uaduq

Rurugan di Pangbarakan

In carpon on January 4, 1900 at 9:41 am

Pangarang : Yus Rusyana

Medal : Majalah Jaleuleu, nomer 3, 1975)

Bubar ngaji barudak di kampung Kaum ngadon ngabring ka sisi leuwi. Geus tepi, gék dariuk di handapeun loa, ngariung.

“Cik pok caritakeun, kumaha panghina barudak Cikonéng téh, Uwas!” ceuk Uha anu nangtung bari nyarandé kana tangkal loa.

“Enya cenah, mana lalakina urang kampung Kaum téh. Urang pateuas-teuas peureup,” ceuk si Uwas.

“Geus ngadéngé éta mah déwék ogé tadi! Teu kudu dibalikan deui. Ayeuna mah ku silaing caritakeun, naha pangna jadi kitu?”

“Déwék téh tas ngala suluh. Barang keur nanggung ngaliwat ka lebah pamandian, réa budak Cikonéng di dinya, ngadon saleuseurian. Déwék teu ngeunah, reg eureun. Naha maké eureun di dieu, rék ngajak gelut, cenah. Tong boro budak héngkér kawas silaing, Uwas, jago Kaum gé ku déwék moal ditarajéan, jig béjakeun. Kitu tah ngomongna,” ceuk si Uwas.

“Ku silaing dikumahakeun, diantep? Heug lawan, euweuh kahayang teuing,” ceuk si Bohim lajag-léjég kawas anu panas.

“Ku déwék gé dilawan, tapi déwék ngan sorangan, itu lobaan,” témbal si Uwas.

“Kieu ayeuna mah, euy,” ceuk si Uha. Tétéla urang Cikonéng ngahina ka urang. Naha urang rék cicing-cicing waé? Arolo-olo pisan, samaruk urang rék cicing? Agul pisan bisa golémpang téh. Ulah diantep, tuman. Naha dikira urang Kaum téh keuyeup leuleus? Meungpeung urang ayeuna geus kumpul, hayu urang terus indit, urang jorag ka lemburna. Satuju sarilaing?”

“Satuju!” ceuk barudak téh.

“Ké heula,” ceuk Hamid anu ti tadi teu réa omong, tapi tenget ngabandungan, “ceuk déwék mah ulah gurung gusuh, kudu dipaluruh heula, bisi urang salah.”

“Salah kumaha? Geus puguh urang Cikonéng anu nangtang!” ceuk Uha.

“Enya, tapi éta mah karék ceuk béja ti si Uwas!” témbal Hamid.

“Sanajan béja gé, tapi kapan bener kitu,” ceuk Uha.

“Ceuk déwék mah kudu dibuktikeun heula,” témbal Hamid deui.

“Mid, teu nyana silaing. Ongkoh mah silaing pangjagona penca, tapi borangan!” ceuk Uha.

Barudak geus gilig arék ngajorag ka Cikonéng. Bring waé indit, mapay susukan Cigulanjéng ka girangkeun. Ti dinya mapay galeng asup ka lembur Cikonéng. Tapi teu kapanggih barudak ngulampreng. Tuluy baé ka Pangbarakan, biasana di darinya barudak Cikonéng sok arulinna.

Ari Hamid ngaléos teu milu kana abringan barudak Kaum. Teu nyaho ka mana inditna, taya anu nangenan.

Ari lebah pamandian, barudak Kaum papanggih jeung budak Cikonéng saurang.

“Silaing budak Cikonéng?” ceuk Uha.

“Enya,” témbal nu ditanya.

“Béjakeun ka babaturan silaing, urang Kaum geus sadia. Lamun enya wani, hayuh ayeuna urang gelut. Bisi sieun gelut di lembur déwék, urang gelut di Pangbarakan, ambéh urang dieu gampang bébéja ka indungna. Jig béjakeun. Geuwat kituh geus arateul, hayang ngasaan nampiling urang dieu!”

Budak Cikonéng mani euceuy ceulina bakat ku panas. Léos manéhna indit.

Barudak Kaum ngabring deui neruskeun lalampahanana ka Pangbarakan.

Ari Pangbarakan téh tegal di lamping Pasir Pogor. Nu jadi di dinya jujukutan jeung ruyuk-ruyuk saliara, manjah, jarong. Di dinya osok dipaké ngangon munding jeung domba. Dina anu lémpar barudak sok maraén bal.

Barang tepi ka pangbarakan teu nyampak sasaha. Aya éta ge budak keur ngangon, tapi jauh. Barudak Kaum geus teu salabar ngadon éjégélér baé hayang geura der gelut ngadu peureup.

Geus rada kesel anu ngadagoan, katara di kajauhan rentang-rentang aya nu leumpang. Beuki lila beuki atra ngabrul. Barudak Cikonéng geus daratang. Maranéhna teu manglumpatkeun, nyumponan kahayangna urang Kaum.

Ari geus tepi ka Pangbarakan itu ieu silih pelong.

Gorowok Uha ngomong, “Kalékéd teuing euy. Naha silaing sieun? Ongkoh mah nangtang ka urang Kaum.”

“Cadu urang Cikonéng mah maké sieun sagala. Ari hayang-hayang teuing mah silaing ngasaan peureup urang dieu, sok baé!” témbal budak Cikonéng.

“Di dieu gé peureup mah baruleud. Hayu euy, tuman. Samaruk urang Kaum beunang dihina?” ceuk Uha ngajak baladna.

Barudak ti dua pihakanana maju, bangun euweuh nu gimir. Itu ieu pada napsu. Kari kahalangan ku sababaraha rungkun saliara deui kana gok amprokna, kadéngé aya sora ngagorowok. Torojol aya dua budak tina anu bala. Nu saurang tétéla Hamid, ari nu saurang deui budak Cikonéng.

“Tempo heula euy,” ceuk Hamid sorana bedas.

Barudak téh reg ngarandeg.

“Jadi ieu teh rék garelut?” ceuk Hamid.

“Teu jadi kunaon?” témbalna patinggorowok.

“Ké heula, déwék duaan ménta témpo,” ceuk Hamid deui. “Yeuh déwék ngajak jago Cikonéng, si Umar. Saha anu teu wawuh ka si Umar, lain? Manéhna sok dijieun tanggelan ku urang dieu. Saha anu teu gimir ku si Umar. Mun perelu, déwék duaan rék ijén. Déwék ngawakilan budak Kaum, Umar ngawakilan urang Cikonéng. Sanggup silaing, Umar?”

“Sanggup wéh ari puguh pasalna mah,” témbal Umar bari nangtung ajeg.

“Tah meureun kasaksian ku saréréa, déwék jeung Umar arék ijén. Tapi saratna hayang puguh heula pasalna,” kitu ceuk Hamid. Barudak nu séjén teu aya nu nyoara.

“Kieu, Umar,” ceuk Hamid, sorana angger bedas. “Barudak Kaum datang ka dieu sabab ngarasa dihina ditangtang ku urang dieu. Ayeuna urang puguhkeun, enya urang dieu nangtang?”

“Urang kaum anu nangtang!” ceuk budak Cikonéng.

“Urang Cikonéng!” ceuk Uwas.

“Tuh anggur patuduh-tuduh. Ceuk Uwas, manéhna ditangtang ku urang Cikonéng, waktu ngaliwat tas ngala suluh.”

“Teu rumasa!” ceuk budak Cikonéng.

“Ngangles!” ceuk Uwas.

“Saha jelemana nu nangtang téh, Uwas? Cing tuduhkeun, aya di dieu?”

Si Uwas maju, nyidik-nyidik nu aya di dinya.

“Tah éta!” ceuk Uwas bari nunjuk ka budak Cikonéng.

“Lumri, enya silaing nangtang gelut?” ceuk Umar bari maju.

“Henteu,” témbalna.

“Ah, sia ngangles. Ari basa di pamandian silaing nyeungseurikeun déwék, tuluy nangtang urang Kaum,” ceuk Uwas.

“Enya nyeungseurikeun mah, tapi déwék teu rumasa nangtang gelut ka urang Kaum,” témbal Lumri.

“Geuning silaing meureupan ka déwék?” ceuk Uwas.

“Enya meureupan ka silaing mah. Tapi lain nangtang gelut ka urang Kaum. Déwék mah ngaheureuyan ka silaing baé.”

“Ah, ngangles ari sieun mah,” ceuk Uwas.

“Demi Allah!” ceuk Lumri bari nyirilik rék ngajewang si Uwas. Tapi kaburu dihalangan ku Umar.

“Jadi silaing teu rumasa nangtang gelut ka urang Kaum?” ceuk Umar.

“Henteu,” témbal Lumri. “Rumasa sotéh ngaheureuyan si Uwas.”

“Tah, Uwas, kitu ceuk pangakuan Lumri. Bisa narima?” ceuk Hamid.

“Henteu. Manehna ngajak gelut!” ceuk Uwas.

“Ka saha?” ceuk Hamid.

“Ka déwék.”

“Tah bener ka silaing mah, tapi lain ka urang Kaum sakabéhna,” ceuk Hamid. Tuluy manéhna nyarita ka urang Kaum, “Tah kitu euy, si Lumri lain nangtang ka urang Kaum, tapi ngajak gelutna ka si Uwas. Lamun enya mah urang Cikonéng nangtang gelut ka urang, keun bae saméméh gelut saréréa, déwék heula. Malah déwék geus milih musuh pangjagona, nya éta Umar.”

“Sarua déwék gé jeung Hamid. Mun enya urang Kaum ngajak tarung, déwék sanggup maju ti heula, ngawakilan urang Cikonéng.”

“Kumaha, Mar, kira-kirana urang jadi kudu gelut?” ceuk Hamid.

“Teu perelu, da euweuh pasalna. Paling-paling ogé si Lumri jeung si Uwas,” témbal Umar. “Jadi silaing rék gelut?” ceuk Umar ka Lumri.

“Ah, teu hayang, da harita gé ukur heureuy,” témbal Lumri.

“Ah, heureuy kumaha, puguh ngajak gelut!” ceuk Uwas nyorongot.

“Kateuteuari ngadukeun si Uwas jeung si Lumri,” ceuk hiji jalma anu nyampeurkeun ka dinya teu kanyahoan ti mana jolna. Singhoréng Kang Atang.

Ari Kang Atang téh jago maén bal, béntang lapang ti sakawadanaan di dinya. Malah geus sababaraha kali kapeto jadi pamaén sakabupatén. Barudak raresepeun pisan ka Kang Atang téh. Kitu deui Kang Atang ka barudak.

“Kieu ayeuna mah. Rék garelut teu jadi, mending maén bal. Déwék boga bal baliter leutik, meujeuhna keur sarilaing. Lain hayang ngajaran maén bal ku bal baliter? Geura béda jeung maén bal ku bal sekrap, leuwih genah, teu lingas. Hayu urang ka lapang!”

Siga nu tas euweuh kajadian nanaon, barudak téh brul wéh nuturkeun Kang Atang. Pangpandeurina Hamid jeung Umar.

“Alhamdulillah, Mar, teu jadi paraséana,” ceuk Hamid.

“Enya, untung wé Kang Atang kaburu kabéjaan deuih.”

Barudak anu tadina rék silihrurug téh teu jadi. Ayeuna mah ramé maraén bal, diwasitan ku Kang Atang.***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: