uaduq

Cawéné Nyingsat

In carpon on January 2, 1900 at 10:29 am

Pangarag : Rohéndi Pandéglang

Medal : Manglé No. 2358 Édisi 25 Januari – 1 Fébruari 2012

Allohuma umur dunya, salamet berekah Alloh, naga hérang naga lengggang naga pangawasa Alloh, turun ti perbu, ditampa ku perdawati, disanggap ku guru Ingra… Dédéngéeun jasa sora Abah mun seug nyapunkeun, deuk ngarapak ngaseuk usim ngahuma. Sakabéh dulur jeung tatangga béh barat, timur jeung kiduleun, caringogo burieun Abah nu mancuh kanu parukuyan. Sabudeureun parukuyan Abah, ningker sasaratan nu ngabayak, sarupaning bubur bodas, bubur beureum, cikopi pait, cikopi manis, binih, paré indung, tamiang, tiwu, cikur, panglay, jaringao jeung teuing nanahaon deui, ja tara pati engeuh kanu kararitu téh.

Haseup ngebul kaluhur, minuhan langit Cibaliung, paamprok jeung haseup lianna, anu doangna mah sarua papada tinu keur mitembeyan. Ngagerenggeng sawara Abah, nu isok ditémbalan kunu ngariung. Kapeung nyebut “nyaksian”, kapeung ngahaminan Abah anu beuki mendeko baé silana, diamparan daun cau salambar.

Di antara sadudulur, doangna kula anu pangdeugeulna téh. Ja kula mah tilok ilu mendeko doang maranéhna. Teuing kumaha boa étah?, kanu karitutéh, teu pati percaya kula mah. Ceuk pangrasa, teu makéan nu kararitu géh, paré mah moal burung jaradi baé, ja taneuh Cibaliung mah sakieu suburna, ceuk guru i pé és di sakola géh. Tapi, sadeugeul deugeulna kula, teu kituan amat, tetep baé ka huma mah kula géh ilu indit. Ngan mun geus Abah mimiti ngelunkeun haseup di pabinihan, kula tilok iiluan ngariung burieun Abah, isok ngadon ngahénén wéh di saung cawéné nyingsat, tempat Abah nyaung-nyaung mun geus mimiti usim ngahuma.

Pernah éta géh Abah nalék kula, “Pan dia mah tilok aya burieun jing, mun Abah keur nyapunkeun?” ceuk Abah nanya. “Laju saha nu bakal nyapunkeun jaga, mun Abah geus euweuh?” Abah serieus jasa. Kula tilok ngajawab, ukur ngahéhéh baé, aleman. Abah tara kateterusan tatanyana, doang nu ngaleusteuinkeun teu dijawab géh. Doangna mah teu hayang kateterusan cacahan kebel-kebel jeung kula, anakna nu rada deugeul.

Pangadatan kula éta, sabalikna jeung Si Bungsu, Kai Sarkim adi kula. Si éta mah kacida nurutna kana Abah, Ema, jeung papatah kokolotan di Malang Nengah Cibaliung, lembur kula. Unggal jampé, jangjawokan, rajah, nyapunkeun, jeung papatah kolot séjénna, doangna geus katalar ku si éta mah. Matak ampir salembur, harémaneun jasa ka adi kula éta. Pajar, Si Sarkim mah budak nu bageur, pinter, nurut kana papatah kolot, jeung lian-lianna. Ampir sakur pamuji tumplek kabéh keur si éta.

Teu geura baé, leusteuin, kula tara ngarasa kalindih ku adi sorangan, samalah haren baé nu aya, ja dulur sorangan ieuh.

Jagisuk geus tepung deui jeung mangsana ngabaladah ngahuma. Doangna mitembeyan kwarimah rada husus. Eta baé kupédah Abah jeung dulur-dulur, haliwu jasa nyanghareupanana. Saung Cawéné Nyingsatna Abah di huma, geus saminggu diberesihan, dibeneran, malah dipapaés bélékétépé sagala, dina buri jeung gigireunna kwarimah, “Pang éndah” cénah. Calung Rénténg nu ngagantung dina para saung, anu biasana tilok dijajal heulan, kwarimah dibawa ka imah sagala. Unggal soré, ditabeuhan, “Pang sawarana ngageureuleung, laju bakal betaheun Sang Hyang Sri na” ceuk Abah yakin jasa.

Geus puguhan sasaratan nyapunkeun mah, adi kula kacida pakupisna ngumpulkeun sakur nu biasa diayakeun dina nyapunkeun. Nu geus ngumpul, laju hiji-hiji dibéjakeun ka Abah. Atuh Abah, doang komandan anu mariksa kalengkepan prajuritna, neuleuan sakur sarat anu dikumpulkeun ku Ki Adi.

Ema jeung étéh, haliwu di dapur ti isuk kénéh, saksak siksik, kurat keureut, kulab kulub, bubay bubuy, puas pais. Teuing deuk ngajieun jeung ngasakan nanahaon, ja kebel jasa, taya anggeusna.

Tolombong jeung bakul eusi binih petingan, ngagunduk pipireun leuit, geus tinggal jung manggul ka humakeun. Abah mah meuni geus lengo deui lengo deui noongan, doang nu sieun laleungitan.

Beuki sareupna, nu haliwu lain anggeusan, malahan kalah ngarosaan. Ema bulak balik ka dapur, ka jero imah, ka imah étéh, ka dapur étéh barateun imah. Kitu jeung kitu baé, teu anggeus-anggeus. Abah jojong di pipir, nyieunan aseuk. Ngan ki adi nu teu kadeuleu téh, teuing kamana tah si éta, ti bada asar kénéh, teu neuleu paciweuhna di sakurilingeun imah.

Ari kula mah, sakumaha biasa, jojong baé, nyangsaya di juru ambén hareup. Abah, Ema, ki adi, étéh, teu maliré, teu naritah, malah teu ngajak-ngajak acan, barang pasosoré, taram mangsana nyatu balakécrakan di ambén hareup étéh. Tilok pundung kula mah, nyampeurkeun baé, laju habek baé ilu nyatu babarengan.

Peuting beuki jempling, simpé lain bobodoan. Kabéh geus ngarampih. Ka Eméd anu biasa isok pangtungtungna asup ka imah, di sabudeureun tatangga kula, ogé geus ngampih. Tandaning geus peuting jasa ieu wanci téh. Sora Jangkrik jeung Caricangkas wéh nu jelas sawarana téh. Kalan-kalan kadéngé Anjing babaung ti kajauhan, nambahan waasna peuting jeung puringkakna bulu punduk.

Sakumaha biasa, kula mah ngaringkuk di juru ambén hareup imah baé. Teu ieuh ngarasa disapirakeun ku kolot, ja saprak ki adi lahir, émang teu kabagéan tempat saré di jero imah Ngaringkuk di ambén hareup géh karasa haneut jasa. Komo kacida harenna, mun kapeung isok di dongéngan ku Abah jeung Ema, méméh ngarampih.

Bulan teu kadeuleu saemét-emét acan, béntang nu biasa baranang, lapur, anggeus wéh, teu kadeuleu samata-mata acan, teuing kamarana. Doangna mah jagisuk rék hujan. Tina liang sarung nu méléngéh saeutik, kadeuleu Abah kukulintingan gigireun leuit. Panasaran, laju nguniang, nyampeurkeun ka Abah. “Kadeuleuna mah dia tadi geus tibra jalu?” Abah meupeuskeun jemplingna peuting, najan bari halon jasa. “Ari Abah nanaéunan kénéh dina leuit?” kula malik nanya, teu maliré pananya Abah. “Kadoang aya nu blag blig bleg ngurilingan leuit, sugan téh dia jing?” Abah kalem jasa, cacak mendakan sawara nu sakitu ahéngna, ceuk kula mah. Puringkak, bulu punduk ngadadak ngagurijag, pasang kuda-kuda dina luhureun taktak.

Kula ngadeukeutan Abah. “Bagor… horeng Si Monyong teu bisa arasup ka leuit, jadi ngadon sing kuriling wéh na jorongan wungkul. Meunggeus ah, kumanéh teu kudu inggis, ja lain nanaeun geuningan jalu!” Abah ngupahan, doang nu apal kula inggis jeung sieun. Ised, kula mundur ngajauhan deui Abah, isin kupédah kasieun kula, karasaeun Abah. “Oh kitu nyah?” kula maksakeun nyawara. “Jig saré deui, jagisuk bantuan Abah mawaan binih ka huma” Abah miceun rasa kasieun kula. “Heug géh!”, kula ngoloyong deui ka ambén hareup, bari sabenerna mah rada kabayang kénéh, blag blig blegna sawara, ceuk cacahan Abah tadi. Sing sameledin teu percaya, kana katerangan Abah nu bieu, majar téh si monyong nu teu bisa arasup ka leuit.

Kongkorongok si jago dina tangkal jambu aér, gigireun ambén hareup, ngaburisatkeun lalakon impian kula. Gurijag hudang, kadéngé Ema keur cacahan jeung étéh di dapur, doangna bari kaprak keprek ngasakan sagala rupa kadaharan, bawaeun ka huma. Ari Ema iraha saréna?, ceuk haté. Panya téh Ema wungkul nu geus hudang, horéng Abah mah geus singkil, gigirireun leuit. Tolombong jeung bakul geus nyampak di émpér pipir, kari jung. Ti tungtung buri leuit tepi ka tungtung hareup imah, ngajajar rapih bawaeun aya kana sapuluh sikina.

Najan bari haté rada can méréan, lalanjung jasa, maksakeun kula hudang, laju ka buri, ka sumur, nimba, sibeungeut, malah kagol sakalian kula siwuwung. Sarung ditalikeun kana cangkéng. Ceuk pikir, bérés muuhan liang aseuk, deuk ngagolér dina saung cawéné nyingsat, méakeun parat kapanasaran.

Langit wétaneun Malang Nengah mimiti ruhay, doangna panon poé geus deuk taram ngapung kana luhureun Cibaliung. Bray, bray, beuki lila beuki caang, tina kelemeng kana ngabrak. Curuk mimiti kadeuleu, bulu bitis saeutik-saeutik ngabéntésan, tandaning wanci peuting deuk anggeusan, kaganti taramna beurang. Kami geus ngalabring sabawana sabawana, ngaleut saurang-saurang, mapay jalan satapak ngajugjug huma kami, nu kira-kira salawé rébu léngkah ti buruan imah.

Sabari leumpang, garalécok cacahan duaan duaan. Doangna ngan kula nu teu nyawara téh. Hareupeun, étéh cacahan jeung Ema. Burieun, ka Eméd jeung ka Arnasa. Kulamah jojong baé manggul boboko kéjo, pangbagéan gawé ti Abah téh.

“Allohuma umur dunya, salamet berekah Alloh, naga herang, naga lénggang, naga pangawasa Alloh. Turun ti perebu, di tampa ku perdawati, disanggap ku guru ingra. Kami lain sri sasiki dua siki, saranggeuy dua ranggeuy, réalna saratus, lobana sarébu, gunung manik gedong rasa, sanghiyang gunung kancana. Leuit mani teu ngadanti kagungan Gusti …”, Abah ngarandeg ngarajah Lutung Kasarungna, laju malikeun paneuleuna ka buri, melong hiji hiji sakur nu ngahaminan. Kadeuleu beungeut Abah kadoang sedih.

“Seureuh leuweung mawa reuneuh, anakan méméh lakian, rincik rincik ringkak ringkak. Nyi beuti manis, nyi akar kawat, nyi buah Emas ranggeuyan”. Nongtoréng jasa sawara Abah, padahal teu ceuceuleuweungan.

”Jalu, sarat kurang hiji. Abah jadi teu kebat nyapunkeun!” aya sawara meupeuskeun lamunan kula. Horéng Abah geus ngabedega dina jorongan cawéné nyingsat. Kula gideug “Kai Sarkim meureun bah!” témbal kula sabolong béntor, mantékkeun panyangka ka Si Bungsu.

Laju paneuleu kula lumpat ngurilingan huma, jojongor, leuweung tutupan, samalah tepi kana pila di peuntaseun jojongor Gadog. Kojéngkang, kula hudang, karék sadar, mun Si Bungsu euweuh di huma, titadi kénéh teu kadeuleu. Abah géh doangna karék engeuh. Luak lieuk, panon Abah ngucing buringas, nganjing tulangeun, doang haranga nyiar tegékkeun. Barijeung keukeuh, Si Bungsu teu kapendak aya di huma. Saréréa jadi haliwu, ngalalakonkeun euweuhna Si Bungsu, dina poéan ngaseuk.

Wanci panon poé lempengan émpér cawéné nyingsat, “Dut…Tak…Dung Dang…Dut!”, ti béh barat, kadéngé sawara nu geus papada wawuh. Abah reureuh, diuk leuseuh dina ambén cawéné nyingsat, paneuleuna ngepung jojongor Gadog, nu di peuntaseunnana aya pila, tempat datangna éta sawara. Kula nyampeurkeun Abah, “Dangdutanna, éndah jasa nya bah?, komo sulingna, ngagelik ngagelik wéh, kelaaar jasa. Laju, sawara sulingna doang nu nyunda téa étamah, nya bah?!” kula mudalkeun pangrasa, pikeun ngahibur Abah.

Nu di ajak ngobrol ngarénghap jero jasa, “Enya, Si Bungsu nu nyulingna, éta téh jalu. Kamari soré bébéja ka Abah. Matak… euweuh tamiangan dina pangsaratan nyapunkeun tadi téh” ceuk Abah balaka. Dina sorot paneuleu Abah, aya haren, aya reueus, tapi kabuktianana, Abah kalahka tungkul ngotok muyung, miceun beungeut kana kolong cawéné nyingsat. Doangna isineun ku kula, ku huma, ku tamiang, ku angin, nu nganteurkeun sawara suling Si Bungsu, kana ceuli nu keur ngaraseuk, kana binih nu henteu ditamiangan, kana calung rénténg nu isok disulingan ku Si Bungsu.

Bagooor…! orok kameumeut Abah jeung Ema, kareueus dulur sa-Malang Nengah, nu giak gasik kanu panitah kolot téa, horéng papiuh masinikeun karesepna kana cawéné nu nyaringsat nyah…?!, beuh… nyulingan nu génjléh.

Mun kitu, doangna nu peuting blag blig bleg, ceuk cacahan Abah dina jempling téh, sawara Si Bungsu cék son, meureun nyah?… haté nyoh-nyoh teu eureun-eureun, mupuas kanyataan. Beuh… aya kituna Kai Sarkim, adi kula nu nurut kana papatah kolot téh.

Sapopoé, Ayu Ting Ting jeung suling Si Bungsu “Kai Sarkim”, anak Abah Kalimi, kokolot lembur tukang nyapunkeun, kakalayangan tumpak angin Malang Nengah. Laju, blas blus kana ceuli, kana haté, kana rasa dulur salembur. Mudal, bedah jadi haliwu, nyoh-nyoh nu ngaraseuk di huma Cibaliung.

Moal kitu kupédah di tengah huma aya cawéné nyingsat mah?. Lajunamah geura baé burung…***

Ciwasiat, 5 Januari 2012

 

Katerangan Dialék Sunda Banten:

Aleman = pupujieun

Ambén hareup = tepas

Bagor = bangor siah!

Barat = kulon

Buri = tukang

Cawéné = parawan

Cawéné nyingsat = ngaran modél wawangunan (saung)

Deugeul = bangor

Doang = jiga

Éndah = ngeunah / hade

Génjléh = jeté/jalingkak

Haliwu = rame / rebut

Haranga = lapar

Haren = atoh

Heman = nyaah

Isok = osok

Ja = nya (paneges)

Jagisuk = isukan

Jasa = pisan

Jing = sih

Jojongor = pasir

Jojong = jongjon

Jorongan = panyawéran

Kebel = lila

Kotok = hayam

Kwari = ayeuna

Lalanjung = lalieur

Laju = terus

Leusteuin = los teuing

Manték = nénggor / malédog

Naeun = naon

Ngarapak = ngamimitian

Nyawara = nyora/ngomong

Nyoh-nyoh = rényom / galécok

Orok = sebutan ka lalaki

Siwuwung = kuramas / maseuhan buuk

Sing Sameledin = sumpahan

Taram = mimiti

Tegékeun = dahareun

Tilok = teu pernah

Usim = usum

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: