njambat. Teuing ka saha. Ngan nu dipeleng ku mengingetna mah, guruna, nu nurunkeun sagala élmu pentja djeung kawedukan.

,,Hajoh dia madju”. Ragamang Si Djago rék ngarawél beuheung Si Gomar. Ieu pisan nu diarep-arep ku Si Gomar gé. Antara sasénti deui ngagilek, leungeun musuh digiwarkeun kaluar. Tapi…. Méh waé manéhna kaleungitan kasaimbangan badanna. Da leungeun Si Djago sakilat: ,,leungit”. Sihoréng éta gerak tipu. Geuwat manéhna menerkeun deui tangtunganana.

,,Heuh, heuh heuh” Si Djago Tjeutjeuleukeuteukan. Seuri nu karasana asa balati nurih angen Si Gomar. Saumur dumelah, karék ajeuna dipojok djeung digeuhgeujkeun dina kalang, mangkaning di lembur sorangan deuih. Rénghap deui narik napas. Huntuna kekerot. Napsuna mimiti ngagudag-gudag. Gorowok manéhna nantang. ,,Hajoh dia djago, madju Sétan ……….”.

Djep nu njeungseurikeun djempé. Rej beungeut Si Djago beureum. Biwirna mani ngawet, dadana beuki didjébérkeun. Panonna molotot bangun anu rék ngalegleg.

,,Disakalikeun dia ku aing ajeuna mah, moal diombéran,” gerentesna. Sebrut peureup katuhuna nu sagedé tjengkir ngahiuk. Djleng Si Gomar luntjat ka katuhueun musuhna, bari nepak siku Si Djago ku leungeun kéntja, bareng djeung suku katuhuna nédjéh palangkakan. Mun nu sédjén mah dina tangtung kitu téh geus pasti beunang mamatihna.

Tapi Si Djago nu kakontjara mahér pentjana, ngan ukur djero sasékon geus bisa ngoméan tangtungna. Sret narik leungeunna nu milepas, disikukeun bari ngarengkogkeun awakna. Tulang siku diadu djeung tuur Si Gomar. Ngan sakilat duanana geus pada menerkeun deui tangtungna.

Sadjongdjonan papelong-pelong . Napasna ngaharégak. Sebrut deui Si Djago ngaheumbatkeun peureup katuhuna. Tapi harita kénéh ditjentok deui bari ngagilirkeun awakna ka katuhu. Atuh Si Gomar nu rék ngadua kalian mitjeun panaradjang musuhna kawas tadi téh, ajeuna kapalingan tangtung. Karék gé djleng ka katuhu geus dipapag mantén ku peureup Si Djago nu ditudjukeun kana beungeutna. Gerak réfléks Si Gomar teu kendor, lep manéhna ngelok, brek pasang depok. Peureup kéntja Si Djago ngahiuk mani bangbaraan milepas luhureun sirah musuhna. Kapaksa Si Djago ngaléngkah ka hareup pikeun méré kasaimbangan tangtungna nu lontjér. Tapi karék gé tjlék sukuna kana taneuh, geprak suku Si Gomar ngagunting. Riek awak Si Djago njanggéjéng. Arék dibeubeutkeun pisan, gewewek ngaranggeum buuk Si Gomar. Nu laladjo mengkek napas. Gurindjal, djleng Si Gomar luntjat heula. Geutih ngarej kana tarangna. Sérépét bedogna dilugas. Gurilap-gurilap katodjo panon poé.

Si Djago, da beurat ku awak, teu kaburu nangtung. Kapaksa manéhna ulin di handap, pikeun nahan panaradjang Si Gomar. Séak sora bedog ngahiuk njabet beuheungna. Gilek Si Djago ngagilek bari ngadepong, djekrés sukuna ngagunting musuhna. Tapi Si Gomar rikat pisan ngadjleng.

Djleng ka kéntja, ketjék suku Si Djago dikadék, tapi poos digiwarkeun, bles bedogna nantjeb kana taneuh. Si Gomar dina sikep nu nguntungkeun, terus njehtjer musuhna ………………. Djlung-djleng ka kéntja ka katuhu bari njabet-njabetkeun bedogna. Si Djago napasna geus mimiti ngahégak. Manéhna kapaksa ngalawan musuhna ku karikatan sukuna wungkul. Kaajaanana matak pikahariwangeun.

,,Tah, Ka ………. !” Salah saurang balad Si Djago ngagorowok. Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago, manéhna ngagilek bari njanggap bedog musuhna ku siku-siku.

Belentrang wadja pada wadja diadu, bareng djeung ngagoakna Si Gomar. Pluk bedogna murag tina leungeunna. Sadjongdjongan ngadjengdjen, bru nu rubuh bari sesegor, Si Gomar palastra-satria tengahing kalang. Aja nu djail ti luareun kalang!

Si Djago nu masih ngadepong bari ngahégak, olohok néndjo musuhna teu puguh-puguh rubuh. Djung manéhna nangtung lalaunan. Bréh katéndjo aja péso nantjeb dina tonggong Si Gomar. Barakatak manéhna seuri. Geus biasa da, samangsa-mangsa manéhna kapépéd dina tarung, geus tangtu aja pakarang ,,rasiah” nu digunakeun ku baladna. Bubuhan réa pembéla-pembéla njiliwuri djeung mopoék, maledog balati ka musuhna, ti luareun kalang. Tapi nu sohor mah tetep Si Djago baé.

,,Heuh ……… heuh ……… heuh !” bari njampeurkeun musuhna. Djeprot disepak, ketjoh ditjiduhan, bari ngahaok : ,,Hajoh dak, randjah imah-imahna .” Si Djago méré komando bari ludjag-lédjég, siga nu heueuh unggul ku djalan beresih. ,,Tjalukan djarona ka dieu. Kumpulkeun djalma-djalma kabéh.”

Teu kungsi saparapat djam, awéwé-lalaki geus kumpul naragog hareupeun Si Djago, bangun miris.

,,Mana djarona dak?” ,,Ieu jeuh Ka,” salasaurang baladna ngagorowok bari njuntrungkeun djaro (lurah).

,,Saha ngaran dia, hah?”

,,Badi” djawabna bari ngadégdég.

Sanadjan manéhna urut djawara ogé, ari njanghareupan Si Djago mah kéder. Haténa ratug tutunggulan.

,,Mimiti poé ieu dia dipotjot ku aing. Bagus kénéh dia teu di podaran gé.” Rét panonna niténan wanita-wanita nu naragog.

,,Tah nu ieu, nu ieu, tuh nu itu, itu” bari nundjukan awéwé nu taregep. ,,Djang aing éta mah. Ulah aja nu wani!”

Si Djago nu geus nalukkeun djawara-djawara di unggal kabupatén, katjamatan djeung désa, ngaranna beuki sohor baé. Beuki gedé pangaruhna djeung loba pakajana, beuki matjeuh sarakahna, ngagalaksak ka rajat.

Angen-angen-na mah hajang bisa nalukkeun kabéh djago di sakuliah Banten, ti Udjung Kulon nepi ka Djampang Kulon. Ngaranna beuki dipikagimir baé, atuh beuki sombong, adatna mahiwal ti batur. Sagala kahajangna teu meunang dipungpang, utjapna hajang digugu baé. Lamun tjarékna : ,,Tjokot awéwé itu!” djeun teuing pamadjikan batur, hih kudu waé digugu. Dibantah saeutik gé maké kolu ngadék. Tapi ana geus njaah ka djelema, babakuna nu bisa ngadjilat, wah taja dunja kinasihan. Bro-broan, ka awéwé mah. Sakalina mahugi ogé tara diitung deui, sok imahna, sawahna, kebonna, lengkep djeung ingon-ingonna . Tapi lamun seug kahajangna dihalang-halang. Beu, mani kawas nu ngadadak owah. Murang-maring, djubras-djebris hahaok djeung sesentak babanting bari meupeus keujang, tapi baladna geus teu hélok deui. Lamun gegedugna keur ,,motah” tjara nu kasurupan téh, osok song wé diasongan awéwé geulis ngadadak lindeuk, bari latam-létém tjara embé badot ngadeuleu Si Bikang. Pajus disebut kolot-kolot kokorobét téh, da umur Si Djago téh geus kawilang kolot. Kitu lah kira-kira 65 taun. Tapi kalakuanna ka wanita mah tara ieuh éléh ku nu ngarora, mun teu rék disebut leuwih gembul téh. Madjar téh, ,,meungpeung aing kawasa, sagala lubak-libuk.” Numatak Si Djago hirupna beuki kolot téh beuki mangprung. Tunggul dirarud tjatang dirumpak. Djadjauheun kana babalik pikir téh. Ari pamadjikan salawasna opat. Nu resmina kitu sotéh. Ari ka saha-saha ngakuna mah Islam. Tapi Islamna ngan lebah njandung wungkul. Deugeulna (kepala batu) alahbatan budak halabhab. Rarasaanana ,,aing pang benerna sorangan”; batur mah kabéh gé salah! Aing kudu digugu!

Dina hidji poé soré-soré Si Djago diriung-riung ku baladna nu raket pisan. Manéhna ngabaheuhaj dina korsi males. Di kamar istiméwa paranti leleson djeung sukan-sukan . Gigireunana dua modjang nu barahénol tarapak deku bari mareuseulan bitisna. Saurang deui modjang keur njiaran njabutan huisna, da hajang tetep siga ngora, magar téh.

,,Daak, Daak, ……….! Sora Si Djago ngagerem. Panonna peureum beunta. ,,Kumaha Si Deugeul, djaro Mandalawangi téa geus dipotjot?”Djempling taja nu ngadjawab.

,,Pan euweuh nu njoara? Hajeh ngomong dararia!”

,,Ehm ….. Ehm …..” Si Patrik anak emasna Si Djago ngadéhém.

,,Teu atjan Ka.”

,,Hah…….. ku naon?”

,,Éta…… éh…….. dihalang-halang ku anakna.”

,,Anakna? Djawara kitu?”

,,Sanés. Dja budak kénéh, malah bédjana mah sakola kénéh.”

,,Bating! Kapan ku budak baé bisa dihalangan. Naon daria geus djaradi bikang kitu?”

Kuniang Si Djago hudang. Bari molotot, manéhna ngagorowok: ,,Mana Si Gada nu diparéntah ku aing ngaganti Si Deugeul?”

,,Tatjan dongkap Ka, di Mandalawangi kénéh.”

,,Hajoh téang kaditu. Héran aing mah, boga balad ketjing kitu.”

,,Pan aing nu ngagadjih daria unggal poé. Aing nu maraban daria isuk-soré. Aing nu méré pipamadjikaneun ka daria. Tjoba hajang njaho, saha nu adil djeung bageur tjara aing? Moal aja sadunja géh. Aing nu pangdjagona, aing nu pangbageurna……”

Sabot kitu di luar aja sora ribut-ribut . Djelema tinggorowok, tingdjarerit mani ajeuh-ajeuhan.

,,Naon tah?” Si Djago tjuringhak. ,,Saha nu wani ribut-ribut di imah aing? Kurang adjar……..”.

Tjan ogé anggeus ngomongna, ana berejek téh djelema-djelema ti luar arasup. Panto didjedjek parabot diubrak-abrik. Bru-bro barang petjah-belah kawas dibanting-bantingkeun. Blak panto kamar Si Djago muka, aja nu nédjéh. Sampojong-sampojong aja djelema asup. Badjuna ruwak-rawék, beungeutna pinuh ku getih. Bru rubuh hareupeun Si Djago. Blus tilu djadjaka arasup. Narangtung adjeg, tapi sikepna sajaga. Pasemonna lébér wawanén.

,,Tah…… Djago……! Balad andika Si Gada nu rék ngaganti Djaro Deugeul!!” tjeuk salah saurang djadjaka. Ngomongna ajem teu aja sari-sari kasima, komo gimir mah. Bangun jakin ka diri pribadi.

,,Haramjadah….” Si Djago ngagorowok. Ambekanana ngahégak panonna buntjelik. ,,Saha dia hah? Deuk ngadjagoan hareupeun aing! Budak olol lého, hajoh ngomong, bisi hajang dipékprék hulu dia ku aing. Saha ngaran dia?”

,,Kula” djawab pamingpin djadjaka-djadjaka téa, ,,Ti Mandalawangi. Katelah mah Pakih.”

,,Pakih? Tjan ngadéngé ngaran kitu mah. Anak saha dia hah?”

,,Kula anak Djaro Deugeul nu ku andika deuk dipotjot. Kula sabatur-batur ngahadja datang ka dieu deuk méré peringetan ka andika………..”

,,Peringetan……..? Aing deuk diingetan ku pantaran kitu? Budak bau djaringao? Heuh, heuh, heuh, heuh……”

Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago. Tjleb péso balati nantjeb kana panto tukangeunana. Manéhna ngaréndjag tuluj malik. Sabot malik sérépét aja nu ngagaris kana leungeun badjuna. Rikat manéhna njingtjet. Tjleb deui péso balati nu kadua nantjeb dina kosén panto.

,,Bangsat dia, nangtang gelut ka aing?” bari nepakan dadana. Si Djago sosoak: ,,Jeuh aing Djago. Aing nu kawasa, aing nu ngéréh sakuliah Banten. Dararia mah tjatjing tjau! Budak olo-lého, tjan njaho di nu djagoan. Aing nu geus loba pangalaman, aing nu geus seubeuh mandi geutih, aing…………….”

,,Ngadjedog ulah loba pidato andika!” tjeuk Pakih tetep ajem. ,,Geus bosen kami mah. Témbongkeun ajeuna kadjagoan andika. Geus datang mangsana andika ngeureunan sagala kadjahatan, kadoliman djeung kasarakahan. Rajat laleutik geus teu sabar deui digarong pakajana, dirampas anak-pamadjikanana ku andika djeung balad andika. Meudjeuhna ajeuna andika tobat ka Pangeran djeung sumpah hareupeun batur-batur kami, jén moal deui-deui ngaruksak kaum wanita…….”

,,Heuh, heuh, heuh. Deuk njingsieunan dia ka aing? Heuh, heuh, heuh. Dak, dak! Deléh ku daria ieu tjatjing-tjatjing tjau, deuk maraksa ka aing kudu taluk? Heuh, heuh, heuh….”

Borobot djandéla aja nu naradjang. Putjunghul sirah barudak narolol. Belewer-belewer batu sagedé-gedé kalétji merekpek sirah djeung beungeut Si Djago. Manéhna pakupis nakis, hut-hét, djlung-djleng, tapi atuda murubut datangna, sanadjan mahér pentja, teu burung baluntjunur tarang djeung sirahna.

Ambek njedek tanaga midek. Tungtungna mah ngadjendjen wéh.

,,Eureun!” Pakih méré komando ka anak buahna. ,,Hajoh Djago kumaha karep andika ajeuna? Sanggup sumpah? Sanggup ngeureunan sagala kadjahatan djeung kadoliman? Atawa hajang digorok andika ku anak buah kami?”

,,Éh… éh… éh… Nanaonan ieu kasép. Kapan Mamang ti baheula géh tukang ngurus djelema leutik. Njaah, deudeuh ka pakir-miskin. Teu rumasa Mamang mah. Demi Allah daék paéh kasarad, tilok ngabinasa ka sasama manusa. Hiih haram géh hukumna ……”

,,Ari éta andika sok ngarusak kaom wanita. Tjruk-tjrek kawin ka ditu ka dieu, djaba ngundeur. Pakaja batur dirampas, njawana dipegatkeun.”

,,Masja Allah, pitenah éta mah. Pitenah kasép, ulah sok dipertjaja. Mamang nu ngarondjatkeun harkat kaom wanita mah. Mamang nu geus korban mélaan rakjat djémbél. Sing pertjaja ka Mamang. Ulah kaosol ku batur Sép. Maranéhna mah sirikeun ka urang…” djawabna neger-negerkeun manéh. Tapi dina haténa mah njeungseurikeun. Lah pilakadar bebenjit kamari ieu. Njaho gé moal urusan kolot.

Ari éta, pamadjikan andika nu ngarora, kapan pantesna mah djadi intju. Kabéh meunang papaksa. Lain ngaruksak wanita ari kitu?”

,,Aih, aih kasép. Éta mah amal soléh, Mamang mah sosial ka saha-saha ogé.”

Tajohna mah batur-batur Pakih geus teu sabar; djlung-djleng laluntjatan tina djandéla. Rob ngalingkung Si Djago bari tinggorowok djeung mesat bedog. ,,Gebruskeun baé ka Tjiliman! Tarandjangan, urang arak ka kota. Bui, bui, asupkeun ka pangbuian….gebugan heula!”

,, Stop dak!” Pakih méré komando.

Djep djempling. Sanadjan ngarora kénéh ogé, ari kana disiplin mah njaraho. Nurut ka pamingpin.

Srog Pakih madju bari ngomong : ,,Ieuh, Djago, bisi teu njaho batur-batur andika kabéh geus ditéwakan ku anak buah kami djeung ku rajat. Digarebugan patingdjaropak. Kari andika ulon-ulonna. Bisi panasaran hajang ngalawan, pék andika kari meta. Arék silih kadék ku bedog, arék silih tewek ku péso, kami teu sieun.

Harta banda manéh nu asal meunang ngarampas sarta diaraku ku nu bogana, ku kami dipulang-pulangkeun ka nu boga milik. Boh nu aja di andika, di pamadjikan andika, di anak, di baraja, anu tétéla meunang teu halal mah, kabéh dipulangkeun ka nu bogana.

Bisi teu njaho, rajat Tjibaliung ajeuna geus beunta, geus hudang, geus samiuk, kabéh idjideun, ambekeun ka andika. Lamun ajeuna ku kami dihutjuhkeun, moal kungsi lima menit andika djadi bangké! Ngarti?”

Lamun andika hajang salamet pandjang umur, ajeuna kénéh talak pamadjikan andika opatanana, sina mulang ka salaki-salakina nu baréto. Andika pribadi méméh surup mata poé kudu geus indit ninggalkeun Banten. Hadé tetep matuh di Banten, tapi kudu tarima hulu andika misah tina awak.”

,,Gorowok ti luar ramé : ,,Peuntjit baé ajeuna! Peuntjiiiit!”

Si Djago anu sok susumbar-gumagah téh, harita mani ,,péot” bawaning ku sieun. Ngoléséd tina korsi males bari njembah atjong-atjongan, ménta hirup.

,,Haju urang tinggalkeun” Tjeuk Pakih ,,Kateuteuari ngalajanan nu burung…..”.

***

Katerangan:

Ieu Carpon dimuat dina buku kumpulan opat Carpon pilihan dijudulan Aing Jago, diterbitkeun ku penerbit Mandalawangi Bandung taun 1967.

Subur Abdurrahman Hikmat (Pandéglang 16 Pébrurai 1918 – Bandung 10 April 1971), tentara, usahawan, ulama, pangarang. Lulusan MULO, buku kumpulan Carpon Aing Jago, sasarengan sareng Ki Umbara ngarang buku Pahlawan-pahlawan ti Pasantrén, salah saurang inisiator ngadegkeun PPSS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda).

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: