uaduq

Archive for the ‘dongengek’ Category

mangsa nini-nini pangored leungit kored

In capruk, dongengek on December 9, 2008 at 10:13 am

kamari, kuring balik ti kota ka lembur. ngahaja. niiskeun pipikiran nu geus ngaheang. meper uteuk nu terus ngagulak. mikiran hirup salila di kota. kabiasaan kuring lamun isuk-isuk, sok nguriling. leuleumpangan. olahraga caritana mah. ngalempengkeun urat bitis. komo ieu keur di lembur, najan geus loba ngurangan, warna hejo masih keneh leuwih loba tinimbang di kota. anjog ka sisi lembur, keur jongjon ngalengkah, bari uleng ngalamun, bari luak lieuk ningalikeun titingalian sapanjang jalan, kagareuwahkeun ku sora ngabangingik. sada nu ceurik, awewe. inget, lebah dinya teh memang aya imah bilik leutik. nu dicicingan ku hiji nini-nini. nu najan geus tokroh-tokroh angger haget lamun aya nu ngajak ngoyos di huma. ngabersihan gulma: jujukutan, nu bakal ngaganggu tangkal pepelakan make kored. asal sora nu ceurik memang ti lebah imah si nini. imah nu ti jajalaneun ukur kahalangan ku jajaran dapuran awi tamiang. Read the rest of this entry »

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.