uaduq

Jékét Kulit

In carpon on January 3, 1900 at 12:03 am

Pangarang : Godi Suwarna

Ti baréto hayangeun boga jékét kulit kieu téh. Kari-kari kaalaman. Jékét ti Bandung. Hadé kénéh pisan cacak meunang meuli ti Toko Babé alias loak. Hargana kaitung murah. Nya kitu, terus wé ditatap. Diusap. Rap diajaran. Salila-lila, ngalégég hareupeun eunteung. Ragag-rigig. Jalang-jéléng. Awak rengkung asa beuki ngabadagan. Beuki lila, beuki gandang karasana. Pangaruh jékét. Jékét kulit hideung. Jékét kulit potongan jas.

Rét kana HP. Jam tilu!

Geus teu sabar. Geus hayang incah ti imah. Hayang sagok-gokeun jeung Néng Welas putra Pa Kuwu. Unggal poé Saptu kieu, biasana bada Asar, Néng Welas sok ngalatih tari di ditu, di balédésa. Bari sakalian rék pamér jékét ka babaturan. Da pasti ngagembrong, maridang pagandang-gandang, ngadon nyarinting penari jeung pelatihna.

“Hayang nu kawas Néng Welas Ema mah boga minantu téh, Asép! Geulis ka haté-haténa! Jaba pinter bari singer! Teu gedé hulu kawas Néng Léli!” mindeng naker indungna nyarita kitu.
Paribasa Si Ema mah! Saha teuing atuh manusana nu teu palay ka Néng Welas? Kacapangan pamuda sakacamatan! Bakal kumaha teuing Néng Welas lamun ningali uing maké ieu jékét kulit? ceuk haténa sabot muru warung Mang Sarja. Sajajalan, nu paamprok teu weléh pating rarérét kana jékétna.

Umat-imut sajajalan. Leumpang beuki ngadangahan.
Warung Mang Sarja keur sepi. Manéhna rada hanjelu.

“Walah, na aya hadé éta jékét! Meunang meuli ti mana, Jang Asép?” ceuk Mang Sarja bari mencrong kana jékét, semu anu ngembang kadu.
“Ti Bandung, Mang!” témbalna bari nampanan roko jeung pamulangan.
“Nyaan, kalinglap, Jang! Asa tepung jeung Sahruk Kan!” Mang Sarja gogodeg, katénjo bangun hookeun.

Sahrukh Khan? Manéhna ngahuleng. Kerung.

“Sahruk téa! Panggagahna saalam dunya!” Mang Sarja terus nelek-nelek.

Manéhna nyéréngéh deui.

“Rokona sabungkus deui, Mang!” pokna bari ngasongkeun duit pamulangan.
“Kacipta wé Néng Welas mun ningali Jang Asép! Beuki kapélét lah!”
“Angsulna kana coklatkeun wé, Mang! Sadayana!” manéhna terus nyéréngéh, méh soéh pipi.

Sahrukh Khan! Sahrukh Khan! Kadéngé baé. Sajajalan kapikiran. Lila-lila asa enya. Teu kaop manggih jandéla kaca, leumpangna sok ngalaunan. Ngadon ngeunteung. Leungeunna ngahaja dijérébébéngkeun. Awak rengkung téh asa beuki sembada naker. Panggagahna saalam dunya! Néng Welas beuki kapélét! omong-omongan Mang Sarja ngaweuhan deui.

“Bogoheun Néng Welas téh ka Jang Asép mah! Béda rérétna!” Mang Sarja mindeng ngaharéwos kitu.
Komo mun ningali ieu jékét, ceuk haténa.

Asa beuki gedé haté. Geus hayang song, hayang song baé méré coklat ka jinisna. Tapi da ti baréto gé teu daék sok ieuh. Sok kalah dibéakkeun ku sorangan. Aréra. Padahal da lain ceuk Mang Sarja wungkul Néng Welas neundeun haté téh. Ceuk sasaha. Ngan nya kitu, bet teu weléh asa-asa, teu daék pok ngedalkeun kereteg haté. Jaba réa saingan deuih. Réa pisan. Tapi da nu pangbeuratna mah ukur Ang Dadang.

“Kang Asép, salam ti Téh Welas!” barudak mani raéng.

Nu leumpang ka balédésa beuki ngapeng, ngawang-ngawang. Harampang léngkah. Hampang ka haté-haténa. Dada beuki ngalegaan. Ramo ngodok saku jékét, nyekel coklat satilu-tilu. Néng Welas na biwir mata. Socana. Pangambungna. Lambeyna. Imutna nu kareueut. Soantenna nu halimpu, éstu matak dédéngéeun. Lamun ngibing, sadésa kasirep kabéh. Deungdeuleueun.

Kudu, ayeuna mah kudu jadi méré coklat téh, ceuk haténa.

“Jiiih, geuning Kang Asép? Ari sugan Anjasmara!” Nyi Acah nyorowok.
Séréngéhna beuki mébér kana ceuli. Tadi Sahrukh. Cikénéh Anjasmara. Tétéla, réa nu kabedil langit gara-gara jékétna. Jékét kulit hideung. Jékét kulit potongan jas. Teu salah milih. Barang bréh gé ujug-ujug cop kana lelembutan. Teu panasaran nyocéng satengah honor bulanan, ladang magang di kantor kacamatan.

HP disada. SMS ti Si Dédén.
gcng k dieu! nng wlas gs aya. nnykn mneh. smph!!!!

Nu leumpang tisusuruntul. Rusuh, da Néng Welas bisi kaburu ngalatih. Hayang ngobrol heula sakeudeung-keudeungeun mah. Beuki deukeut ka balédésa, dada beuki dulugdugdag. Bréh, babaturan keur dariuk dina téras balédésa. Nu rék latihan, nu ngalatihna, keur dirariung-riung ku pamuda sapantaran.

Beuki deukeut, témbong aya nu ngalieuk. Si Dédén. Si Éta mencrong sajongjongan, tuluy nepakan batur. Obrolan bangun kapegat. Tinglalieuk. Pasti kabaredil langit, ceuk haténa sabot sarangah-séréngéh. Beuki deukeut beuki yakin. Yakin kacida, pasti bakal réa nu hokcay ku ieu jékét. Dirérét ku juru mata, Néng Welas ogé keur rut-rét, tina jékét kana beungeut.

“Wah, pangling, Sép! Jadi inget ka Pa Éri, pamaén orgen tunggal urang Banjaran! Kieu pisan, yeuh, jékétna téh!” ceuk Ang Dadang bari ngusapan jékét.
Nu séjén arimut kanjut. Manéhna badis nu diketig punduk. Séréngéhna dumadak leungit.
“Bekén pisan di ditu mah! Katelahna gé Eri Garo!” omong Ang Dadang.
“Naha disebat Eri Garo, Ang?” ceuk Néng Welas bari imut.
“Éksim, Néng, dina panangan sareng dina pundukna! Pami maén sok pakepuk, da bari gégétrét!” témbal Ang Dadang.
Nu séjén sareuri. Manéhna tuluy ngajubleg.
“Cilaka, Sép! Tadina mah uing gé kabita! Asa hayang meuli! Sumpah! Tapi teu cios ah ari matak éksim mah! Teu kiat!” Si Didon nyelengkeung.
Nu sareuri beuki tarik. Beuki nyeuit.
“Engké téh jadi Asép Garo atuh? Asa rada pantes, tah, gelar téh! Tinggal meuli orgenna, Sép!” ceuk Si Wahyu.

Nu séjén tingbarakatak. Manéhna badis nu ditongtak ti alakpaul. Ngoléang. Lelenyapan. Karérét, Néng Welas bangun kagugu, milu nyéréngéh. Puguh wé, beungeut beuki karasa panasna. Euceuy, sari-sari geuneuk. Asa diuk. Asa nangtung. Asa beurang. Asa peuting.

“Mun di Cirebon mah jékét kieu téh sok dipaké ku bos sandiwara Masrés! Aki-aki beberenjén!” Si Sarwoto nyambungan, bari nepakan taktak, logatna ngajawakowẻk. “Buukna digalingan, dicét beureum! Huntu emas! Beurang peuting maké kacapanon hideung! Ka mamana dikakalẻng ku abg!”

Beuki arakey-akeyan. Teu kaampeuh, Néng Welas milu ngagikgik. Tarik naker. Manéhna ngadégdég tuluy peureum. Hayang ngamuk nguwak-ngawik. Hayang mabur ka manaboa. Tapi bet asa rék ngalenggerek deuih. Nu sareuri teu eureun-eureun. Si Didon mah seurina gé bari ngoséh, nyekel beuteung, teu maliré kana beungeut nu geus kawas pulas kupa.

Duka kumaha tuluyna wiwirang di balédésa téh, da geus puguh kabur pangacian téa. Mongkléng. Ngahuleng salila-lila. Ngalamun sajajalan. Jol ka imah, jékét gancang dibalangkeun kana korsi panjang. Tuluy ngadon ngaringkeb karep di kamar. Ang Dadang, Si Didon, Si Wahyu, pating kolébat. Sora Si Sarwoto nu cempréng tuluy-tuluyan nongtoréng. Néng Welas. Gusti. Karék nénjo Néng Welas akey-akeyan kitu. Timpuh naker apan biasana mah.

“Sép! Asép! Geus saré?” indungna ngetrokan panto kamar.”Buka heula!”
Horéam. Tapi teu burung nguniang. Muka konci panto kamar.
“Gular-golér di mana waé! Yeuh!” indungna ngasongkeun jékét.

Manéhna ngarahuh. Jékét ditampanan, semu dijiwir bari rada sisiakan. Balédésa némbongan deui. Rey, késang saawak-awak. Bayeungyang dadak-dadakan. Gék dina sisi ranjang. Jékét dipencrong bari nguat-nguat karep. Kalah beuki ngésang baé. Bruh-bréh. Orgen garo. Éksim nahun. Buuk dikreul jaba beureum. Huntu emas. Kacapanon. Kumalangkang. Piligenti. Gusti.

HP disada. SMS ti Si Wahyu.
Pa kabar, Asep Garo? Gimana jeket kulitmu? Apa masih tetap lalay badot?

Jékét dibantingkeun kana dingding. Ngoléab. Jékét ngalumbruk dina ubin, badis bugang kalong hideung. Bluk nangkuban. Blak nangkar kana lalangit. Néng Welas beuki kacipta. Lenggakna bari nutupan pameunteu. Taktakna endag-endagan. Cisocana. Néng Welas. Manéhna ngarahuh. Sirahna ditungkup bantal, kalah mireng sora Néng Welas ngagikgik, beuki lila beuki tarik.
Isukna. Pabeubeurang. Manéhna ngencling ka warung Mang Sarja. Gilig. Jékét dibungkus ku koran. Dikékélék.

“Resep kana jékét kulit abdi, Mang?” pokna sanggeus ngajejentul, nungguan batur marulang.
“Jih, Puguh wé! Karék nénjo aya jékét hadé kitu!” walon Mang Sarja.
“Badé diical da,” pok deui bari rada asa-asa.”Galeuh wé, Mang! Mirah ieuh!”
Mang Sarja kerung.
“Saratus wé! Satengah ti pangaosna!” manéhna lah-lahan, ngasongkeun bungkusan jékét.
“Rébu? Jih, duit ti endi teuing!” Mang Sarja godeg.
“Percanten lah! Ari nyaan resep mah pasti ditebak!” bungkusan disodor-sodor.
“Piraku aki-aki dijéjékét kulit kitu? Lain bandar domba Emang mah, Jang!” Mang Sarja teu kireum-kireum, bari mundur bangun soak ku bungkusan.
Meg téh. Tapi da dagang mah cenah kudu sabar téa.
“Tos wé lima puluh ka Emang mah! Nganggé jékét ieu mah abdi gé siga Sahruk Kan, sanés?”
“Lah, dipercaya teuing, Jang Asép!” Bi Rasmi, pamajikan Mang Sarja, ujug-ujug norojol, terus nyoroscos. “Kawas nu teu apal ka Bapa Budak! Ka sasaha teu weléh nyebut siga Sahruk Kan! Ngarah dibareulian éta téh, Ujang! Ka Cép Dadang paribasa salam sono ti Néng Welas! Ka Cép Didon kitu deuih! Ka Si Engking! Kumaha mun tuluy garelut, geura? Sok dicarék ku Ibi gé! Tapi…”

Mug-meg. Mentegeg ku dua ku tilu. Tuluy lung-leng. Bi Rasmi terus nyoroscos. Manéhna ngaléos. Rampohpoy. Ngélék bungkusan. Jékét karasa néréptép. Panas, semu ateul, badis nu ngélék caruluk. Leumpang jadi rundag-randeg. Teu kaur balas ngahuleng. Hual-hiul. Anjog ka buruanana, koréléng ka pipir imah. Bungkusan diperong bari kekerot, semu ngadégdég.
Keleweng. Bungkusan dibalangkeun ka jarian.

Sup ka kamar. Teu kaluar-luar. SMS terus murudul. Teuing ti saha baé. Da réa nu teu wawuh nomerna. Lalandian Asép Garo gancang naker narekabna. Tatalépa tina HP kana HP. Aya SMS nu nawaran kacapanon hideung. Aya ogé nu rék méré orgen cocooan adina. Lumayan kanggo latihan! Sateuacan gaduh nu enyaanana! cenah. Perkara jékét nu teu payu dijual ogé, teu wudu jadi bukur catur batur. Beja nu gancang naker narẻkabna Moal salah, Mang Sarja nu nguar-nguar. Tungtungna, HP dipareuman. Dikonci dina laci méjatulis.

Dua poé dua peuting nu guligah méh teu kaluar ti imah. Ka kantor bébéja gering. Numpi. Ukur ngalong tina jandéla tepas atawa jandéla kamarna. Kitu gé sok gancang nyempod mun aya jalma ngaliwat. Ngahéphép. Ngarep-ngarep Néng Welas ngalalar, da sok ngadon balanja ka Warung Sarja. Lebeng. Teg wéh. Pasti jadi linghas deui! Pasti geus teu hayangeun wawuh! ceuk haténa.

Dina poé nu katilu, Indungna hariweusweus ti dapur kénéh.
“Jékét, yeuh! Kabina-bina teuing limpeuran téh, Asép! Bet aya di kolong kandang hayam. Keur digarulung ku anak anjing Si Ihung. Teu kira-kira. Abong anjing. Manéh deui atuh!” indungna ngasongkeun jékét.

Jékét dialak-ilik. Gusti. Jékét geus teu puguh rupa. Téréh pisan guladigna. Kacipta. Jékét diparebutkeun. Digarugunyeng. Digalugusur ku anak anjing kumincir. Jékét daradas. Tapak ngoétan atawa boa balas digégélan anjing. Bungkusna boa di mana. Jékét dikebat-kebut. Tinggarayam sireum beureum tina sakuna. Dirampa. Coklat lééh. Coklat nu digembrong sireum. Coklat keur Néng Welas téa. Satilu tilu.

Kadéngé aya sora motor ngaliwat. Bréh. Néng Welas diboncéng teuing ku saha. Teu ngarérét-rérét acan geuning. Teu kitu biasana mah. Mun ngaliwat téh sok bari rada ngalieukan imah. Kalan-kalan rundag-randeg. Bangun nu hayang diandeg.
Tétéla, Néng Welas geus apilain, ceuk haténa.

“Néng Welas! Beuki geulis waé budak téh!” kapireng sora indungna.
Manéhna ngarahuh, semu nu humarurung. Lalaunan, ramo nyasar jékét kulit nu daradas, nu baroléksék, nu kulitna gurat-gurit blég tapak raheut. Nyanyautan kana haté. Deudeuh teuing. Jékét kulit meunang hayang. Meunang nyongsrong. Geus boga kalah ku anjing. Kalah rangsak. Abong anjing. Si Anjing! Si Anjing Dadang! Si Anjing Didon! Si Anjing Wahyu!

“Jadi ka Cép Dadang, geura gé! Geus layeut pisan! Bieu gé diboncéng!” kapireng deui sora indungna.
Manéhna tuluy ngaheruk bari nangkeup jékét kulit. Jékét nu geus teu puguh bauna. Jékét kameumeut nu ujug-ujug lalayu. Bet ngahelas. Jadi watir. Watir ku jékét nu goréng milik. Watir ka diri sorangan. Rap. Jékét dipaké. Jékét nu raca. Blég tatu saawak-awak. Awakna. Sérésétna karasa nyeuit jajantung, nyugak dina tungtung hégak. Ngeyembeng juru panonna, sabot ngusapan jékét nu rawék lebah dadana.

Tengah peuting. Rumanggieung muru walungan Ciburih. Gilig.

Bulan ngebrak. Simpé naker sajajalan. Anjog ka nu dijugjug. Manéhna ngadon ngajanteng di tengah sasak. Susur-sasar kana jékét nu dipaké. Tatanggahan nyawang bulan. Haténa bet beuki mongkléng. Tungkul deui, nénjokeun walungan nu nyeah da puguh keur rada beukah, nu caina tinggurilap katojo bulan, bari mili cipanonna. Haté beuki nyanyautan baé. Enya. Nya di dieu pisan, di sasak walungan Ciburih ieu, manéhna kungsi uplek jeung Néng Welas. Harita.

Manéhna nyegruk. Nyuuh kana palang sasak. Cengkat deui. Lalaunan muka jékét. Jékét ditangkeup bari tuluy ngagukguk salila-lila. Tapi kapeurih teu kapalidkeun ku cimatana. Bari nginghak, jékét diantelkeun kana beungeut, dipaké ngusap cipanon. Jékét diteuteup, tuluy dipuragkeun ka walungan. Koléang. Asa kabawa ngoléang. Jékét ngoléab badis hatena nu rangsak, kokoléaban dina cai nu tingborélak. Palid.

Rebun-rebun, tilu poé ti tas numpi di sasak Ciburih téa, indungna geus wahwar-wéhwér, ngagugubrag nu keur tibra.

“Itu aya tamu mohér! Gancang tepungan, Asép!” indungna ngarurusuh.
Poho dinanaon. Satengah lumpat ka tepas. Bréh. Néng Welas. Manéhna tuluy ngajengjen. Kasima. Lulungu kénéh ongkoh deuih. Barang jejeg pangacian, karék inget kana wiwirang di balédésa. Rampang-reumpeung. Tungtungna, manéhna teu burung diuk lalaunan, nyanghareupan tamu nu teu weléh umat-imut.

“Ngaganggu nu nuju kulem, nya? Hapunten, Kang!” ceuk Néng Welas bari imut leleb naker.
Manéhna ngan tiba ngunyem.
“Éta, Kang, di balédésa téa, abdi kalah ngiring nyeungseurikeun Kang Asép! Rumaos kalepasan! Tangtos Kang Asép bendu. Hapunten abdi, nya?” imut Néng Welas beuki leleb karasana.
Manéhna unggeuk. Males imut bari ngeluk. Harepan ngolébat deui.
“Sareng ieu deuih….” Néng Welas nunda kantong kérésék badag dina méja.
Manéhna cengkat, neuteup Néng Welas nu keur muka babawaan.
“Kaheurap ku Pun Bapa ti Ciburih!” ceuk Néng Welas.

Bréh. Gebeg. Gusti…
Jékét. Jékétna. Jékét kulit nu geus teu puguh patutna. Leuwih-leuwih ti guladig. Malah geus semu aduy. Meledek. Bau nanahaon boa. Leuwih mabek manan bugang. Jékét nampuyak dina méja, blég kulit kebo nu kakara meunang nyisit! ***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: