uaduq

Kawung Ratu

In carpon on January 1, 1900 at 10:25 am

Pangarang : Wahyu Wibisana

DI SADÉSA Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjugrahna téh. Lain si sombong, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi gé. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapi lahangna kos nu atah raru, sok haseum baé.

Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus pérak mah sapoéna éta kawung téh bisa méré, teu hésé-hésé. Lakar daék baé ngaropéana.

Ku Aki éta kawung dibéré ngaran peringétan ka Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat. Minangka pangéling-éling ka anjeunna, disebut waé Kawung Ratu.

Riwayatna mah kieu éta téh: Baheula, waktu Aki gé ngora kénéh, can jaman merdéka harita téh, éta kawung jeunah kénéh, can diropéa. Ari carulukna mah geus aya, ngan leungeunna can nongtot.

Harita Aki boga deui kawung tilu, nu jadi di sisi walungan Cilonggan. Nu éta mah geus lila bisa disadapna, ngan teu pati matut.

Saban Aki rék nagenkeun lodong kana kawung nu tilu téa, Aki ngarandeg heula di handapeun tangkal kawung jeunah. Da enya, éstu jadi angen-angen pisan, sangkan éta kawung bisa méré pakasaban anu lumayan. Ku Aki sok diajak nyarita kieu: “Hé Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi jalan liliwatan, geura pintonkeun panangan salira, mancer geutah madu tina réma salira ….

Teuing kalah ku mindeng, teuing mémang geus waktuna, leungeun éta kawung téh teu lila nongtot. Ari geus nongtot bet jadi bingung Aki téh, sok sieun salah nyigayanana. Da éta kawung téh pelak Aki jaman budak. Poho deui karuh, nyanghareup ka mana waktu Aki melak éta kawung, asa ngaler asa ngidul. Apan sok pundung mun salah nyigayanana mah. Jadi nyigayanana kudu lebah tempat melakna. Upama teu kitu, hamo. Lain omong bébénjon ieu téh, enya, sidik, nurutkeun pangalaman Aki kitu, soténan.

Ku lantaran poho terus, nya Aki téh tahajud heula, hayang dibéré ngimpi ku Pangéran. Hayang kaimpikeun deui téh kalakuan jaman Aki melak kawung éta. Kaliasan bet kaparengkeun. Aki ngimpi. Jeung Aki percaya pisan kana éta impian téh. Dina itungan, Aki melak kawung nyanghareup ka beulah kalér. Jadi nyigayan kawungna ogé kudu ti beulah kalér. Aya deui nu jadi pikiran harita téh. Naha ditinggurna kudu keur guméar atawa gumucrak-konéng. Apan béda-béda sipatna kawung téh. aya nu kudu ditinggur waktu kembangna gumucrak-cibéas, gumucrak-konéng, tumereb, guméar, huméor, lumeucir, humangit, malah aya nu kudu geus beukah. Tah éta Aki can nyaho. Tapi nya tungtungna mah dipaparah baé. Waktu keur gumucrak-konéng, mimiti ditinggur.

Ku lantaran marawanan, basa ceg kana leungeunna Aki ngomong kieu: “Nyi Parawan Mandalasari, montong géték montong ngépéskeun, poé ieu téh poé panganténan urang, perlu cisusu jangeun turunan …”

Ninggurna ati-ati pisan, bakuna mah sieun katinggur heunteu careuhna. Kumaha kéh mun kitu, kana pundung deui baé. Taktagé kawung mah kos jelema – éh kos parawan meureun – kudu asak ngolona.

Sanggeus ditinggurna lita, heg diayun. Jeung sanggeus katimbang waktuna, si kembang téh tuluy waé dipagas, dipopok ku legoh tangkalak sabiasa.

Nyéta atuh, ari mimitina mah éta kawung téh bet matak rudet baé. Keur lahangna saeutik téh, haseum béak karep. Ku taksiran Aki, éta kawung keur gering. Éta wé da kalah ka gegedoh nu ka luar téh, rujit.

Jeung éta harita, néangan kacembeng, kuat kukulintiran ka ditu ka dieu, weléh teu manggih. Nya kapaksa waé ku daun kanyéré. Éta leungeun kawung nu geus dipagas téh, heg disusut ku daun kanyéré, ana ulah loba teuing gegedohna. Minangka obat doktorna meureun mun ayeuna mah.

Jaba ti éta, lahangna diraru. Sok akar kawao diasupkeun kana lodongna sanggeus dipuput téh. Gen ditagenkeun dina leungeun kawung. Enya rada saleuheung lahangna teu haseum teuing.

Beuki lila éta kawung téh beuki pikalucueun. Lahangna teu haseum sarta beuki jugrah baé. Sapoé-sapeuting dua lodong téh aya kana dua bonjoreun mah, nitih salodong sabonjor. Mucekil pisan sakitu téh.

***

TAH harita aya pamundut ti Ratu di nagara téh. Punduh Cakra dina hiji poé datang ka Aki. Cenah, Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat mundut dipangdamelkeun gula ka unggal somahan ti wewengkon Taraju jeung Salawu nu sok nyadap. Di désa Mandalasari nu kapeto téh nya Aki pisan. Tangtu Juragan Kuwu nu nuduhkeunana téh, da piraku Kangjeng Dalem uningaeun onamaning.

Beu ambeu, Aki téh dipundutan ku Ratu geuning, kudu nyieun gula sireum jeung gula kéréncéng. Pagawéan nu bangga éta téh. Tapi sakumaha banggana ogé, da dawuh Ratu, piraku bet dipagak, tangtu diéstokeun pisan. Apan cenah “guru-ratu wong atua karo, wajib sinembah.”

Tegesna Ratu nu boga nagara katut uteuk-tongo-walang-tagana, piraanan mundut gula sireum jeung gula kéréncéng,cek Aki téh. Malah bungah nu aya, duméh kapercaya ku ménak ti dayeuh.

Éh poho, éta, nu dipundutan gula di désa Mandalasari téh lain Aki wungkul. Duaan jeung Ki Tasrip nu boga kebon kawung pohara legana. Kawung nu jadi kaagulanana, ku manéhna dingaranan Kawung Juuh, éta meureun pedah lahangna juuh pisan, jugrah.

Jigana rék dipriskeun Aki jeung Tasrip téh, mana nu leuwih bisa nyadap jeung nu bisa nyieun gula. Atuh tangtu waé Aki enya-enya mah, sieun éléh, sieun isin ku Ratu.

Kabeneran kawung nu tadi téh keur purug, leungeunna kuat satilu-tilu. Disadap kabéhanana. Atuh Aki téh aya harepan, lantaran lahangna geus beunang dipercaya téa. Jadi baris meunang lahang nu hadé tur loba. Cek angkanan harita, upama Aki meunang pris ti Ratu, Kangjeng Dalem, éta kawung téh rék dingaranan Kawung Ratu.

Dina enggoning nyadapna harita, éstu sagala élmu Aki paméré ti nini-aki diketrukkeun kabéh. Boh jangjawokan boh kias-tarékahna sangkan meunang lahang loba tur alus, kabéh dijalankeun. Ieu téh awahing hayang kaanggo ku Ratu baé.

Waktu lahang nu ditaheur keur nyengka, pok Aki ngaharéwoskeun jangjawokan. Kitu deui waktu geus rumamat.Tuluy dijait. Ti dinya terus diguis. Terus diguis henteu dicitak, lantaran apan rék nyieun gula kéréncéng jeung gula sireum téa.

Sajeroning ngaguis, Aki teu poho mapatkeun jangjawokan karuhun, ménta sangkan gulana kamanah ku Ratu, sing bodas-ngeplak gula sireumna, sing ulah tutung-atahan gula kéréncéngna.

Taksiran paneda Aki téh diijabah. Éta baé hasilna cek Aki mah éstu nyugemakeun pisan. Tuluy ditorosan dihadé-hadé, sangkan engké di mana aya nu ti désa, kari sok.

Waktu Ki Punduh Cakra datang rék nyokot gula haturan Kangjeng téa, bari ngasongkeun téh teu poho Aki mapatkeun jangjawokan minangka pangjajapna, ambéh gulana dipiasih ku Ratu, kamanah ku ménak.

Lila Aki ngadagoan béja ti dayeuh. Aya kana dua Jumaahna, sarta dina hiji poé, Punduh Cakra datang deui.

Pokna: “Ki Sukarma, gula kéréncéng jeung gula sireum téh geus katampi ku Kangjeng Dalem. Jigana mah kapuji ku anjeunna. leu kuring masrahkeun suratna …”

Bari ngadégdég Aki nampanan éta surat. Aksarana aksara Sunda. Heg ku Aki dibaca. Mun teu salah kieu unina téh:

“Ki Sukarma di Babakan Kiara, désa Mandalasari. ieu kula Dalem Tasikmalaya, Wira Tanu Ningrat, méré béja yén gula ti anjeun geus katampa sarta kapuji hadéna.

Dina ieu surat kaula méré duit, lumayan pikeun dipaké jimat ….”

Kitu asana éta eusi surat téh. Enya éta surat téh dibarengan ku duit sabénggol. Bener sabénggol, teu kurang teu leuwih.

Upama diitung ku harga gula mah, duit sabénggol téh, wah teu kabual. Rugi malah. Tapi ngingetkeun, yén éta duit téh – sanajan ngan pangaji sabénggol – citresna ti nu jadi Ratu, bungah nu aya. Sarta sakumaha dawuhanana yén éta duit kudu dijieun jimat, ku Aki teu digasab, diteundeun didama-dama pisan.

Ti harita kawung nu tadi téh dibéré ngaran Kawung Ratu. Kabéh urang désa Mandalasari, nepi ka désa Puspahiang ogé geus nyarahoeun, yén Aki meunang pris. Pris kahiji malah di sa-Salawu ogé.

Dina hiji peuting bet éta kawung téh kaimpikeun. Dina itungan nu kadeuleu harita, éta kawung téh bet leungeunan sarta sirahna saperti awéwé, pohara geulisna. Kitu lah jiga burok, ngan awakna lain kuda, tapi kawung. Ngong éta burok kawung téh ngawih anu maksudna ménta ka Aki persénan ti Ratu.

Anggeus ngawih, ana koréjat Aki hudang. Bet maké muringkak bulu punduk. Inget harita malem Jumaah kira wanci janari leutik.

Kaganggu ku mikiran impian, Aki teu saré deui. Nyileuk baé. Ceuk haté: Enya Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng téh mundut persénan ti Ratu geuning. Jeung ahirna, sanggeus dipikir dibulak-balik, gilig wé haté téh, yén duit sabénggol nu ti Ratu téa, rék dibikeun ka Kawung Ratu. Da enya mana kitu ogé, hakna.

***

KACARITAKEUN isukna, rebun-rebun kénéh, Aki geus indit bari mawa duit bénggol, rék ngajalankeun niat téa. Tah harita meunang kareuwas nu pohara téh. Ti kajauhan geus katémbong, yén di handapeun Kawung Ratu aya 12 jelema. Ana ditelek-telek, geuning éta jelema téh nu rék deleka, da keur ngagedék baé nuar Kawung Ratu. Nataku Aki séwot na, sérépét nyabut bedog panjang bari ngagorowok:

“Sia rék nuar kawung aing, hah? Hayang dicacag?”

Jelema nu aya di handapeun kawung gancang ngalieuk. Masya Allah geuning manéhna téh Ki Tasrip téa. Enya Ki Tasrip nu éléh pris téa. Tah barang manéhna neuleu beungeut Aki, gancang manéhna mabur, lumpat tipaparétot. Ku Aki meunang sawatara pentangan mah diudag, tapi teu kebat, da cek ingetan karo-karo burung. Tuluy wé balik deui kana kawung.

Diilikan tapak kampak dina tangkal Kawung Ratu téh, hadéna can pati jero. Leuh diwaaskeun upama Aki teu gancang-gancang ka dinya, kana lapur tah kawung téh. Mangkaning kawung geus ngaronjatkeun darajat Aki di désa, malah julukan Kawung Ratu ogé geus kawangikeun, Piraku wé mun teu mentegeg upama aya nu nuar téh.

Kaharti ku Aki, Ki Tasrip téh sirik, pedah kawungna teu meunang pris. Kawung Juuh-na éléh ku Kawung Ratu. Ari kituna mah, nya sarua waé meureun jeung Aki, manéhna ogé hayangeun kamanah ku ménak, hayang kaanggo. Tapi nasib hadé aya di Aki. Banget-banget Aki nganuhunkeun ka Pangéran jeung ka para karuhun nu ngawaris jangjawokan jeung élmuning kias tarékah téa.

Éstu jadi udagan Aki, jadi udagan saréréa, hayang jadi somahan anu hadé téh. Da ngarumasakeun hirup digeugeuh ku ménak. Maksud Aki téh di dunya. Jadi aya barang kinasihan, upama dipundut atawa dipikapalay ku nu ngaheuyeuk nagara mah, tangtu disanggakeun kalawan kabungahan.

Katurug-turug Aki percaya pisan, yén dawuh Ratu mah sok saciduh metu, sabda ménak sok saucap nyata téa. Aki yakin, ku kaanggona gula kéréncéng jeung gula sireum tina Kawung Ratu, bakal aya karasana kana kahirupan Aki. Buktina éta Kawung Ratu téh beuki jugrah baé lahangna.

Tah nya; kacaritakeun duit bénggol nu ti Kangjeng Dalem ku Aki diasupkeun kana haté Kawung Ratu. Mimitina mah rék di béh handap baé, kabeneran aya urut kampak téa. Ngan dipikir, bisi aya nu manggihan. Ku lantaran kitu térékél naék kana sigay; kira sadeupa deui ti pucuk, heg molongoan tangkalna, bes bénggol téh diasupkeun bari ngomong:

“leu Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, kuring nyanggakeun kagungan, mugi ditampi ….”

Ti harita Kawung Ratu téh dieusi bénggol jimat. Anéh karasana ku Aki asa aya komaraan sanggeus kitu téh. Euh tangtu perbawa jimat ti Ratu, cek haté.

Isukna Aki meunang béja pikareuwaseun. Majah Ki Tasrip geus maot ngagantung manéh dina tangkal Kawung Juuh. Inna lillahi, cek haté. Manéhna maot lantaran éléh pris meureun. Éléh berjuang cek basa ayeuna mah, berjuang sangkan kaasih ku Ratu. Teu ngabibisani, cacak mun Aki éléh ogé, kana kawas manéhna. Ngan teuihg kétang ari kudu ngagantung manéh mah. Nu tangtu, boga perasaan teu bisa jadi somahan nu hadé mah, pasti aya.

***

UJANG, NYAI, geuning maranéh téh ngabandungan omongan Aki bangun pogot kitu? Naha ramé pangalaman Aki téh? Asa teu pira pilakadar ngadongéngkeun kawung! Panjang soténan dipanjangkeun ku Aki, itung-itung Aki mulangkeun deui panineungan ka mangsa baheula. Da ari lalakonna mah pondok pisan.

Jigana, tangtu Ujang-Nyai ogé boga kahayang cara Aki. Hayang jadi somahan – rayat meureun cek basa ayeuna mah – nu hadé. Enya? Piraku baé mun henteu téh. Ari lantaranana apan urang hirup téh éstu kapurba ku ménak. Cek ayeuna mah meureun ku Bapa-bapa Pamingpin. Tina hal ieu, Aki yakin pisan, yén tangtu sarua, mo béda. Upama geus béda, nya béngkok sembah tangtu bakal aya mamala. Nagara bakal kacrut werit jeung ilang dangiang, lantaran somahanana geus malungkir ka nu jadi ratuna. Naudubillahi mindalik!

Ku lantaran kitu, waktu dina hiji poé Aki kadatangan jurungan ti kacamatan, yén Juragan, éh Bapa Camat, mundut gula galeuheun, ku Aki téh éstu disanggupan pisan. Ras inget ka jaman baheula. leuh, Aki mah teu ngawiji-wiji ka nu jadi ménak téh. Teu pedah jaman baheula teu sarua jeung jaman ayeuna. Sarua baé. Ménak mah ménak baé, sanajan ayeuna geus ganti ngaran ogé, da hakékatna mah moal béda.

Kira dua minggu ka tukang, waktu Aki néang leungeun Kawung Ratu, manggih pangalaman nu matak ngajenghok. Nya éta deukeut tangkal kawung geus aya calecer. Beu, cek haté, tangtu ieu téh calecer ti Désa nu rék ngalegaan jalan. Ari disidik-sidik, sihoréng calecer téh ayana béh di tueun kawung. Harita Aki ngaheruk lila pisan, rét kana Kawung Ratu, rét kana calecer.

“Emh, deudeuh teuing Kawung Ratu, meureun manéh téh bakal dituar da jalan rék digedéan,” cek haté. Nya éta atuh, ku hanjakal Kawung Ratu téh jadina méh dina kuta pisan, jadi kasipat ku calecer téa.

Pohara Aki sabilna. Ras inget kana pamundut ti Juragan Camat. Ras inget deui kana paréntah ti désa. Mangkaning kawung Aki téh ngan tinggal Kawung Ratu wungkul. Jadi pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, Aki satadina mah ngandelkeun ti Kawung Ratu. Tapi harita rék dituar, titahan ti désa.

Ari nu matak sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Apan Désa jeung Kacamatan téh sarua baé kudu diturut paréntahna. Boh Juragan Kuwu, boh Juragan Camat, sarua ménak nu wajib sinembah téa.

Aya nu matak ngarugikeun Aki téh. Nya éta upama paréntah ti Désa diturut. Atuh meureun mun dituar, kana leungit pakasaban Aki nu baku. Tapi kumaha da éta paréntah nu kudu diturut.

Upama teu diturut, beu aya kudua atuh Aki téh nyontoan ka nu ngarora. Apan tadi ku Aki geus dicaritakeun, yén upama kitu, béngkok sembah téa. Éta Aki teu niat, bararaid teuing!

Tapi Aki perlu ku éta kawung. Kahiji keur pakasaban Aki, kadua keur nedunan pamundut ti Kacamatan téa. Keun ari pakasaban Aki mah, teu penting, tapi éta pamundut ti Kacamatan.

leuh Ujang-Nyai, karasa bohongna omongan Aki nu pangahirna bieu? Majar keun ari pakasaban Aki …. Ah, nyéta atuh Ujang, Nyai, sabener na Aki butuh pisan ku éta kawung téh. Éta téh hirup Aki, Ujang, Nyai. Upama euweuh éta kawung meureun Aki beuki kokoro.

Jadi sarua pentingna, boh pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, boh pikeun kahirupan Aki sorangan.

Beuki dieu pamundut ti Kacamatan beuki mereg bareng jeung paréntah ti Désa sangkan Kawung Ratu gancang dituar. Duanana paréntah ti ménak, duanana kudu diturut.

Ari peuting tadi bet éta Kawung Ratu téh kaimpikeun deui. Da enya atuh, nepi ka Aki mah boga anggapan, yén éta kawung téh lain sakawung-kawungna, éstu titisan Nyimas Jubleg Ireng nu asalna tina daging jeung getih Dewi Sri urang kayangan. Ku lantaran kitu pangrumat Aki terhadep éta kawung, pohara enya-enyana, dipusti-pusti pisan cara ka jelema baé.

Enya, éta kawung téh peuting tadi kaimpikeun deui. Dina itungan, manéhna némbongan ngarupakeun hiji putri nu maké pakéan sing sarwa bodas. Heg ngagupayan ka Aki. Ari disampeurkeun, bet kadéngé manéhna ngawih, pokna:

“Pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring digupay ku langit,

pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring ditundung ku bumi.”

Jigana mah geus terus rasa ka manéhna, yén moal lila deui manéhna rék dituar mana kaimpikeun kitu ogé. Geus boga wirasat, yén lalakonna téréh tamat.

Impian peuting kamari meureun minangka iber pileuleuyanana.

Aki jeung manéhna téréh papisah. Beurat puguh gé. Ngingetkeun geus kalilaan babarengan, sakaduka-sakasuka, asa jeung dulur pet ku hinis baé.

Ayeuna Aki pohara baluwengna, sabil nu taya papadana. Ras inget Kawung Ratu daék teu daék kudu dituar. Leuh, mun dituar téh meureun sarua jeung maéhan jelema, cek Aki mah. Dosa jeung teu kaduga.

Coba kumaha timbangan Ujang jeung Nyai, lamun maranéh nyanghareupan perkara kieu? Inget kana papatah “guru, ratu wong ‘atua karo wajib sinembah,” inget kana pangabutuh sorangan jeung inget yén nu kudu dituar téh Kawung Ratu pisan nu ku Aki dianggap jelema nu boga nyawa.

Ayeuna lalay geus mimiti ka luar. Geus méh sareupna. Nyanghareupan peuting, engké, pohara wegahna, lantaran isuk kudu aya putusan. Isuk gagasan leungeun kawung geus waktuna dibuka, lahangna geus kerep nyakclakanana. Pamundut ti Kacamatan bisa ditedunan upama Kawung Ratu teu kudu dituar.

Rék kumaha ieu leungeun Aki isukan? Naha ngecékkeun kampak kana tangkalna nepi ka kawung jadi pogor atawa nagenkeun lodong kana leungeun kawung …. Éta can kapikir ku Aki, tapi kuma isuk baé. Engké peuting Aki rék mikir.

***

KITU kira-kira obrolan Aki Sukarma ka kuring kamari téh. Nyaritana éstu binarung rasa jeung dareuda haté. Persualan nu disanghareupanana pohara beuratna. Kuring gé teu bisa mutuskeun kudu kumaha manéhna téh, naha kudu nyadap atawa kudu nuar kawung.

Tapi poé ieu pisan, tadi isuk-isuk, manéhna geus mutuskeun sorangan. Manéhna geus ngajawab persoalanana pribadi. Jigana mah meunang mikir sapeupeuting. Yén kudu kitu.

Tadi isuk-isuk, kuring bareng jeung urang kampung Babakan Kiara ngahaja nepungan manéhna ka Kawung Ratu.

Barang datang ka handapeun kawung, méh kabéh taya nu kuat tanggah. Kabéh ngaheruk.

Rét kuring kana tangkal kawung. Aya tapak ngadék, tapi can patijero. Kampakna ngagolér dina taneuh, teu jauh tina puhu sigay. Sanggeus kitu lalaunan panénjo kuring mapay sigay ka luhur suku Aki Sukarma geus ngagulayun.

Cek haté: Poé ieu geus leungit hiji tukang nyadap kahot nu geus ka koncara di désa Mandalasari anu ngaran Aki Sukarma.

Jeroning kitu kuring asa ngadéngé nu ngawih ti lebah tangkal kawung. Sorana gaib naker:

“Pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring digupay ku langit,

pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring ditundung ku bumi ….”***

Tina Sawidak Carita Pondok / Manglé No. 67 Bulan Mei 1963

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: