uaduq

Ringkang

In carpon on January 2, 1900 at 12:01 am

Pangarang : Abdullah Mustappa

Medal : Manglé No. 826 25 Pébruari 1982

ENYA, asana mah ka lebah dieu méngkolna téh, cek Engkin bari rarat-rérét. Tapi, asa aya tangkal buah lebah dinya téh. Gigireun gang aya toko Cina. Harita mah ngaranna Téng Hoat. Ayeuna mah aya gé toko Tangkas. Sigana mah éta kénéh, ngan ganti ngaran wungkul.

Sup baé manéhna asup ka jero toko. Harita mah butrak-batrék naker. Toko galaya, sanajan anu sagala ayana téh ngan semet anu marurah wungkul. Paku, éngsél, sapu paré, kopéah, ubar-ubaran sakalieun galingging panas tins. Malah kurupuk gé aya. Unggal jam salapan isuk-isuk, si Babahna diuk bari nyanghareupan bubur samangkok. Cek Aki, Cina mah mémang kitu pamakéna. Mun can beunghar tara waka dahar sangu. Cukup ku bubur. Sok sanajan buburna ditambahan ku endog hayam. Sajeroning si Babahna ngabubur téa, nu ngaladangan téh si Onana. Béda jeung Si Babahna anu bayuhyuh pendék, Si Onana mah jangkung begéng. Duka ku perbawa begéngna duka mémang bener kitu, tapi katénjona téh leuwih kolot batan Babahna. Sanajan geus kolot, buukna teu weléh pondok. Ah, kétang da Cina mah arang langka anu buukna panjang, najan keur jadi amoyna ogé. Ngan bangsa pribumi baé nu sok éra buuk pondok mun geus nini-nini téh.

Toko téh angger kénéh galaya. Tapi, kurupuk, sapu paré mah geus euweuh. Meunang dua kuriling Engkin alak-ilik, da cek rasana ayeuna mah toko téh asa leuwih lega.

“Milarian naon Pa?” cek nu boga toko. Disebut Babah da asa can pantes, disebut Akéw da asa geus leuwih. Naon pingaraneunana ari Cina pantar kitu?

Manan némbalan mah ditanya téh Engkin kalah seuri leutik. Éta Si Cina, basa Sundana ayeuna mah bener. Béda jeung Si Babah atawa Si Ona harita.

“Lék meuli naon?” pasti kitu basana téh. Komo Si Babahna mah. Nya balélol, nya ngosom.

Di juru beulah ditu, aya Amoy keur diuk dina korsi bari ngarénda. Cek Engkin dina haténa, sigana pangaresep awéwé anu tetep teu robah-robah mah nya ngarénda. Sajeroning kitu téh panonna mah anteng melong ka Si Amoy téa. Buukna hideung, halisna hideung, panonna bolotot. Padahal pan salah sahiji cirina Cina téh panonna anu sipit. Ari ieu. ngan kulitna nu ngeplak wé anu nétélakeun manéhna lain pribumi téh.

Tayohna ngarasa aya nu nénjokeun, Si Amoy téh ngarérét. Nyéh seuri tapi terus tungkul deui. Anakna Si Babah kitu? Atawa incuna?

Tadina mah Engkin téh rék meuli kopéah, tamba teu barang beuli teuing. Tapi sababaraha balikan gé, malah teu manggih. Tungtungna mah teu jadi. Terus baé manéhna kaluar. Gigireun toko, aya gang. Harita gé, éta gang téh geus aya. Leutik, sisi katuhuna aya kamalir. Ayeuna gé leutikna mah angger. Malah asa jadi leuwih heureut. Ngan henteu kotor saperti harita. Harita mah runtah ngalayah di mana-mana. Jeung ayeuna mah euweuh kamalir deuih di sisina téh. Boh sisi beulah katuhu, boh sisi beulah kéncana. Patok beusi di tengahna gé geus euweuh deuih.

Kungsi aya imah jangkung lebah dinya téh. Pager awina ogé satangtung leuwih. Gigireunana aya imah loténg, tina témbok. Cétna gading jeung coklat. Imahna mah ayeuna gé aya kénéh. Malah di loténg kénéh. Ngan cétna geus ganti. Jadi biru. Pakaranganana deuih asa leuwih heureut. Ngan jadi leuwih pikabétaheun. Jukut ti pakaranganana héjo saria dipiara rapih naker. Kitu deui kekembanganana. Aya kénéh nu ayeuna geus euweuh téh. Nya éta kurung manuk. Harita mah kurung titiran rantuy saider-ider. Mun isuk-isuk keur haneut moyan téh, manuk na ramé patémbalan. Juragan, enya ku saréréa gé disebutna juragan baé, tatanggahan dina teras bari disasamping poléng. Pangsiunan? Ah, teu teu singna. Juragan mah teu ngalaman jadi ambtenaar. Jelema jegud ieuh, iraha teuing maké hayang digawé. Sagala jul-jol dialanteurkeun. Malah ku juragan mah nu dititah gé sok kalah atoh.

Aya kasedep juragan nu jadi kacapangan saréréa téh. Nya éta mun isuk-isuk. Bari moyan téh tara elat ngagigirkeun kopi jeung goréng kéré jaér. Kopina kopi tubruk anu rambang. Jaérna jaér laleutik kénéh.

Béda jeung umumna para pangsiunan, mun sakalina ngadaweung téh sok dibaturan ku istrina, juragan mah tara. Mun calik dina teras téh nyalira baé. Ngelepus nyesep padudan.

Enya. ayeuna gé dina éta téras imah loténg téh aya kénéh korsi. Ngan lain korsi kai anu palituranana geus hideung ngagenclang. Ieu mah korsi beusi meunang ngecét. Taya nu ngadiukan deuih. Padahal ayeuna téh wanci pasosoré. Cek harita mah, waktu anu panglongsong-longsongna pikeun ngadaweung. Kétang, aya barudak keur arulin di buruan. Ka teuing keur ulin naon. Siga sondah tapi lain.

Anggang dua imah ti dinya, Engkin ngarandeg. Di dieu téh harita mah aya tangkal dalima. Keun, ari tangkal dalima mah da bisa dituar. Tapi gangna gé geus robah deuih. Harita mah ti lebah dieu téh méngkol ka katuhu. Ayeuna mah, sanajan nu méngkol aya kénéh, tapi aya deui nu lempeng deuih. Ngembat ka ditu, ka teuing ka mana nepina.

Tapi da harita gé méngkol téh ka katuhu. Ayeuna gé nya ka katuhu deui baé. Tah geuning aya kénéh imah anu persis harita. Imah leutik, tina bilik jeung papan. Pagerna gé tina awi. Henteu jangkung pagerna téh. Pendék waé, kira semet cangkéng.

Ngan panto pagerna ayeuna mah dikonci ku konci gamblok. Éta téh kanyahoan waktu Engkin rék asup. Tadina mah rék nyoba-nyoba punten ka jero. Susuganan aya kénéh anu wawuh. Salian ti rék nanyakeun téh, susuganan bisa reureuh sakeudeung-keudeungeun deuih.

Tumpak beus téh ti subuh kénéh. Sapopoé teu turun-turun. Bujur mani asa panas. Komo tadi mah barang turun di stanplat. Bitis cangkeul nepi ka méhméhan hésé leumpang-leumpang acan. Anu matak, ti stanplat téh ngahaja leumpang. Kitu gé, mimiti mah rada ingkud-ingkudan, titingkuheun. Anu matak, pangangguran rek nyimpang. Tapi, panto pagerna ge geus dikonci. Komo deui panto imahna.

Heuleut opat imah, aya warung. Euweuh, harita mah lebah dinya téh euweuh warung. Mun teu salah mah tanahna ogé ngoblog. Malah sok diparaké ulin ku barudak. Barudak leutik ulin ucing-ucingan. Barudak gedé sedekan. Malahan, béh tukangna, aya rungkun awi. Ayeuna mah boro-boro rungkunna, awina gé teu pucuk-pucukna acan.

Enya, Engkin kakara sadar. Geus euweuh tanah ngoblog ayeuna mah. Imah baé terus di mana-mana. Jeung aralus deuih. Cacak imah di jero gang ogé. Jeung garandéng deuih. Sora radio, kasét, atawa naon mah deui, ngung-ngong ti mana-mana.

Ngan imah ieu nu tiiseun téh. Imah anu tina bilik jeung papan. Imah anu pagerna tina awi. Hanjakal bet dikoncian. Keur areuweuh kitu nu bogana? Tapi ari imah katut pakaranganana mah rapih kénéh naker. Cingcirining aya kénéh nu miarana. Buruanana gé teu barala. Cacak di dinya aya tangkal kiara. Rada lila Engkin ngahuleng lebah dinya téh. Aya dua-tilu jelema ngaliwat. Tapi taya nu wawuh.

Bisi kasoréan teuing, Engkin terus leumpang. Kira anggang limapuluh méter, manéhna ngarandeg deui. Enya, harita mah lebah dieu imahna téh. Ayeuna gé aya kénéh imah di dinya téh. Najan teu persis nu harita. Ayeuna mah aya garasi. Harita mah euweuh. Ayeuna mah hareupeun imahna aya balong leutik. Harita mah euweuh. Harita mah di sisi imah téh aya kénéh tanah kosong keur buruan. Ayeuna mah euweuh. Jeung, harita mah di lebah lawang gé euweuh bél. Ayeuna mah kudu mencét bél rék nganjang téh. Éta gé, kakara karasa sotéh sanggeus pupuntenan sababaraha kali taya nu némbalan baé. Nya terus mencét bél. Tapi angger baé taya anu muka panto. Ngan anjing waé ngagogog. Ka mana dunungan sia? Tapi anjingna kalah ngelél jeung ungas-ingus. Disidik-sidik, manahoréng diranté. Areuweuh kitu nu boga imah téh?

Dina gigireun lawang, aya ngaran. Leutik, tapi écés: Drs RM Panji Anom Koesoemah. Kutan, ayeuna mah nu bogana Panji Anom Koesoemah?

Ngahuleng salila-lila Engkin téh. Hanas geus diajam tina keur dina beus kénéh. Rék nepungan Retnasih, sobatna harita.

Tapi kabuktian, ayeuna di imahna nu harita geus euweuh. Buktina nu boga imah gé ayeuna mah Koesoemah. Tapi, ké. Koesoemah …. Moal kitu salakina mah? Kungsi harita gé maca ngaran Retnasih K dina koran. Moal kitu K-na téh Koesoemah?

Gagancangan Engkin kaluar ti buruan. Gok jeung hiji awéwé anu karék kaluar ti gang beulah kénca. “Punten, badé tumaros” ceuk Engkin. “Dupi ieu téh leres bumina sadérék Retnasih?”

“Entah ya!” cek si éta awéwé bari seuri. Seurina mah enya manis. Huntuna bérés deuih. Ngan naha ngajawabna maké ku entah? Urang mana kitu éta awéwé téh? Logatna lain logat Jawa. Tulang caréhamna lain tulang caréham Batak.

Sabot ngahuleng kénéh, si awéwéna mah geus méngpéos. Noyod leumpang ka wétankeun. Ku Engkin terus diserangkeun. Lain nyidikkeun bujurna anu ngagiplek, tapi mecak-mecak neguh manéhna urang mana!

“Aya nu dipilarian?”

Engkin ngagebeg. Lalaki ayeuna mah nu nanya ka manéhna téh. Ujug-ujug geus nangtung gigireun.

“Sumuhun,” témbal Engkin rada reuwas.

Jangkung gedé pangawakan si éta lalaki téh. Kumisan deuih, najan kacida rapihna. Buukna nu geus rada butak téh disisiran kacida luisna.

“Milarian saha?”

“Réréncangan nuju budak. Harita mah jenenganana téh Retnasih. Duka ayeuna mah.” Si lalaki nu nanya tadi téa rada kéom bari unggeuk.

“Harita mah” cek Engkin, “bumina téh di dieu. Namung ayeuna mah geuning nu kagunganana ogé Pa Panji Anom.”

“Leres. Ieu mah bumina Pa Koesoemah,” cek lalaki. “Tapi ari jenengan Retnasih mah asa teu kantos nguping. Rerencangan nya sareng sadérék téh?”

“Sumuhun,”

“Rupina, yuswana ogé papantaran baé sareng salira?”

“Leres.”

“Pa Koesoemah mah parantos sepuh. Sareng da anjeunna teu kagungan putra istri ageung. Aya gé alit kénéh nembé kelas opat SD.”

“Retnasih mah rupina parantos cekap gaduh salaki.”

“Leres. Namung, di mana nya? Da di dieu mah asa teu aya jenengan Retnasih.” Manéhna ngahuleng bari kerung.

“Ayeuna mah kieu bae atuh” cek si lalaki ka Engkin. “Urang ka dinya baé ka Pa RT, manawi anjeunna mah uningaeun.” Engkin ngaheueuhan. Sarta léos baé manéhna nuturkeun si lalaki téa.

Sup ka hiji imah. Agréng naker imah téh. Pagerna tina beusi tohaga. Imahna rada ngelok ka jero. Da di hareup mah pakarangan lega pisan.

“Badé nepangan Bapa!” cek si lalaki nu ngajak ka Engkin ka hiji lalaki anu keur nangtung di lebah pakarangan.

“Mangga, teras baé. Da kaleresan nuju aya.”

Bangun geus apal naker, si lalaki teh terus leumpang. Lain ka lebah lawang hareup. leu mah malibir ka gigir. Malah terus baé ka tukang.

“Wayah kieu mah, pasti bapana gé nuju aya di pengker,” cek si lalaki téa ka Engkin.

Enya baé. Di buruan tukang téh aya lalaki keur diuk dina samak. Nyanghunjar lambar, ngelepus udud bari anteng ngalamun. Can gé punten, si nu keur nyanghunjar ngalieuk mantén.

“Éh geuning aya tamu,” pokna. “Sok teras ka dieu. Malaur ti tadi sorangan baé. Sok calik di dieu.”

Gék waé Engkin nurutan diuk cara si lalaki baturna téa.

“Aya naon?” cek pribumi.

“Anu mawi,” témbal si lalaki baturna Engkin téh, “leu aya Ki Silah nuju hulang-huleng baé di gang. Barang ku abdi ditaros, cenah anjeunna téh nuju milarian réréncanganana.”

“Saha jenenganana?” cek pribumi ka Engkin.

“Pun Retnasih, Pa. Maksud téh kitu jenenganana harita. Bumina téh di nu ayeuna dilebetan ku Pa Panji Anom.”

“Leres. Abdi gé papendak téh da di dinya pisan,” cek si lalaki baturna tadi téh.

“Bu Retnasih?” témbal pribumi rada ngahuleng.

“Leres.”

“Dupi salira téh, réréncanganana nya?”

“Sumuhun. Abdi sareng anjeunna téh réréncangan nuju budak.”

“Manawi salira émut kénéh nu sanésna?”

“Anjeunna téh putrana pa Khalifah pangsiun. Harita mah di dieu téh teu aya deui Khalifah sanés iwal ti ramana pun Retnasih téa.”

“Putrana Pa Khalifah?”

“Leres!” Pribumi téh ngahuleng rada lila.

“Jadi salira téh réréncanganana Bu Retnasih, nya?”

“Sumuhun.”

“Réréncangan waktos di mana?”

“Réréncangan di mana-mana Pa. Di lembur, di sakola margi sareng sasakola. Malihan ngaji gé sasarengan.”

“Di mana tah, manawi émut kénéh?”

“Di antawisna kantos masantrén ka Kérésék. Namung teu lami. Abdi teras masantrén, ari anjeunna neraskeun sakola.”

“Euh,” témbal pribmi. “Ké sakedap, nya,”

Léos manéhna ka jero. Balik deui mawa albeum. Barang dibuka, eusi-na geus konéng.

“Tah leres ieu pun Retnasih téh,” cek Engkin barang nénjo potrét. Teu sasatna dirontok malah éta potrét téh. “Tah ieu gé deuih. Ieu téh waktos perpisahan di sakola. Hanjakal abdi mah teu ngiring da nuju udur.” Pribumi colohok. Manéhna ngusap beungeut. Padudan anu ti tadi dicekel, ku manéhna ditunda dina samak.

“Dupi bapa téh saha?” cek Engkin ka pribumi, “geuning kagungan potrétna pun Retnasih?”

Pribumi teu gancang ngajawab. Manéhna kalah olohok nénjo kana beungeut Engkin.

“Bapa téh, incuna Bu Retnasih, Pa Khalifah téh éyang bapa. Ari Bu Retnasih, parantos pupus kinten tilu puluh taun ka pengker.”

Nyaritana kitu téh bari méncrong teu ngiceup-ngiceup.

Engkin gé melong ka pribumi rada lila. Bari nutupkeun album, Engkin nanya ka incuna Bu Retnasih sobatna téa.

“Dupi ayeuna, taun sabaraha Pa?” ***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: